Penulis: . Siti Mutiara Fhadilathusy, M.Pd., Gr.

. Siti Mutiara Fhadilathusy, M.Pd., Gr.
Ku. Siti Mutiara Fhadilathusy, M.Pd., Gr.
Guru
Basa Sunda di SMAN 1 Pelabuhan Ratu
Meureun
pedah urang Sunda, rumasa moal manggih kasusah dina ngajarkeun basa Sunda.
Nyatana barudak ayeuna jarang pisan ngagunakeun basa Sunda dina gunem catur
sapopoena.
Kudu
kumaha ari jadi guru basa Sunda?
Guru
lain ngan saukur kudu nyerdaskeun murid wungkul, aya peran leuwih penting dina
pasualan nepikeun hiji hal ka murid. Nyaeta sual atikan karakter, méré tuladan,
ngaping, ngarahkeun tur ngawangun moral.
Mimiti
asup ka SMAN 1 Pelabuhan Ratu teh taun 2018. Geumpeur, késang badag-késang tiis
ngamimitian asup ngajar ka kelas téh.
“Assalamualaikum,
sampurasun…nepangkeun wasta Ibu Mutiara, guru basa Sunda hidep taun ayeuna.”
“Bu,
aku mah bukan asli orang sini gimana atuh
gak bisa basa Sunda?” ceuk salasahiji
murid harita.
“Keun,
ngaranna diajar mah moal langsung sagala bisa. Urang lalaunan waé,” témbal
kuring.
Ti
dinya ngimpleng, kumaha cara ngajarkeun ka murid anu lain urang Sunda;
ngagunakeun basa Sunda sangkan teu salah ucap atawa teu jadi matak diheureuyan
ku babaturanna waktu nyobaan ngagunakeun basa Sunda.
Tangtangan
dina ngajarkeun basa Sunda lain ngan saukur ka budak nu teu bisa basa Sunda
tapi deuih ngeunaan kumaha carana numuwuhkeun deui karakter asli urang Sunda
luyu jeung filosofi urang Sunda, kayaning: soméah hadé ka sémah, silih asih -
silih asah - silih asuh, sarta filosofi nu ayeuna keur dipuseurkeun ka barudak
sakola, nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, sarta singer.
Foto 1.1 Adab dina ménta idin ka
guru.
Karakter
barudak murid jaman ayeuna, leuwih loba nu museur kana budaya deungeun. Contona
waé dina kahirupan sapopoe nu katempo di sakola. Langka pisan barudak lamun
menta tulung ka babaturanna sorangan dimimitian ku kecap “punten”. Sok langsung
waé “Eh, pang nyokotkeun balpen-lah sakalian ngaléngkah ka
dieu,” pokna ceuk salasaurang murid.
Padahal
budaya Sunda nu diturunkeun ti karuhun urang mah teu kitu, dina unggal
laku-lampahna teu weléh dibarengan ku adab.
Tadina
mikir, ah kitu sotéh meureun pédah rumasa ka babaturan. Lila-kalilaan éta teh
jadi kabiasaan nu aya di lingkungan barudak. Justru pikeun barudak mah asa aneh
lamun ménta tulung ka babaturan sorangan ngagunakeun kecap “punten”, lantaran
éta kecap mah biasa digunakeun pikeun ka saluhureun.
Éta
gé teu dileungitkeun, barudak geus ngamimitian dina laku-lampahna sapopoé
ngalarapkeun adab nu luyu jeung jati dirina salaku pelajar. Teu saeutik barudak
nu ngajaga tata basana lain ngan saukur ka guru nu ngaping di kelasna wungkul
tapi ogé ka nu lianna.
Kungsi
kuring nanya ka barudak ngeunaan ajén-inajén tina filosofi silih asih - silih
asah - silih asuh nu geus leuwih dipikawanoh. Nyatana, barudak ayeuna aya nu
masih kénéh mentingkeun égona sorangan. Pokna téh, “Bu, naha lamun urang geus
peduli ka nu lain tapi geuning ka urangna mah sok kalah malik teu genah? Pan
silih asih teh silih mikaheman nya bu ka samama, aya rasa empati ngan geuning
kanyataanna mah sok paaing-aing wé komo lamun lain sa-géngna mah.”
Emh…geuning
masih keneh loba nu nga-géng di unggal kelas téh.
“Eta
karak pasualan dina silih asih, kumaha dina silih asah nu sakuduna bisa silih
ingetan tur babagi pangaweruh? Duh geuning PR nu jadi guru téh kacida
euyeubna,” gerentes dina haté.
Filosofi
silih asih - silih asah - silih asuh teh luyu jeung Panca Waluya (cageur, bageur,
bener, pinter, singer) nu ayeuna keur digemborkeun ku KDM (Kang Dedi Mulyadi).
Cageur
teh sehat jasmani katut rohanina. Bageur; soméah, santun tur miboga ahlak nu
hadé. Bener, jujur sarta amanah lain ngan saukur bener dina laku-lampah. Pinter
téh cerdas sarta miboga pangaweruh nu jembar. Nu pamungkas aya singer, nyaéta
urang kudu bisa mawas diri, ulah adigung, teu babari ambek nalika aya nu nyawad
atawa ngaluarkeun pamadegan nu béda jeung urang.
PR
guru nu sakitu euyeubna, utamana dina ngatik ngadidik barudak sangkan bisa
leuwih ngutamakeun kana adab nu luyu jeung jati diri salaku pelajar bisa
dimimitian ti guruna nu méré conto dina kahirupan sapopoé di sakola. Pan ceuk
filosofi pendidikan Jawa mah guru teh hartina “digugu jeung ditiru”. Digugu teh miboga ma’na unggal ucap,
piwuruk, tatabasa nu dikedalkeun ku guru teh miboga ajén jeung bebeneran nu
bisa dipercaya sarta dituturkeun ku muridna. Sedengkeun ma’na ditiru teh nyaeta guru kudu nuduhkeun sikep,
laku lampah, jeung ahlak nu hadé, lantaran guru mah eunteung pikeun murid dina
milah hal nu hadé jeung goréng.