Penulis: Bambang Wibowo, S.Pd.

Bambang Wibowo, S.Pd.
(Guru SMKN 1 Cikalongkulon)
Naon nu disebut basa indung téh
Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonésia, nu disebut
basa indung téh nya éta basa nu pangmimitina dipikabisa ku hiji manusa, ti mimiti
gubrag ka alam dunya nepi ka dipaké interaksi jeung masarakat séjénna.
Pangabisa kana basa éta teu bisa leupas tina pangaruh kulawarga jeung jalma di
sabudeureunana. Basa indung nya éta basa di hiji wewengkon atawa basa nu
diajarkeun ku kolot ka anakna.
Lamun hiji jalma lahir jeung gedé di lingkungan
suku Sunda, nya basa Sunda nu diajarkeun pangmimitina ka manéhna. Sanggeus bisa
basa Sunda, tuluy diajar basa Indonésia jeung basa asing séjénna pikeun
interaksi boh jeung lingkunganna dina séktor informal atawa dina séktor formal
siga sakola.
Satutasna dikukuhkeun poé basa indung dina kaping
21 Pebruari jadi poé basa indung Internasional. Sakuduna urang salaku pituin
urang Sunda sangkan bisa ngamumulé tur ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda.
Ninggali kaayaan ayeuna basa Sunda geus jarang
digunakeun dina kahirupan sapopoé, utamana ku siswa alesanna nya éta lantaran
ngarasa éra, géngsi atawa sieun disebut henteu gaul atawa kampungan. Ku ayana
miéling poé basa indung internasional dipiharep bisa jadi tarékah pikeun
ngajaga jeung ngariksa basa katut budaya Sunda utamana di lingkungan sakola.
Pikeun ngajaga jeung ngariksa basa Sunda kudu
dilakukeun sababaraha tarékah nu biasa dilakukeun dina kahirupan sapopoé.
Upamana waé dina saminggu di média sosial “update status” atawa méré koméntar
kudu ngagunakeun basa Sunda atawa dina saminggu siswa “puasa’ maké basa nanaon
iwal ti maké basa Sunda. Kudu percaya diri nyarita maké basa Sunda. Salian ti
éta sakola bisa ngayakeun acara pikeun ngareuah-reuah miélingna poé basa indung internasional di antarana ku cara ngayakeun seminar
basa Sunda, upacara adat, jeung mintonkeun kamonésan anu aya patalina jeung
basa katut budaya Sunda.
Mang anda
keur ngecrik hurang
Di
basisir telu angké
Basa
Sunda basa urang
Wajib ku
urang di paké
Néng Isah
sareng Téh Tati
Tatanggan
jeung Bi Ina
Lamun
basa dipupusti
Nya kudu
reujeung makéna
Jalan-jalan
ka gang Sunda
Naha bet
meni nalangsa
Kuring
téh pituin Sunda
Bakal
ngamumulé basa
Dulur-dulur hayu urang ngajaga jeung ngariksa basa
katut budaya Sunda, lamun lain ku urang ku saha deui. Kudu reueus nyarita maké
basa Sunda lantaran basa mangrupa cicirén hiji bangsa.
”Leungit
basana, ilang bangsana
Bangsana
nanjung, basana linuhung
Sunda
apanjang-apunjung”
Hurip
Sunda!
Cag!