Penulis Dr. Drs. Raya Erwana, M.Pd.

Dr. Drs. Raya Erwana, M.Pd.
Ku Dr. Drs. Raya
Erwana, M.Pd.
(Praktisi
Pendidikan)
Sanajan jauh,
ayana di lamping gunung, dijero sagara gé, haté mah tetep tibelat. Tuh diditu,
di lembur itu urang pernah ngalalakon basa harita ulin sondah, congklak, galah
jeung sabangsana kaulinan budak taun salapan puluhan.
Asana téh kamari
kénéh urang ngudag-ngudag meri batur nu ngabrul ngantay di sawah Bah Ata bari
ngilikan endog na susuganan aya nu tinggaleun. Atawa isuk-isuk rebun kénéh
urang ngabring ka lapang ngoréhan supa
lémbér, supa béas, supa payung tur supa nu nyumputna di jukut lapangan bola
cenah mah supa beunteuli.
Teu karasa brul
cimata ngaburudul ngabarabay mapay malipir kana pipi. Kamarana atuh babaturan
téh? Ayeuna mah geus séwang-séwangna gening.
Batur ngojay di
cepotan bari lalangiran. Ngadon papalidan, peupeuntasan di lebah girang bari
taya pisan karingrang. Tapi saenyana matak nyangreud pageuh dina lelembutan.
Néwakan banawa nu minuhan batu wahangan. Ras mun inget kabayang matak muringkak
bulu punduk.
Kamarana ayeuna
réncang susumputan nu ngawates ku ucapan
belah wetan kulon kidul jeung kaler? Batur Ngider lembur? Tukang naék
tétérékélan teu inggis ku luhurna tangkal, teu sieun ku geberna angin nu
ngagelebug, teu sieun ku lampigna gawir nu ngalongkéwang.
Lalakon urang asa ku panjang. Teu cukup ku sakola
isuk, ngarasaan sakola burit gé teu burung di cumponan da kusabab kakurangan
kelas nu antukna dibagi dua bagian. Panas teu jadi halangan, komo hujan kalahka
atoh babaseuhan. Ngabring akur teu aya gogontokan..
Salam kanggo nu
sajaman. Mugi urang tiasa paamprok jonghok patepung deui. Ngadongeng silih
tukeur lalakon, bari seuri gogonjakan.
#cibuntutaun90an#
Waas pas maca
salah sahiji status Facebook nu ditulis ku salah sahiji siswa nu pernah diajar
keur mangsa ngajar keneh di SMP, tilu puluh taunan katukang.
Teh Santi Intan
Nurcahya, ngaran nu gampang diinget nepi ka ayeuna, salian ngaran nu éndah ogé moal matak bisa
dipohokeun ka ieu wanoja nu harita keur mejeuhna ligar. Pameunteu nu teu éléh
ku artis kota, kulit bodas nyacas, pangawakan campernik, pangpangna mah loba
kabisa jeung pinter pisan dina ngalap élmuna.
Wajar anjeunna
ngungkapkeun nu aya dina manahna kusabab saumpama ningali tarékahna keur
ngarobah nasib, matak miris nu ningali.
Maneuh di hiji
lembur nu ngarana Cibuntu, lembur nu ayana di sisi walungan Cimandiri, matak
betah nu ningali. Ngan hanjakal memang mangsa harita mah matak susah
ngajugjugna ka éta tempat téh.
Nu singket mah mun
rék ka dinya ti pasar Citarik norobos mapay jalan satapak perkebunan karet nu
lumayan jauh. Nepi ka sisi walungan Cimandiri meuntas maké parahu leutik bari
mayar sakadarna. Bisa waé jalan darat, ngan muter heula ka jambatan Bagbagan
terus mapay jalan koral nu nanjak mudun bari loba liang nu ngagudawang.
Tarékahna keur
sakola kudu diacungan opat jempol. Meuntas wahangan maké parahu leutik tuluy
nikreuh leumpang mapay jalan satapak, nu ahirna dituluykeun naék angkot nepika
salokana.
Da kulantaran
sakolana teh masih kawatesanan kelasna, sok dibagi jadi dua rombongan. Nu isuk
ti jam tujuh nepika jam dua belas, nu beurang ti jam hiji nepika jam lima.
Lamun kabagian isuk kudu nyubuh ti imahna, lamun bagian beurang kadang sok
kapeutingan di jalan. Malah mah hiji mangsa kasorénakeun pernah kapegung ku
caah dendeng, atuh puguh teu bisa ngaliwatan wahangan. Anu antukna mondok di
saung perkebunan ogé anu sok dipaké ngiuhan anu rék meuntas. Sapeupeuting
bapana ngagorowok mastikeun yén aman kaayaannana.
Téh Santi
nuluykeun SMAna di kota di sakola negeri favorit. Nu antukna mah ka paguron
luhur di Yogyakarta. Aya harewos bojong ti hiliwirna angin peuting, cenah tos
ditikah kudosenna, leres kitu téh Santi? Sok ah ngadongéng deui!
Cigombong,
17/03/23
Sumber carita
utama: FB Santi Intan