Penulis: Agus Setiawan.

Agus Setiawan.
Indung Tunggul
rahayuning diri
nu mayung
satungtung hirup, bapak tunggul darajat lir léahna sagara dina kanyaah
nu tetep ngampar
dina sagala rasa..
Indung tara
pundung bapak tara ngadaksa najan kungsi ridu, hirup ku ngakandung sabab
titipan ti Maha Agung turta tetep ikhlas najan awak ragas sangsara sagala susah
dina obah jeung ngaléngkah ngabelaan kabungah anak.
Naon atuh nu
payus, nu ku urang rék niat dina mulangkeun tina sagala kabéh kanyaah indung
jeung bapak.
Moal bisa
kapulangkeun!
Sabab indung tara
nundung bapa mah neangan banda, moal utang itung ménta dina mulang tarima najan
tetep bari kerep
Munajat dina
pangdunga keur kabungah anak
Indung téh lir
malaikat, bapak lir darajat nu katara jeung karasa nu boga lawang sawarga,
sabab bebenduna indung bebenduna Gusti nu Maha agung, asihna kanyaah indung
jadi welas asihna Gusti.
Mugia urang tetep
hirup dina cageur, bageur, bener, pinter jeung singer.
Caag ...
Mieling poé Indung
22 Desember 2021
Pun Agus Setiawan.