BUDAYA SORANGAN ENGGEUS JADI KABUDAYAAN ASING

Penulis: Dudi Firmansyah, S.Pd.

Dibaca: 100 kali

Dudi Firmansyah, S.Pd.

Ku Dudi Firmansyah, S.Pd.

(Pangajar di SMK Negeri 1 Cikalongkulon)

 

Budaya daerah salah sahiji budaya anu jadi ciri has identitas budaya nasional anu perlu jeung wajib dimumule kuurang sarerea, kusabab lamun budaya daerah teu dimumule kuurang rek kusaha deui da batur mah moal daekeun. Sabab ayeuna mah budaya daerah teh enggeus hese di kanyahokeun boroning kubatur kuturunanna oge hese.

Basa nyaeta salah sahiji alat paguneman papada jalma supaya anu di ajak ngobrol ngarti naon anu bakal ditepikeun. Tapi hanjakal Bahasa Daerah enggeus mulai teu dipake kusabab aya hiji kalangan majarkeun teh era cenah siga urang kampung. Padahal mah teu kitu basa daerah teh mangrupakeun alat komunikasi anu kudu di mumule kuurang kabeh khususnya bangsana sorangan sabab budaya daerah mangrupakeun hiji alat karagaman budaya bangsa Nasional.

Lila kalilaan basa daerah anu mangrupakeun cirri hiji bangsa teh enggeus mulai ditingalkuen. Loba jalma anu teu ngarti harti-hartina acan komo ngalarapkeun undak usukna basa. Salah sahijina basa Sunda. Urang Sundana oge kadang nepika teu appal basana sorangan sanajan Bahasa sunda di ajarkeun di sakabeh tingkatan sakola timimiti SD nepika sakolaan luhur. Tapi masalah undak usuk basana teu apaleun. Kumaha cara ngagunakaeun basa Sunda teh, kumaha ngalarapkeun basa eukeur kasorangan, eukeur ka saluhureun eukeur ngalarapkeun basa eukeur ka sasama.

Lamun dititenan mah basa daerah teh geus kalinih kubasa asing, maranehna teh lewih agul di ajar Basa asing dibandingkeun basa daerah, tong boroning kitu malahan mah basa nasional geus ngalanih Basa daerah, sabab di sakola jeung di jajaran pamarentahan anu dipake keur komunikasi teh basa nasional jeung basa asing. Majarkeun teh geus teu usum cenah diajar Basa Daerah mah, komo nggunakeunna kampungan.

Nya lamun di kalangan pamarentahan mah aya pantesna anu dipakena Basa Nasional lain Basa Daerah sababari pamarentah mah ngalayani rahayat kabeh, jadi anu dipakena Bahasa Nasional. Kuduna mah merenan lamun arek ngamumule Bahasa daerah, kuduna mah di sakola aya poe anu diwajibkeun make Basa daerah, komo lamun bias mah tina saminggu teh 4 poe murid jeung guru wajib lamun nyarita teh kudu make Basa Sunda anu luyu jeung undak unduk basa Sunda lamun ceuk Basa legegna mah grammerna merenan. Jeung Basa Daerah teh kuduna mah jadi pangajaran wajib tong jadi Mulok (gumantung daerahna). Conto daerah Jawa Barat Basa Sunda Jadi wajib. Di Jawa Tengah jeung Jawa Timur Bahasa Jawa.

Tah lamun siga kitu jigana Basa daerah teh bias kajaga tina kapunahan. Ayena mah ayana oge pangajaran Basa Sunda di sakola siga Basa asing, majarkeun teh teu ngarti cenah. Kacontoan lamun aya budak nanyakeun PR Bahasa Sunda ka indung bapana jawabna teh teu ngarti cenah, padahal mah PR-na teh kur masalah Basa lemes jeung kasar, jeung kolotna teh asli turunan Sunda.

Terus lamun ditingali dina pake anggeus teu boga ciri urang Sundana, pakean urang Sunda jeung pakakas anu dipake di imah kabeh geus pakakas modern. Geud hese weh cirina urang Sunda teh. Sok we titenan kuurang sarerea, pakakas urang Sunda teh kur jadi hiasan wungkul, geus jadi barang antik. Contona pakakas dapur, aseupan jeung seeng geus ganti ku-magicom, lumur geus di gantiku gelas, teko (keni) ges di ganti kupakakas anu di jieuna tina palastik.

Tapi urang teu bias nyalahkeun ka sasaha, sabab anu bias ngamumule budaya daerah eta ngarupakeun kawajiban sarerea. Boh pamarentah, pajabat nagara, guru, jeung rahayatna. Kabeh bogaan andil pikeun ngamumule budaya daerah.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...