Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
Hiji kareueus keur
hiji bangsa upama basa nagarana sumebar tur diaku jadi basa nu legal dipake
dina kagiatan-kagiatan internasional.
Can lila ieu basa
Indonesia dikukuhkeun jadi basa Internasional nyanding jeung basa lianna nu
leuwih ti heula jadi basa internasional, siga basa Inggris, Mandarin, Spanyol,
Perancis, Arab, Rusia.
Ieu hal diatur
dumasar katangtuan tur kasepakatan dunya. Diantarana lobana penutur nu maké éta
basa luyu jeung kaperluan komunikasi antar bangsa.
Pon kitu deui basa
daérah, basa Sunda di Jawa Barat.
Basa nu jadi
ikonna urang Sunda.
Basa Sunda lain
saukur basa gaulna urang Sunda, tapi ogé jadi basa resmina Jawa Barat. Sok
dipaké jadi basa panganteb nyelap dina kagiatan-kagiatan resmi, pikeun
nandeskeun hiji tujuam.
Kitu deui dina
kagiatan di masarakat. Baurna basa daerah jeung basa Indonesia teu jadi soal
salila bisa numuwuhkeun rasa kekeluargaan mah. Suasana jadi hegar ku guyonan
basa Sunda.
Basa Sunda sok
dipapandékeun, identik jeung basa
heureuy, basa keuheul, basa rasana urang Sunda dina ngébréhkeun eusi haté,
pikir jeung naon rupa nu dikemu dina dirina.
Pangajaran basa
Sunda di sakola-sakola di Jawa Barat
jadi luluguna keur ngatik budi pekerti dina kagiatan kabahasaan.
Hiji kareueus,
dina mangsa kiwari dina pagaliwotana komunikasi, basa Sunda teu ilang
komarana.
Di saban tempat
remen keneh ngadangu masarakat gunem
catur dina basa Sunda
Mieling Basa
Indung sa-dunya, diantarana miéling Basa Sunda,
lain saukur nyumponan kagiatan seremonial, tapi bari jeung enyana tetep
hurip dina pakumbuhan masarakatna.
Basa Sunda teu
diwatesanan pamakéna. Kukituna aya
harepan sing sakur nu hirup kumelendang di tatar Sunda bisa maham tur bisa
komunikasi dina basa Sunda nu pantes tur merenah, di mana baé tempatna. Boh
dina suanasa resmi boh dina suasana teu teu resmi.
Basa Sunda bisa
jadi kareueus minangka panganteur keur
nebarkeun élmu pangaweruh di sakola-sakola. Atawa keur para nonoman nu aktif
bergiat dina rupa-rupa kaorganisasian.
Kitu deui keur
para inohong, pamingpin urang Sunda.
Henteu isin
kacaletot nyarita ku basa Sunda
Dipakéna basa
Sunda teu kawatesanan ku rohang jeung padumukan.
Basa Sunda
minangka basa qolbu urang Sunda miboga ajen inajen tatakrama jeung kaluhungan
budi pekerti.
Pentingna miara
tur ngamumule basa jeung budaya Sunda
jadi tugas urang saréréa, nu ngaku jadi warga Jawa Barat.
Guru-guru basa
Sunda, inohong Sunda, budayawan Sunda, politikus Sunda, pamingpin Sunda,
masarakat Sunda jadi kader conto panyumanget ngahirup huripkeun basa Sunda
sangkan tetep jadi basa indungna manusa Sunda.
Dina raraga Mieling Poe basa Indung sa-dunya, 21 Februari
2024 ieu, basa Indung sing jadi alat pangwaris budaya.
Basa indung, lain
ukur pikeun alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat
rékam nu éféktif kana karancagéan budaya lokal (local genius).
Basa teh fenomena
sosial.
Di tempat anu teu
aya basana, nya tangtuna masarakatna oge moal aya.
Eta téh salasahiji
kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.
Di Indonesia oge
aya ratusan basa Indung.
Kitu deui, di saban
nagara miboga basa indung.
Naha disebut
bahasa Indung?
Hal ieu teu lesot
tina konsep yen sakabeh indung geus
komunikasi jeung anakna ti jero
kandungan keneh. Ti oorok mula hubungan komunikasi guneman batin indung geus
nyambung. Basa Indung diwanohkeun ka jabang bayi boh dina gerentes batin, boh
dina cara nepikeun doa-doana.
Nya ku lantaran
kalintang pentingna basa indung, nepi ka meunang panitén ti masarakat sadunya.
“Poé Basa Indung Internasional” ditetepkeun ku
Unesco unggal tanggal 21 Pebruari.
Salasahiji pusaka
budaya nu boga ajén penting keur masarakat Jawa Barat téh basa daerah; nyaéta basa Sunda, basa Cirebon
jeung basa Melayu Betawi nu masih kénéh hirup tur mekar di masarakat Jawa
Barat.
Basa Sunda, jadi
jati diri identitas daerah Jawa Barat. Jadi basa Indungna urang Jawa Barat.
Tarékah pikeun
ngamumulé, ngamekarkeun jeung ngamangpaatkeun basa daérah-nu sok disebut basa
indung téa-geus diatur dina Perda Jawa Barat No. 5 Taun 2003 ngeunaan
“Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah”.
Dipiharep dina
poeanana urang sadaya masarakat Jawa Barat dina kagiatan komunikasina boh di
sakola, di masarakat atanapi di kantor² instansi pamarentahan ngahajakeun
merenahkeun gunemanana dina basa Sunda anu ngetika, tur hadé.
Bersihkeun basa
Sunda tina runtah-runtah basa anu teu guna.
Bersihkeun pikir ku
guneman anu nyakola
Beresihna pikir,
katangen tina ucap anu kaluar jadi
budaya sehatna urang sarerea. Tumaninah tur merenah gunem catur bari gumbira
sehat tur cerdas maké basana.
Jawa Barat
ngabudaya dina basana
Hurip Sunda!!!
Nanjung basa katut budayana
#basasundanu
urang#