Penulis: Yunar Festovik

Yunar Festovik
Ku Yunar
Festovik
(Guru
Basa Sunda SMKN 1 Cikalongkulon)
Hirup teh estuning katungkul kuwaktu, malah dina
ajaran islam mah wal’asri teh demi waktu demi wanci, tah ieu demi waktu,waktu
dina basa sunda henteu cukup ku jam kolot baheula mah, da keur jaman can aya
jam, ayuena mah gampang,jam sabaraha ieu teh? Jam salapan leuwih
sapuluh,umpamana,jam sabarah ieu? Jam sabelas kurang saeutik, bisa, jaman
baheula keur can aya erloji, urang sunda mah sok make tangara waktu teh ku ciciren
lingkungan alam, umpamana wae dina basa sunda waktu sapoe sapeuting, dimimitian
ku wanci tengah peuting, ngandung harti bagantina antara tanggal ka poe. Tengah
peuting mimitina jam 00.00 nepika jam 00.30, tidinya maju ka wanci tumorek,
maksudna tumorek teh geus teu kadenge sora nanaon, sepi jempling, keur
meujeuhna jalma talibra sare ngaguher kerek nyegrek, wanci tumorek dimimitian
ti jam 00.30 nepika jam 01.00, terus maju ka wanci janari sapi dimimitian ti
jam 01.00 nepika jam 01.30 kuanaonna pangna disebut wanci janari sapi cenah
dina jam sakitu sapi teh sok disarada marenta parab, tidinya maju deui ka wanci
janari leutik, keur meujeuhna tiris-tirisna, gening sok aya babasaan samodel
kieu, wanci janari leutik budak ngulisik, kolot oge milu ngulisik, tah duka
teuing rek naon ngulisikna mah, tapi da moal mungkin ngulisik terus nembok,
palebah dinya mah tanyakeun weh ka kolot nu geus rarumah tangga.
Wanci janari leutik dimimitian ti jam 01.30 nepi ka
jam 02.00. tidinya maju kana wanci balebat, balebat teh anu sok ngembat-ngembat
bray-bray caang beulah wetan, tapi can caang nyaan, cenah jaman sangkuriang
kabeurangan dayang sumbi teh meberkeun kaen anu ditinun, brat-barabat nepika
jiga balebat, anu cahayaan rayrayan caang tapi encan, waktuna di mana pajar
geus udat sinar panon poe geus mimiti rek nembongan kira-kira tabuh 04.30, tah
tina balebat maju kana wanci carancang tihang geus mimiti tihang-tihang imah
teh katingali.
Wanci carancancang tihang teh liwat pajar
titingalian remeng-remeng keneh waktuna 04.30 nepika jam 05.00. Tidinya maju ti
tabuh 07.00 nepika tabuh 08.30 disebutna wanci haneut moyansok ngeunaheun
dipake moe tonggong dina wanci haneut moyan mah. Tina wanci haneut moyan maju
ka wanci rumangsang dimana panon poe mimiti karasa panas, rumangsang asal kecapna tina rangsang make sisipan –um lamun ceuk bahasa
indonesiana mah merangsang. Tidinya maju deui kana wanci pecat sawed dimimitian
ti tabuh 10.00, pangna disebut pecat sawed cenah dina jam sakitu waktuna
munding dilaan sawedna maksudna sina reureuh heula, sawed teh anu aya dina
punduk munding.tina wanci pecat sawed maju ka wanci manceran atawa tengah poe,
keur meujeuhna panon poe aya dina luhureun sirah, geus asup kana waktu solat
lohor. Tuluy maju kana wanci lingsir ngulon dimimitian ti jam 13.00 waktu panon
poe geus mimiti ngeser ka kulonkeun.
Tidinya maju deui kana wanci panon poe satangtung
dimititian ti jam 15.00, tah dina wanci ieu mah ukuran panon poe teh pas dina
tangtungan urang. Tidinya mimiti geus rek surup dina luhureun gunung kira-kira
tabuh 16.00-1700 disebutna wanci tunggang gunung,kunaon pangna disebut tunggang
gunung lantaran katempona panon poe teh siga anu tunggang gunung, padahal mah
eta panon poe teh lain nunggangan gunung meureunan, ngan ampir kahalngan jadi
katempona jiga nu tunggang gunung.tidinya mimiti layung katempo beureum kira-kira
tabuh 17.00-18.00 disebutna wanci sariak layung.
Tina wanci sariak layung tuluy maju ka wanci
sarepna tah lebah dieu geus mimiti reup poek kira-kira jam 18.30, tidinya maju
kana wanci sareureuh budak, waktuna barudak reureuh tina sagala aktivitasna
kira-kira jam 20.00, tuluy maju deui kana wanci sareureuh kolot, waktuna kolot
raruereuh tina sagala aktivitasna kira-kira tabuh 22.00, tuluy dipungkas ku
wanci tengah peuting.tah dina jaman kiwari mah wanci sunda teh ampir teu
dipikawanoh ku masyarakatna da cenah jaman geus maju, nuduhkeun waktu mah geus
teu kudu ningali kana kaayaan, cukup nempo kana jam geus tara katempo jarum jam
nuduhkeun kana angka sabaraha. Dina jaman anu sarwa teknologi ieu urang sunda
ulah nepika poho kana budayana, Ari banda batur diampihan ari banda sorangan
dialungkeun, ngudag kamajuan ge lain hartina poho kana harga diri.