Penulis: Budi Suhardiman

Budi Suhardiman
Ku Budi Suhardiman
Unggal tanggal 21
Februari dipiéling minangka poé basa Indung sadunya. Naon pangna kudu
dipiléling? Ieu téh teu leupas tina kajadian tilarnya opat mahasiswa alatan
mertahankeun basa indungna, basa Bengali, di Bangladesh. Ieu kajadian téh
lumangsung 21 Februari 1952. Demi mertahankeun basa indungna, opat mahasiswa
réla ngorbankeun nyawana.
Sagédéngeun éta,
miéling basa Indung téh teu leupas jeung pasualan basa indung di saban nagara.
Pasualan basa Indung di unggal nagara méh sarua, di antarana (1) nu ngagunakeunana
geus ngurangan, (2) geus teu dianggap penting, (3) salah nempatkeun kalungguhan
jeung fungsi basa indung, (4) pendidikan basa indung ka luli-luli, jeung (5)
pendidikan basa indung di keluarga masih kurang.
Basa indung nu
digunakeun di Jawa Barat nyaéta basa Sunda. Upama ditilik tina tanda-tandana,
nu ngagunakeun basa Sunda kiwari geus ngurangan. Di lingkungan kulawarga
pasangan ngora, budak-budakna geus teu maké basa Sunda deui. Pajarkeun téh
cenah geus gedéna sok sieun teu biaseun basa Indonesia. Barudak lamun ngobrol
jeung babaturanana geus teu ngagunakeun basa Sunda deui. Ngobrol atawa nulis
dina médsos (WA, facebook, twiter, Instagram) teu ngagunakeun basa
Sunda. Lamun kieu kayaanana, tangtu lila-lila basa Sunda bakal tilem. Dina teu
tilemna gé jumlah panyaturna bakal terus ngurangan.
Basa Sunda geu teu
dianggap penting deui. Pangpangna ku barudak ngora. Padahal basa Sunda penting
pisan dina nguatkeun jati diri bangsa. Basa Sunda ogé penting pikeun ngawangun
karakter bangsa. Dina basa Sunda aya tatakrama ngagunakeun basa. Silih ajénan
jeung papada jalma katémbong pisan dina basa nu digunakeunana. Basa budak ka
kolot, basa keur ka sasama, basa keur ka sahandapeun, ka saluhureun jeung ka
sorangan. Aturan kasopanan dina hirup kumbuh sapopoéna kagambar dina basa nu
digunakeunnana.
Basa Sunda bakal mekar
lamun digunakeun ku panyaturna. Masyarakat, kaum rumaja, wanoja, nonoman, di
kampung jeung di désa kudu dibiasakeun ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis
dina basa Sunda. Loba ngaregepkeun nu nyarita dina basa Sunda bakal nambahan
kabeungharan basa pikeun modal nyarita jeung nulis. Nyarita jeung sasama urang
Sunda mah alusna maké basa Sunda, da pada-pada ngarti. Kajaba nyarita jeung nu
beda seler bangsa kudu ngagunakeun basa Indonesia.
Kalungguhan basa Sunda
nyaéta alat komunikasi pikeun penyaturna. Hartina lamun nyarita atawa
komunikasi jeung papada urang Sunda, alusna make basa Sunda. Nyarita jeung
mekarkeun basa Sunda ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 36 UUD 1945
ditétélakeun yén basa daerah nu dipiara, dimumulé, dimekarkeun ku panyaturna
bakal diajénan jeung dipiara ku nagara sabab éta basa indung téh minangka
bagian tina kebudayaan Indonesia. Lamun budaya Indonesia hayang maju, nya
majukeun budaya daérahna, kaasup basa Sundana.
Tarékah nu dianggap
strategis pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun basa Sunda nyaéta ngaliwatan
atikan di sakola. Kawijakan robahna kurikulum sok jadi bangbaluh pikeun
pangajaran basa Sunda. Pangpangna dina hal struktur kurikulum, pangajaran di
kelas, bahan ajar, jeung sistim évaluasina. Dina nyaluyukeun jeung kurikulum
anyar, basa Sunda minangka pangajaran muatan lokal sok kadang kala
katinggaleun. Ieu téh alatan teu nyambungna pamahaman pengembang kurikulum
pusat jeung di di daérah. Kudunya dibéré ruang dina struktur kurikulum nasional
pikeun mekarkeun kurikulum basa daérah. Pamahaman guru ogé kana kurikulum anyar
perlu waktu nu lila. Antukna pangajaran basa Sunda angger wé ti waktu ka waktu
teu ngaronjatkeu siswa pikeun reueus maké basa Sunda dina nyarita sapopoéna,
teu ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis maké basa Sunda, jeung teu bisa
ngaronjatkeun minat kaum rumaja maké basa Sunda dina médsos. Pangajaran basa
Sunda leuwih museurkeun kana diajar tiori basa batan diajar ngagunakeun basa
pikeun rupa-rupa kaperluan. Tangtuna ogé ieu teu leupas tina kurikulum nu
digunakeunana.
Kumaha ari pendidikan
basa Sunda di keluarga? Leuwih pikahariwangeun. Di kulawarga, utamana pasangan
ngora, geus embung ngajarkeun basa Sunda kanu jadi anakna. Dina nyarita
sapopoéna maké basa Indonesia kamalayon. Disebut basa Indonesia lain, disebut
basa Sunda lain. Antukna budak jadi teu bisa basa Sunda. Budak geus jauh jeung
sosial budayana. Padahal basa mimiti nu kudu diajarkeun ka budak nyaéta basa
Indung (basa Sunda).
Merdeka Belajar
Évisode 17 program
Merdéka Belajar, nyaéta Révitalisasi Basa Daérah. Ieu téh didadasaran ku rasa
hariwang jeung kamelang pédah basa indung nu aya di Indonésia jumlah nu
ngagunakeunna geus ngurangan. Malah alatan jumlah nu ngagunakeunna ngurangan,
aya 718 basa indung di Indonésia méh ampir tilem. Kaayaanana geus kritis. Lamun
teu buru-buru ditarékahan, bakal tinggal ngaran.
Révitalisasi basa
indung minangka kawijakan pamaréntah sangkan (1) para nonoman ngagunakeun basa
indung kalawan aktif dina rupa-rupa média nu dipikaresepna, (2) ngajaga sangkan
basa jeung sastra daérah tetep hirup sarta dipikareueeus ku panyaturna, (3)
méré lolongkrang jeung kabébasan ka para panyatur pikeun mertahankeun basa
indungna, (4) nempatkeun kalungguhan bahasa indung kana tempat nu sabenerna.
Féstival Tunas Bahasa
Ibu (FTBI) minangka puncak tina program révitalisasi basa indung. Kagiatanana
dina wangun lomba. Aya tujuh mata lomba, nyaeta maca jeung nulis aksara daérah,
nulis carita pondok, maca jeung nulis sajak, ngadongéng, pidato, nembang pupuh,
jeung ngabodor sorangan.
Pamungkas, rék kusaha
deui basa Sunda dimumulé, dipiara, jeung dimekarkeun, salian ku urang Sundana
sorangan. Nu nulis miharep poe basa indung sadunya tahun 2024 sangkan
dijadikeun moméntum pikeun terus bagerak nanjeurkeun Ki Sunda di Garut.
Wilujeng Poé Basa Indung Sadunya, 21 Fébruari 2024. Cag!
(Nu nulis, Kepala SMPN
6 Garut dan penggiat budaya tinggal di Garut)