BASA TÉH CICIRÉN BANGSA

Penulis: M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

20 Feb 2022, dalam 3 tahun. Dibaca: 167 kali

M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

Ku M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

(Guru SMA Negeri 1 Mégamendung)

 

Ayana bangsa atawa sélér bangsa téh dicirian ku ayana basa. Aya paribasa nu unina kieu “Basa téh cicirén bangsa.” Leungit basana, ilang bangsana. Kitu deui, basa Sunda mangrupa ciri ayana urang Sunda. Lamun basa Sunda geus teu dipaké deui, leungit tina kahirupan, nya urang bakal leungiteun jati dirina, bisa jadi urang Sunda ogé bakal leungit.

Pangna disebutkeun basa cicirén bangsa téh lantaran kahiji, bisa disawang tina jihat nurutkeun élmu kabudayaan. Kuncoroningrat dina buku Antropologi, nyebutkeun yén budaya téh diwangun ku tujuh unsur. Nya salasahijina téh basa. Ka ngaraning budaya téh nyaéta hasil cipta, rasa, jeung karsa manusa. Lamun baheula taya manusa nu nyiptakeun hiji budaya, tangtuna waé basana ogé moal aya. Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké téh ninggang bakal nyata ayana. Ku kituna, basa téh bisa disebutkeun cicirén hiji bangsa, lantaran nu nyiptakeun basa téh nyaéta bangsana sorangan.

Kadua, alesan pangna basa disebut cicirén hiji bangsa téh bisa disawang tina jihat nurutkeun kajian linguistik. Dina kajian linguistik, aya nu ngaranna kajian psikolinguistik jeung sosiolinguistik. Demi kajian psikolinguitik téh aya dina tataran pribadi nu maké basa. Cindekna, lamun hayang apal kumaha sipat atawa watek hiji jalma, teu kudu hésé, tengetan wé kumaha manéhna ngagunakeun basa. Demi kajian sosiolinguistik téh aya dina tataran masarakat nu ngagunakeun éta basa. Hiji masarakat bisa disawang kumaha gambaranana ngan tina basa nu digunakeun ku masarakat éta. Basa nu digunakeun ku masarakat nu aya di wewengkon basisir tangtuna waé bakal béda jeung basa nu digunakeun ku masarakat nu aya di wewengkon pagunungan, pasawahan, atawa padayeuhan. Tina dua pedaran bieu, bakal kawangun hiji stetment yén basa téh cicirén hiji bangsa.

Katilu, pangna basa disebut cicirén bangsa bisa ogé ditilik tina jihat “Sumpah Pemuda” 28 Oktober. Hiji bangsa nu geus ratusan taun dijajah deungeun, bisa ngahiji téh salasahijina nya ku basa. Hiji bangsa nu asalna pabalatak jeung papisah ku politik de vide et impera, bisa kawangun hiji kakuatan anu linuhung kalawan cukang lantaranana ku hiji basa.

Tina pedaran-pedaran di luhur, nya geus sawadina lamun urang Sunda ngajaga, ngariksa, tur ngagunakeun basa Sunda. Ku kituna, hususna ka urang Sunda geus sakuduna ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi sapopoé, satungtung anu jadi mitra caturna sarua urang Sunda. Teu kudu ngaraos seunggah atawa géngsi nyarita ngagunakeun basa Sunda, da jadi urang Sunda téh geus mangrupa nugraha ti Mantenna. Tangtuna waé, pikeun bukti urang sukur ni’mat ditakdirkeun jadi urang Sunda téh, nya kudu ngamumulé basa jeung budaya Sunda.

Pakanci rék tumpak kuda

ngaliwatna ka Bekasi

tong géngsi ku basa Sunda

mun sedep kénéh tarasi

Cag...!

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Semangat Revitalisasi di Mata Angkie

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...