Penulis: M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.
Ku
M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.
(Guru
SMA Negeri 1 Mégamendung)
Dina
kahirupan kiwari, urang geus teu bireuk deui ka nu ngaranna internét. Kusabab, internét bisa diaksés dimana waé, cukup ku ngamodal HP anu ngabogaan konéksi internét
atawa cukup ku ngamodal duit sababaraha rébu pikeun ngeusian kuota, urang geus
bisa ngagunakeun internét, malah ayeuna mah loba tempat-tempat anu nyadiakeun
aksés wi-fi. Ayeuna mah teu di kampung teu di kota, teu kolot teu budak geus
bisa ngoprasikeun internét sarta kairut ku nu ngaranna internét. Katambah ku
ayana aplikasi- aplikasi média sosial kayaning; facebook, whatsApp, line,
twitter, instagram, jeung sajabana. Jalma-jalma beuki kairut pisan, malah loba
jalma anu kacanduan ku nu ngaranna média sosial.
Ku
ayana média sosial tangtuna waé urang kudu wijaksana jeung bener
ngagunakeunana, sabab lamun urang teu bener ngagunakeunana tangtuna waé loba hal-hal
négatif nu nyangkaruk di média sosial
éta sorangan. Contona waé pikeun para rumaja mah bisa nyalah gunakeun fasilitas média sosial minangka sarana kriminalitas atawa asusila
ku cara ngirim situs-situs, gambar-gambar, atawa video-video anu teu sawajarna.
Nu mana bisa ngaruksak moral para rumaja nu mangrupa sirung bangsa. Salian ti
éta, sisi negatif tina média sosial
téh diantarana;
kacanduan nepikeun ka poho kana
sagala rupa jeung bisa katipu ku iklan-iklan dina média sosial nu teu puguh
juntrunganana.
Upama
urang wijaksana jeung bener dina ngagunakeun média sosial tangtuna waé urang
bisa meunang informasi tina média
sosial kalawan sakedét nétra. Média sosial bisa dipaké pikeun média anu
pangéfektifna sarta gampang diaksés dimana waé jeung ku saha waé, malah média sosial téh
bisa ngabantu para rumaja hususna dina widang atikan, contona; média sosial bisa
jadi sumber informasi jeung komunikasi anu lengkep pikeun pangajaran di sakola,
bisa néangan informasi anu up date ngeunaan pelajaran-pelajaran
sakola dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun, bisa patukeur
informasi jeung babaturan ngeunaan palajaran di sakola bari jeung teu papanggih
langsung, bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan sagala hal anu teu diajarkeun
di sakola, sarta mantuan ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu sok aya dina dunya
atikan.
Tina pedaran-pedaran di luhur, nya geus
sawadina urang salaku rumaja kudu bisa wijaksana
dina ngagunakaeun fasilitas média sosial. Gunakeun média sosial pikeun
kapentingan élmu pangaweruh atawa pikeun nga-up date informasi anu kawilang penting, poma ulah ngagunakeun
fasilitas média sosial nu bisa ngaruksak moral.
Aya jalma nu kasingsal
Tangkal cau deukeut pager
Paké média sosial
Kahadé sing bener-bener
Cag…!