NALIKA WANCI TUNGGANG GUNUNG

Penulis: Sastra Atmaja, S.S.

Dibaca: 31 kali

Sastra Atmaja, S.S.

Oleh Sastra Atmaja, S.S.

(Guru Mata Pelajaran Basa Sunda dan Seni Budaya SMK Negeri Pertanian Pembangunan Cianjur)

 

 

Hirup katungkul ku umur

Pasti digurat ku langit

Isuk diganti ku soré

Beurang diwatesan peuting

Hirup didodoho pati

 

Paburu-buru jeung waktu

Pabéja-béja jeung kala

Tangara haréwos langit

Méré béja téréh mulang

Dipundut kunu kagungan

 

Ngarandeg palebah bingung

Seunggah mapag kala pati

Diri anteng ngulik dunya

Ngaberung napsu ngumbar kahayang

Lat poho kana papastén diri

 

Cunduk waktu nu rahayu

Nitih wanci nu mustari

Ninggang mangsa nu utama

Papasten Gusti pasti ngabukti

Naon nya pibekeleun diri

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...