NYAWANG MANGSA KA TUKANG DINA BULAN RAMADAN

Penulis: Ayi Mulyana, S.Pd., M.Pd.

Dibaca: 91 kali

Ayi Mulyana, S.Pd., M.Pd.

Ku Ayi Mulyana, S.Pd., M.Pd.

(Guru SMAN 1 Cisayong)

 

Lamun nyawang mangsa katukang keur budak keneh nepi ka mangsa nonoman, dina nyanghareupan bulan puasa teh sok rame ku rupa-rupa cara nu nyiapkeun ajang ngalakonan bulan puasa. Pisaminggueun mapag puasa teh barudak nu saumuran kuring harita ngarumpul di tajug atawa mushola tea, ngarumpul ngomean bedug nu geus ruksak di bantuan ku kokolot lembur. Kulitna diganti ku kulit domba nu weuteuh keneh, kitu oge paseuk jeung talina oge diganti ku nu anyar sangkan kuat jeung kapake nepi ka engke malem takbiran. Mun geus beres sok dicobaan heula ku eta kokolot lembur di tabeuh keur nangtukeun sora nu pas jeung ngeunah kana ceuli, kitu cenah ceuk kokolot lembur teh. Ngan edas eta kokolot lembur teh nyobaan bedugna sok rada lila, matak kesel nu nungguan. Kuring jeung babaturan mah ngawayahnakeun kudu nungguan nepi ka eta kokolot lembur waregeun ngadulag ku bedug anyar. Kuring jeung babaturan ngan bisa nakolan kohkol jeung dreum nu dipake masang kulit bedug. Geus waregeun mah eta kokolot lembur teh mikeun panakol bedugna. Der atuh harita keneh rame pisan ngadulag keur nyambut datangna bulan puasa. Aya nu nakolan kaleng, nu nabeuh kohkol, nu nakolan dreum bedug, kana ceuli teh asa pating beledug sorana. Ngadulag teh eureun-ereun mun geus aya nu nyarekan bakat kagandengan jeung geus manjing rek sholat lohor.

Pisababaraha poeun deui kana bulan puasa, di masyakarat sunda mah sok aya nu sebut munggahan, nyaeta tradisi keur nyambut datangna bulan Ramadhan. Kabiasaan ngumpul ngariung sakulawarga atawa jeung tatangga ngayakeun acara ngaliwet nu make rupa-rupa deungeuna, aya beuleum lauk, bakar hayam, goreng jengkol, kulub peuteuy katut sambel jeung lalabna. Tempatna sok aya nu ngadon disisi walungan da caina saat maklum jaman harita mah mun rek bulan Ramadhan teh sok halodo. Aya nu di kebon, aya oge nu di sisi balong sabari ngabedahkeun balongna. Mun dilelenyepan mah eta kagiatan atawa acara ngaliwet bareng teh gede mangfaatna nyaeta keur ngaraketkeun tali duduluran jeung rasa sosial ka tatangga.

Beres ku rupa-rupa munggahan nu dilakonan ku masyarakat, piisukeun kana puasa teh sok aya deui nu dilakonan nyaeta beberesih atawa susuci pikeun ngalokan bulan puasa nyaeta bulan suci tea. Aya nu beberesih diimahna, aya deui nu beberesih diwalungan, di leuwi da mangsa harita mah walungan jeung leuwi teh caina beresih herang, taya runtah palastik atawa runtah sesa rumah tangga estuning cai walungan teh gede mangfaatna. Kuring keur jaman budak mah ka sebut bangor jeung babatauran nu resep ngojay mah, leuwi atawa walungan nu aya dilembur mah sok diojayan.

Peutingna masigit, mushola atawa tajug pinuh kunu rek ngalakonan sholat tarawih. Awewe lalaki kolot jeung budak minuhan tempat, estuning baheula mah keur jaman budak sholat taraweh teh rame pisan, barudak sok silih sered mun sholat taraweh the. Aya nu morosotkeun sarung, mun keur sujud suku dibetot, mun geus dicarekan ku imam karek caricing da aya ari kasieun mah. Sarengsena tarawehan teh tara langsung balik ka imah. Ngadon ulin heula jeung babaturan nu sababad umurna, ngumpul di lapang leutik gigireun imah nyieun kaulinan nu di sebut ucing sumput tea nepi ka sakitar jam 10. 00 peuting. Eureun-eureun teh mun geus disusulan ku  nu jadi bapa bari jeung ceuli dijiwir sabab kamalinaan teung ulinna.

Kaulinan dina bulan puasa jaman harita mah loba pisan. Salain ucing sumput, aya oge nu disebut momobilan, nyaeta kaulinan nu dijieun tina awi nu bentukna persegi tilu ditalian ku karet, banna aya opa kenca katuhu dijieuna tina sandal urut nu pegat talina, setirna oge tina awi nu meunang ngaraut sapanjang sameter ukuran sagede jempol, ngajalankeun eta kaulinan teh didorong, eta kaulinan bakal rame mun geus karumpul jeung babaturan, eak-eakan babalapan momobilan tina awi teh, ngurilikan lembur ngasruk kebon batur, mun peuting tas tarawehan momobilan sok dibawa katarewehan, balikna ngabring ngadodorong momobilan nu ggeus make lampu tina lilin.

Poe ka hiji puasa teh karasa beuratna keur budak mah, karek jam 10.00 beurang tikoro geus hanaang hayang nginum, beuteung kukurubukan hayang dahar, ngan harita dikuat-kuatkeun da geus di wanti-wanti ku bapa jeung ema puasa teh kudu tamat mun hayang dipangmeulikeun baju jeung sapatu anyar mah. Keur miceun rasa hanaang jeung lapar mah babaturan ulin teh disalampeur di ajak ngabeubeurang ulin diwalungan saat. Atuh sorena sok ngabuburit jeung babaturan ka statsion Indihiang bari nongton kareta nu ngaliwat atawa nu eureun di statsion tea.

Lamun urusan keur tajil samemeh dahar sangu, kadaharan sagala rupa dikumpulkeun. Kayaning jambu, cau, kolek, duwegan. Ngan estuning teu dilieuk-lieuk acan da kaburu lapar hayang dahar sangu. Rengse dahar sila ngabaheuhay da wareg teuing, kadaharan nu dikumpulkeun mah teu ditoel-toel acan. Kaayaan kitu teh terus dilakonan salama bulan puasa keur budak da nu disebut sakola, harita mah dina bulan puasa sok diliburkeun.

Mun nilik kaayaan jaman keur budak jeung jaman ayeuna asa jauh bedana the. Baheula mah kaulinan teh estuning ku sederhana jeung saha wae bisa nyieun. Jeung babaturan kamana-mana babarengan, mamawa kaulinan sabari sempal guyon. Kiwari estuning karasa pisan robahna kusabab perkembangan teknologi nu sakitu cepet jeung ahengna. Barudak dimana-mana mun kumpul teh lain ngarobrol sempal guyon, masing-masing anteng maenkeun HP babaturan gigireun mah teu dipalire. Sakapeung mah sok hayang nyobaan deui jiga mangsa keur budak, ngan teu bisa kukumaha umur teu bisa balik deui ka mangsa nu lawas. Bati sura-seuri  sorangan we mun nyawang mangsa katukang teh.

Wilujeng mayunan shaum Ramadhan 1443 H,

Tasikmalaya April 2022

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...