KEMBANG WIJAYA KUSUMAH

Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Dibaca: 65 kali

Wiwin Herna Ningsih

Yasana Wiwin Herna Ningsih

 

Kembang Wijaya Kusumah

Nyacas bodas suci ati

Seungit manis ngadalingding

Lir sajak pusaka Sang Hyang Wisnu

Simbul intisari kaajaiban

Nyambuang wawangi dina hiliwir tengah peuting

Mawa unsur kana kakuatan ragawi lan jiwani

 

Kembang Wijaya Kusumah

Ratuning kembang tipeuting

Ngangkat kana darajat

Ningkatkeun aura kewibawaan

Ngawujud batu mustika

Mancarkeun kakuatan

Tuah sakti mandraguna

Mahakarya simbul kajayaan para raja

 

Kembang Wijaya Kusumah

Kembang pinuh ku mistis

Kembang misterieus

Mapaes rasa katineng

Dina taman kaheman

Puja puji ka Sang Hyang Widi

Nyacas salawasna

 

King Of Mandala, 9 Juli 2023

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...