Penulis: Eulis. H. Saputra

Eulis. H. Saputra
Ku: Eulis. H.
Saputra
(KACI/ PATREM/GEME'S)
"Utamakan
Bahasa Indonesia
Lestarikan Bahasa
Daerah
Kuasai Bahasa
Asing"
Ieu teh mangrupa
hiji slogan minangka sikep basa, nu diembarkeun minangka papayung ti Pusat
Pembinaan Bahasa dan Sastra Kementrian Pendidikan Kebudayaan Riset dan
Teknologi.
Slogan nu matak
mincut, umajak sakumna panutur basa sa-Indonesia sangkan ulah asa-asa make basa
luyu jeung kamampuhna. Daria tur reueus bisa silaturahmi kalayan hade, bener
tur sigep ngalarapkeun potensi basa nu dipimilikna dina gunem catur pakumbuhan
boh di lingkungan kulawarga sumawonna di lingkungan masarakat.
Pupujuhkeun basa
Indonesia
Mumule basa daerah
Cangking basa
deungeun
Eta tilu sikep
motivasi berbahasa dibeungkeut ngahiji sangkan jadi kompetensi nu kudu
dipibanda sakumna rakyat Indonesia. Nu geus diwewegan ku undang-undangna. Aya
palanggeran nyata nu netelakeun ngeunaan
kalungguhan basa Indonesia, daerah, jeung
basa deungeun.
Di Jawa Barat,
basa Sunda jentre pisan direngkolkeun dina Perda Jawa Barat No. 14 tahun 2014.
Nu netelakeun perobahan Perda No. 5 Tahun 2003 Basa, ngeunaan Pemeliharaan
Bahasa, Sastra jeung Aksara Sunda.
Kalungguhan Basa Sunda
minangka basa daerah, jadi ciri masarakat Jawa Barat Minangka basa resmi keur komunikasi pikeun
sasama panyatur basa di wewengkon Jawa Barat, khususna keur urang Sunda. Basa
sapopoe nu sah dipake pikeun kagiatan formal, nonformal, atawa informal.
Tanggal 21
Februari geus ditetepkeun ku UNESCO minangka poe basa Indung sa-dunya. Rebuan
basa Indung nu masih hirup hurip di masarakat
panyaturna dina poe ieu sawadina diramekeun. Ubyag dipake dimamana ku sewang-sewang kulawarga.
Boh sacara lisan atawa tulisan, dina rupa-rupa media komunikasi. Jati jajaten
walagrina basa. Henteu hamham atawa asa-asa, komo era mah.
Poe ieu, Senen 21
Februari 2022, marengan mieling Poe Basa Indung sa-Dunya. Bisa jadi poe
kareueus keur sakumna warga Jawa Barat, hususna urang Sunda.
Poe basa Indung,
sakaligus bahan tafakureun keur sarerea. Naha enya masarakat Jawa Barat galecok
gunem caturna ku basa Sunda?
Basa teh apanan
ciciren bangsa. Leungit basana, tangtu leungit budayana. Sabab budaya bangsa
katangen dina budaya basana.
Pagedugna antar
budaya dina jaman teknologi mesat ngajomantara, bisa jadi syiar basa. Silih wanohkeun istilah nu bisa jadi
pangreureuah ngajembaran kabeungharan kecap dina kancah komunikasi antar suku
bangsa jeung nagara.
Teu aya nu
mustahil upama bisa silih serep. Apanan basa mah sifatna arbitrer, mana suka.
Salila dipikaharti, luyu jeung budaya bisa silih wanohkeun keur tumaninahna
komunikasi.
Kamekaran basa
Sunda bisa euyeub ku rupa-rupa istilah. Motekar pikeun make basa Sunda bisa
dipaluruh tina budaya nu aya di Jawa
Barat. Sanajan henteu unggal kulawarga miboga kamus basa Sunda teu matak
ngurangan jiwa merdeka keur nguniangkeun rasa Sunda.
Istilah-istilah
kasundaan nu geus carem bisa diguar deui, dihirup huripkeun deui, diwaranohkeun
deui. Utamana dipatalikeun jeung kamekaran zaman, kitu deui dina istilah
teknologi, atawa paelmuan liana.
Perumahan nu
jlug-jleg anyar diwangun di tatar Jawa Barat bisa payus merenah mun tetep
dingaranan luyu jeung alam Jawa Barat, atawa sajarah budaya nu aya di Jawa
Barat. Hal nu ieu mah bisa dipaluruh, disarungsum ku rupa-rupa kasangtukang
hasil budaya Jawa Barat.
Istilah kasundaan
jadi gengsi mandiri nu bisa karasa keur letah urang Jawa Barat hususna. Umumna
keur sakabeh warga Jawa Barat.
Teu semet eta, 21
Februari jadi totonden keur urang sarerea. Mularasa basa teh geuning sakitu
babarina, asal daek jeung wani ngucapkeunana. Sabab, unggal jalma miboga
kamampuh keur mibanda leuwih ti dua basa. Boh kamampuh dina make basa daerah,
atawa basa deungeun.
Pertanyaan nu jadi
panganteur mapag poean poe basa Indung sa-dunya.
Jawa Barat galecok madungdengkeun basa Sunda atawa urang
Sundana?
Naha
madungdengkeunana ku basa Sunda?
Matak gemes mun
basa Sunda bisa ngainternasional teh.
Gemes mun bisa
ngadumaniskeun, atawa ngolaborasikeun sababaraha basa jadi kabeungharan kecap
anyar nu merenah tur hade. Payus tata titi etikana katut leleb rasa basana.
Gemes hayang urang
Sunda bisa marake basa Sundana kalayan bener tur merenah
Gemes hayang
ngadangu basa Sunda dipikawanoh deui ku
nonoman Sunda
Gemes basa Sunda
nguniang ngagalindeng dina lagu-lagu kaheman
Gemes basa Sunda
jadi andelan di unggal kagiatan masarakat, sakola, kantor jeung pamarentahan.
Gemes ka urang
Sunda nu nyunda.
#SABISA-BISA KUDU
BISA#