NGAMUMULE BASA SUNDA

Penulis: Agus Hamdan

Dibaca: 48 kali

Agus Hamdan

Ku Agus Hamdan

(SATPAM SMK Negeri 1 Cikalongkulon)

 

Zaman kiwari anu mana zaman tos maraju, cacampuran anu makin pesat elmu pangaweruh jeng teknologi anu caranggih jalma makin poho kana basa nyaeta basa urang Sunda anu sakitu dipake saban poe, ngan ku maju na zaman jalma kiwari poho kana basa Sunda teh ku sabab loba na basa bahasa luar jeng kabudayaan luar anu asup jeng loba diucapkeun. Mangkana cing urang emutan ka murangkalih ayeuna hayu urang sasarengan anggo deuih basa urang nyaeta bahasa Sunda tea.

Seueur anu kedah dilibatkeun na kahiji di sakolana kedah aya palajaran basa Sunda ngarah ngartos tur ngarah murid-murid na terang mana basa Sunda anu halus sareng anu kasar teh kanu ageung nyebat naon, bade eumam nyebatna naon kitu ngarah meureunah kana pangucappanna. basa Sunda. Sinareung deui anu keudah dilibatkeun teh Dinas Pendidikan jeng kabudayaan na tong hilap seueur keun guru basa Sunda anu mana tos paseh kana ucap na basa Sunda ulah ngaku orang Sunda tapi basa Sunda teu tiasa komo bahasa Sunda cianjuran mah bahasa anu pang lemes na di mana-mana oge raos kadangu na. Hayu atuh urang sasarengan ngamumule bahasa urang nyaeta bahasa Sunda anu mana jadi jati dirina urang Sunda.

Ulah dugikeun basa Sunda teh ngan saukur Suku Sunda tapi masarakatna teu terang kana adat kabiasaan kasundaan kan dina Sunda mah sok aya istilah silih asih, silih asuh sok ditingkatkeun deui kabudayaan Sunda teh ku para generasi-generasi muda na mana zaman kiwari urang Sunda silih asih silih asuh nu aya oge silih suntrungkeun.

Ngamumule basa Sunda anu mana keudah aya kasadaran ti diri sewing-sewang urang Sunda. Mugia ieu sing janteun pepeling kanggo urang sadayana kanggo ngeumbangkeun deui adat kabiasaan Sunda anu mana ku zaman kiwari asa teu kadangu atawa jarang anu make basa Sunda. Kolot ayeuna loba anu mere kabiasaan di kulawarga ngobrol ka anakna saban poe leuwih loba make basa Indonesia. Rupa-rupa alesan kolot ayeuna nerapkeun basa Indonesia tibatan basa Sunda anu jadi basa Indung. Basa Sunda geus sakuduna dimumule ku urang Sunda.

Kiwari urang Sunda teu apal ka basa Indung teh, hal eta bisa dibuktikeun yen barudak ayeuna lewih paseh make basa Indonesia malahan leuwih jago make basa Inggris tibatan basa karuhun nyaeta basa Sunda. Loba pisan kiwari anu teu wani nyarita atawa biantara dihareupeun jalma an rea. Kusabab kitu kudu jadi mieling yen basa Sunda teh kudu dipunjulkeun. Ulah dugika basa Sunda bakal musna, kukituna hayu urang ngamumule basa Sunda.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...