Penulis: Eulis H. Saputa

Eulis H. Saputa
Ku: Eulis H. Saputa
Hujan tuturubun
rusuh turun ti janari di langit Cimahi
Sora takbir silih
tempas sawewengi teu towong kadangu ti masjid kampung
Najan saru
kadanguna
Tapi tetep
ngoncrang na pangdangu , meulah langit marengan turunna hujan nu siga
dibahekeun ti langit
Ngabageakeun alam
ku asma Alloh dina Kaagunganana
ALLOHU AKBAR
WALILLAHILHAM...
Wuquf haji di
Arofah atra nembongan na mata batin
Narembongan raga-raga
nu khusyu, umadep dikaen ihrom
Masrahkeun diri ku
kasucian Illahi
Mugia kaberkahan
nyarengan Rahmat Gusti, maseuhan hate-hate anu tawadhu
Sujud na paimbaran
Nabi
Mabrurna Tanah
Suci manjang lana di jiwa anu ridho kana taqdir Illahi
Mugia Gusti
ngahapunten sagala kahengkeran anu ngancik na dada
Merenahkeun deui
diri dina kasucian tur kamulyaan ku du'a anu ngabuana di Jagat Raya
#Idul Adha 1446 H#