MAPAG POÉ BASA INDUNG SAALAM DUNYA

Penulis: M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

Dibaca: 242 kali

M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

Ku: M. Muhsin Sirojul Munir, S.Pd.

(Guru SMA Negeri 1 Mégamendung) 

           

UNESCO netepkeun yén unggal tanggal 21 Pébruari téh diajikeun poé basa indung internasional (International Mother Tongue Day). Hal éta minangka  tarékah pikeun miara basa-basa indung nu aya di sakuliah dunya sangkan basa indung jeung panyaturna henteu ilang. Naon cenah ari basa indung téh? Basa indung nyaéta basa anu pangmimitina diajarkeun ku indung ka anakna. Keur urang Sunda mah tangtuna basa indungna nyaéta basa Sunda, urang Jawa basa indungna basa Jawa, urang Batak basa Batak, urang Bali basa Bali, urang Inggris basa Inggris, urang Cina basa Cina, urang Arab basa Arab, jeung saterusna.

Di Indonésia basa indung ditangtayungan ku pasal 32 ayat 2 amandemen UUD 1945 anu unina kieu:

“Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional.”

Tétéla pisan tina pasal 32 ayat 2 amandemen UUD 1945 téh ngajéntrékeun yén basa daérah  nu mangrupa basa indung téh mangrupa kabeungharan budaya nasional anu ditangtayungan ku nagara. Ku kituna nagara ogé boga peran pikeun nangtayungan basa indung.

Atuh di Jawa Barat ogé basa daérah (basa Sunda) nu mangrupa basa indung urang Sunda téh ditangtayungan ku ayana Peraturan Daerah (Perda) No. 14 taun 2014 ngeunaan pelestarian basa, sastra, jeung aksara daérah. Malah di Jawa Barat aya  Peraturan Gubernur Jawa Barat No. 69 Taun 2013 ngeunaan  Pembelajaran Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

Ku ayana peraturan ti Gupernur atuh sakabéh sakola ti jenjang SD nepi ka SMA kudu ngajarkeun basa Sunda. Tangtuna éta mangrupa tarékah pikeun ngamumulé basa Sunda. Rék ku saha deui atuh basa Sunda dimumulé ari lain ku urang Sundana sorangan mah?

Tapi, nilik kana kaayaan kiwari kaayaan ajén basa Sunda téh geus jauh tina purbatisti purbajati Sunda. Utamana di kalangan pararumaja Sunda, kareueus kana basa Sunda, kareueus kana budaya Sunda, geus diruksak ku paripolah nu méngpar tina tetekon kasundaan. Di jaman kiwari loba para rumaja nu cenah leuwih reueus diajar basa deungeun batan basa Sunda, para rumaja leuwih reueus diajar budaya deungeun batan budaya Sunda. Malah mah generasi ngora ayeuna sok ngaléos upama ngadéngékeun kacapi jeung suling. Pokna téh “kop nu kitu mah keur nu huisan, abdi mah resepna ogé rock and roll”.  Malah nyarita basa Sunda ogé gengsi da boga anggapan yén basa Sunda mah teu gaul jeung kampungan. Tah mun geus kitu dipahing teuing jati kasilih ku junti, basa Sunda kalindih ku basa deungeun, kabudayaan Sunda kalindih ku kabudayaan deungeun.

Basa jeung budaya Sunda kiwari parantos pikahariwangeun, tatakrama dibukbak, basa digalaksak, tata-titi duduga peryoga paburantak atuh loba pararumaja Sunda nu balangsak leungiteun jati diri kasundaanana. Rék kumaha upama kondisina siga kitu? Naha rék diantep waé? Deudeuh teuing kahirupan urang Sunda. Nu sakuduna, hurip waluya pinuh ku pangjaring pangriksa, nu nyata kahirupan rumaja Sunda kiwari lir ka luhur teu sirungan ka handap teu akaran, teu napak dina tetengger sélér bangsa nu jatnika.

Siloka kecap siliwangi nu sakuduna silih wangikeun, silih seungitkeun jeung papada jalma, ayeuna ngan saukur hiji kecap nu kaluar tina biwir henteu nerus kana haté. Atuh karuhun urang,  Prabu Siliwangi ti Padjajaran téh kari ciri tinggal ngaran. Nu antukna mah urang bakal leungiteun tangtungan.

Ku kituna geus waktuna rumaja Sunda nguniang hudang. Hayu paké basa Sunda, lain ukur dimumulé, pageuhkeun budaya Sunda lain ukur dironjatkeun. Urang salaku urang Sunda kudu gedé harepan, yén basa jeung budaya Sunda bakal hirup salila aya jalma nu maké kana éta basa jeung budayana. Mugia basa indung urang Sunda tetep nanjung salawasna.

Hurip Sunda…cag!

 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...