BASA INDUNG WARISAN TRADISI ATIKAN KULAWARGA

Penulis: Eulis Saputra

Dibaca: 276 kali

Eulis Saputra

Ku: Eulis Saputra

(Komunitas Cinta Indonesia)

 

Poe basa indung Internasional, ditetepkeun ku Unesco saban tanggal 21 Februari. Hiji anugrah pikeun ngangkat darajat jeung  ngingetkeun yen di sewang-sewang wewengkon di unggal nagara miboga basa indung. Aya panutur asli anu jejem keneh miara basa asalna. Henteu ngaluli-luli kana basa indungna. Sarta tetep parigel tur pasehat marake basa indung.

Ku kituna dipiharep dina tanggal ieu,  sakumna masarakat di sa-dunya sapoe ngaharajakeun ngalarapkeun basa indung di lingkungan panutur aslina kalawan reueus dina rupaning kagiatan gunem caturna.

Basa indung teh hiji istilah. Upama dipapandekeun mah  lir ibarat  kokocoran huruf, engang, kecap, kalimah, paragraf nepi ka ngawangun hiji ungkara wacana nu  dianggap lahir tina rahim indung. 

Nilik tina rendonan kecapna katangen, ngantet aya dua kecap nu ngandung hiji makna, Basa Indung.

Basa indung teh basa tradisi nu mimiti medal dipake pikeun tutur saur, paguneman sapopoe di lingkungan kulawarga pikeun  patalimarga komunikasi. Dipakena bisa dina wangun lisan atawa tulisan.

Mimiti nerapkeun ucap dina ngalatih budak sangkan surti kana basa tur bisa nyarita. Nalika dipepende, dipangdongengkeun, ngobrol, ngolo, nyaram, miwarang, nepi ka capetangna. Ngolah basa dina paguneman langsung boh teu langsung make basa tradisi sapopoe nu sacara umum dipisurti di hiji wilayah.

Basa Indung disebut oge basa daerah. Basa indung gumulung jadi ciri, identitas daerah. Rupaning ciri nu katangen  dina basa Indung atawa basa daerah, nya eta ku ayana undak-usuk basa. Larapna dina hirup kumbuh masarakat mah sarua bae jeung basa nasional. Ngalarapkeun etika basa, rengkuh, pasemon, wirahma, katut lentong.

Basa Indung di Jawa Barat nya tangtuna  basa daerah nu dipake ku masarakat di tatar Sunda, nya eta basa Sunda.  Basa daerah Sunda ieu merenah upama jadi ajang atikan kaparigelan basa keur masarakat di tatar Sunda,  boh di lingkungan kulawarga Sunda, boh lain Sunda.

Naha make kudu aya poe basa indung sagala?

Hal ieu teu lesot tina sababaraha rasa kahariwang. Wireh aya kamandang dina pagaliwotana palatimarga basa nu ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Dina rupaning media sosial antar suku, bangsa, katut nagara nu mingkin nyedek, ngangsreg  silih sigeung, silih torobos lar sup ka unggal komuni. Jadi hiji angkeuhan bakal mawa pangaruh kana kaajegan hiji basa. Onjoyna bisa nambah kabeungharan kecap, hengkerna basa indung bisa kapopohokeun, kusabab arang midang  di pentas balarea.

Hal ieu ku sabab aya erongan yen pentingna mikaharti tur miwanoh hiji basa sejen nu bisa jadi panghubung silaturahim, ngahijikeun pola pikir, gagasan,  rasa, jeung cita-cita. boh keur kapentingan paelmuan, boh bisnis, atawa keur kapentingan-kapentingan  lianna. Basa nasional atawa basa internasional jadi leuwih komunikatif.

Tah ku ayana pajamanan nu mingkin  maju, media basa dina teknologi digital nu melesat, ngarambah sadunya. Peran basa oge jadi ngilu ngabelesat. Merlukeun hiji alat tutur nu hebat, nu bisa dipake jadi jambatan panyaturna kalawan leuwih manjing. Basa Arab, Inggris, Cina, Rusia, Perancis geus jadi basa internasional.  Jadi basa nu wajib  dipiwanoh, dipake dina ajang silaturahim internasional. Sok sanajan dina emprona mah upama dina rundingan kanagaraan sok disadiakeun panumbu catur oge. Tetep dina enas-enasna mah kudu ngawasa basa sejen sangkan nyambung teu tinggaleun warta.

Geus karuheun basa nasional mah. Di Indonesia anu sakitu pepekna nu rupaning suku bangsa, tangtu beunghar oge ku basa daerahna. Masing-masing hirup jadi panumbu catur di daerah-daerahna. Pikeun urusan kanasionalan mah nya basa Indonesia jadi pameungkeutna.

Tapi, ku ayana tungtutan jaman ieu tea,  teu saeutik nu ninggalkeun basa asalna. Basa indung, leungiteun tapak basana,  kusabab ngudag kana kaperluan komunikasi publik tea. Ngalap kalaziman nu dipikarti tur dipikaweruh ku balarea. Sangkan nu ditepikeun teu pasalia maksud.

Tangtu ieu jadi bangbaluh, kahariwang ti para panyatur basa indung anu satia, inggis ku bisi rempan ku basa. Inggis bisi basa daerah kapopohokeun ayana. Rempan kasilih ku basa lain, nu antukna basa daerah tumpur lastari, leungit, ilang musnah dina caturan hirup kumbuh masarakatna.

Keur panutur asli basa Sunda nu aktif mah,  teu pati ngemut penting henteuna basa Indung. Sabab geus ngabaju jadi kabutuhan dasar komunikasi sapopoe. Ieu kapampuh nyarita jadi kaparigelan tambahan keur nu makena. Togmol dina ngimpi, ngadu'a ka Gusti Alloh, nerap dina komunikasi lahir jeung batin.

Di Indonesia mah sabenerna urusan basa mah geus teteg, teu matak galideur, teu kudu kariwang ilang,  apanan geus direngkolkeun dina UUDna. Kitu deui di Jawa Barat, urusan basa, sastra jeung aksarana Sunda aya payung hukumna, nya eta Perda No.5 taun 2005. 

Kawijakan nu dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, sangkan nanjungkeun wangun kabudayaan daerah, jadi identitas hiji daerah, panghubung antar warga masarakat di daerah, oge  pangrojong kabeungharan sastra daerah jeung nasional.

Salila masih aya nu reueus keneh jadi urang Sunda, make keneh basana, diajarkeun keneh di sakola, reang keneh di pasar, di kantor, terminal, di mol, di tempat-tempat umum lianna, ku nu marake basa Sunda, moal hariwang tumpur. sigana basa Sunda bakal tetep hirup jeung hurip di tatar Jawa Barat.

Tinggal ayeuna para gegeden, pimpinan pamarentahan,  nonoman, masarakat panutur asli tur penggiat basa naha bisa sauyunan mageuhan deui fungsi basa daerah atawa basa indung?

#KACI SAGALA BISA#

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...