Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
Dina hariring nu
ngagalindeng tengah peuting, aya sora halon halimpu ngagelendut mépéndé buah
haté. Sora nu kaluar lain tina apalan ensiklopedi, tapi tina kamus haté hiji
indung.
Saban budak
diwanohkeun ku sora basa nu kaluar ti lambey indung. Sora nu nyambungkeun
komunikasi batin antara indung ka anak.
Adekna batin
indung ka budak nu naplok na dada, kapageuhan ku gerentes haté najan saukur
dina simpé.
Kecap-kecap
munggaran nu dikedalkeun ti indung ka budak karekam dina ingetan. Lir ibarat
pita kaset atawa ranté gunemam panineungan. Bisa disetel iraha baé, di mana
baé, sanggeus sawawa dina tempat jeung waktu anu manjing keur cumarita.
21 Pébruari 2026
Dinten ieu urang
mapag Poé Basa Indung Sa-Dunya, sanés saukur pikeun miéling tanggal dina
kalénder, tapi pikeun nyawang deui akar diri.
Basa indung téh
alat komunikasi nu luar biasa ti indung ka budak. Kaluar tina rasa, pangbéja jiwa, sareng pangiket
silaturahmi komunikasi nu diwariskeun
natrat ti barang gubrag ka dunya tepi ka jaga. Basa néléngnéngkungna
urang Sunda nalika diéyong na pangkonan indung pinuh ku kadeudeuh jeung
pangharepan.
Basa Sunda jadi
identitas Jawa Barat sabab lahir jeung hirup di masyarakat nu umumna suku
Sunda.
Basa Sunda
Dina kaayaan
ayeuna, nalika dunya beuki nyuruwuk ku téknologi digital, ku basa global nu
ngaguruh dina médsos, ku kecap-kecap singket nu kadang teu ngandung rasa, urang
kudu jujur nanya ka diri, "kumaha beja basa indung urang Sunda?
Naha masih dipiara
dina paguneman kulawarga?
Naha masih ngocor
dina carita kolot ka incuna?
Naha masih jadi
basa do'a, basa kanyaah?".
Basa Sunda,
sapertos basa-basa indung séjénna, teu menta disalametkeun ku slogan
wungkul. Urang Jawa Barat, khususon
urang Sunda nu masih mupusti basa indungna
ngan miharep basa Indungna hirup
di tatar Sunda, dipaké, dipikanyaah, boh dina paguneman sapopoe, dina tulisan,
dina pangajaran di sakola, di kantor-kantor, nepi ka dina ruang-ruang digital
nu kiwari jadi panggung utama generasi ngora.
Kondisi ayeuna
nuduhkeun yén tantangan téh nyata. Sababaraha murangkalih langkung lancar
nyarita basa asing tibatan basa sorangan. Sababaraha kulawarga milih
nyederhanakeun komunikasi ku basa nasional atanapi internasional, bari teu
karasa laun-laun jarak antara generasi jadi ngalegaan.
Padahal, lamun
basa indung leungit, anu leungit téh lain saukur kecap.
Nu leungit téh
rasa basa, tatakrama, nuansa, filosofi hirup, jeung budaya identitas bangsa.
Miéling Poé Basa
Indung hartina miéling jati diri indung sorangan: anu ngandung basa dina getih
urang ti mimiti urang bisa nyebut kekecapan,
“Indung ngandung, bapa ngayuga”
éta lain ukur paribasa, tapi amanah budaya. Indung ngalahirkeun raga,
basa ngalahirkeun jati diri.
Ku kituna, hayu
urang wangsul deui, teu saukur miéling, tapi ngalakukeun. Wani ngedalkeun kecap
Sunda dina paguneman.
Ngamimitian ti
imah: biasakeun nyarita ku basa indung ka anak.
Ti sakola:
ajarkeun lain ngan tata basa, tapi rasa basa.
Ti diri sorangan:
ulah isin nyerat, nyarita, jeung nyipta dina basa Sunda.
Sabab basa indung
nu hirup téh lain nu disimpen dina museum, tapi nu ngocor dina kahirupan
sapopoe.
Mugia dina 21
Pébruari ieu, urang teu ngan ukur mapag, tapi ogé ngajaga.
Sangkan basa Sunda
hirup nanjung, hurip langgeng, lain ukur jadi warisan, tapi jadi napas
kahirupan.
Wilujeng miéling
Poé Basa Indung sa-Dunya.
Hayu urang jadi
generasi nu henteu ngan ukur bisa nyarita, tapi ogé bisa ngajaga.
#basasundabandaurang