Penulis: Yadi Triyadi

Yadi Triyadi
Ku Yadi Triyadi
(Tendik SMAN 1
Cisayong Tasikmalaya)
Wanci pasosore
kuring ngalangeu di tepas imah, ngalamun kosong. Panon poe lingsir ngulon,
mayapada ngagebray dipapaes ku katumbiri. Angin ngadalingding muka lalangse
carita nu hamo laas kalindih ku mangsa. Pipikiran jadi baluas, ras inget keur
zaman bangor, nalika sakola di Sakola Dasar (SD). Di Cisayong padumukan kuring
tempat ngaji diri lemah cai kabanggaan.
Kuring dididik ku
panyarek jeung paneunggeul. Baheula mah rarasaan teh asa teu adil, di mana aya
kasalahan leutik pasti beunang ku panyarek kolot, angot lamun kasalahan na gede
mah geus pasti panggebug nyasar kana bitis. Tapi ku lantaran eta meureun nu
matak kuring apal kana adab jeung tatakrama. Ti leuleutik kuring diatik pikeun
ngajenan ka saluhureun, mikaheman ka sasama, tur mikanyaah ka sahandapeun.
Hampurana ka “generasi
android”, rumasa kuring rada nyindiran. Da bongan aranjeun katungkulkeun teuing
ku gaya hirup bari jeung teu dibarengan ku tatakrama. Sakola tapi teu nyakola.
Conto leutik, adab-adaban ngahormat ka saluhureun, nu baheula mah aya budaya ‘sun
tangan’, kiwari dirobah jadi ngarawu leungeun laju ‘dijedakkeun’ kana pipi
atawa kana tarang. Ieu adab-adaban duka di mana atawa iraha robahna?
Lantaran kuring
aya di lingkungan atikan, hal ieu mungguh sok jadi bangbaluh, kumaha
ngaihtiaran nana sangkan bisa malikkeun deui tatakrama warisan kasopanan urang
Sunda. Kuring oge rumasa yen kuring mah lain jelema bener. Ti keur budak oge
kawentar jalma bangor, jajauheun kana picontoeun mah. Tapi lamun nitenan
kaayaan barudak android zaman kiwari, sok ngarasa cikeri, najan teu sakabehna
kitu. Barudak zaman kiwari mah sigana teh geus parohoeun kumaha kuduna uluk
salam, sok komo hayang paheula-heula nyium panangan anu jadi guruna. Padahal
eta pisan jalan keur jembarna elmu nu keur disuprih di sakola.
Di mana aya nu
salah, mudah-mudahan aya nu ngageuing. Nya kuring oge nemprakkeun ieu kahariwang
teh dina raraga silih elingan. Silih geuing nalika aya lampah anu salah, oge
sikep anu kurang tumaninah. Dirojong pangdu’a, mugia Alloh nyubadanan kana
sagala tarekah urang dina ngajegkeun adab tur tatakrama urang Sunda anu leket
jeung tungtunan agama islam. Hayu urang naratas deui jalan pikeun nanjerkeun
budaya sinareng tatakrama Sunda. Hirup silih ajenan jeung sasama, hormat ka
saluhureun, mikanyaah ka sahandapeun. Sim kuring yakin yen ku upaya
sabilulungan mah, sagala masalah oge pasti bisa katungkulan.
Hapunten nu
kasuhun bok bilih aya cariosan anu garihal tur teu merenah dina nempatkeunana,
mugia jembar pangampura…, cag!
Cisayong, Rewah
katompernakeun