Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
(SABUMI/KACI/PATREM)
Poé Pendidikan
Nasional nu ninggang saban tanggal 2
Mei, kaasup poé anu sakral keur dunya
pendidikan mah. Poé anu ngingetkeun ka urang sakabéh sangkan maham kana
pentingma pendidikan. Lain saukur keur diupacarakeun rutin taunan, tapi
mangrupakeun momen pikeun ngeunteung, ningali ka jero diri kalayan jujur kumaha
sabenerna roman parangi pendidikan di Indonesia ayeuna.
Urang diwaris
sumanget ku Ki Hajar Dewantara, anu ngantebkeun yén pendidikan téh kudu
ngabébaskeun jeung ngamulyakeun manusa.
Geura surahan,
naha ajén-ajén éta geus enya-enya hirup hurip dina prak-prakan
sapopoé bangsa Indonesia nu nyakola?
Sigana urang bakal
reueus, tohaga jeung waluya, mun seug
tilu komponen antara kamampuh pangaweruh, kaparigelan jeung sikep
gumulung gembleng kalayan bener natana ngahiji dina jiwa raga bangsa luyu jeung
tujuan pendidikan nasional Indonesia.
Pendidikan di
urang dina mangsa kiwari, disanghareupkeun
kana rupa-rupa paradoks. Di hiji sisi, hadirna Kurikulum Merdeka mawa
angin parobahan anu leuwih seger, ngadorong pembelajaran anu leuwih fleksibel,
nguatkeun karakter, jeung nyambung kana kahirupan nyata. Tapi di sisi lianna,
palaksanaanna can rata. Para stake holder
aya kénéh nu masih néangan harti sabenerna tina parobahan, lain ngan
saukur ngarobah istilah atawa pola pikirna tapi oge jeung ngabebenah
administrasina.
Dina panitén
évaluatif, urang kudu wani ngaku yén pendidikan urang masih kénéh museur kana
hasil instan. Nilai angka nu sok jadi ukuran utama, padahal prosés diajar anu
bermakna sok kaliwat. Kamampuh literasi jeung numerasi masih kénéh jadi PR,
pembentukan karakter jadi tantangan, sarta kréativitas nu sok katalikung ku
rasa sieun salah.
Évaluasi kudu
robah arah, teu cukup ngukur, tapi ngarti; teu saukur nangtukeun, tapi
ngaronjatkeun.
Sanajan kitu, aya
cahaya inspiratif anu teu meunang dipopohokeun. Loba guru anu tetep satia
ngajar sanajan dina kakurangan. Maranéhna jadi suluh cahya dina kaayaan anu
jauh tina sampurna sejahtera. Murid-murid ogé loba nu nunjukkeun sumanget juang
anu luar biasa istimewa, diajar tina rupa-rupa sumber, nepi ka ngalangkungan
wates ruang kelas. Ieu ngabuktikeun yén pendidikan urang teu kakurangan
sumanget, tapi perlu sistem anu leuwih adil jeung terus ngadukung.
Dina widang
inovasi, jaman digital mawa kasempetan anu lega pisan, tapi ogé tangtangan anu
teu hampang. Téknologi, kaasup kecerdasan jieunan (Artificial Intelegen), geus
ngarobah cara urang diajar jeung ngajar. Tapi inovasi teu cukup dina alat, kudu
nepi kana cara mikir. Pembelajaran kudu hijrah tina anu museur ka guru jadi
museur ka murid, tina apalan jadi pamahaman, tina pasanggiri jadi gawé
babarengan.
Sakola teu cukup
jadi tempat nyiar élmu, tapi kudu jadi tempat ngawangun makna kahirupan.
Sikep sportif jadi
konci dina nyanghareupan sagala dinamika ieu.
Dunya pendidikan
kudu daék narima kritik kalayan jembar haté, ngaku kakurangan tanpa kaleungitan
kadariaan, sarta ngahargaan unggal usaha parobahan. Pamaréntah, guru, kolot,
jeung masarakat kudu silih rangkul dina hiji tujuan: ngawangun pendidikan anu
adil, relevan, jeung bermakna.
Pamustunganana,
peringatan Hari Pendidikan Nasional ieu ngingetkeun urang yén pendidikan téh
lain ukur ngeunaan sistem, tapi ngeunaan manusa. Kumaha urang ngamulyakeun,
ngabébaskeun poténsi, jeung numuwuhkeun harepan pikeun generasi nu bakal
datang.
Hayu urang robah
ieu momen jadi gerakan. Tina kritik jadi perbaikan, tina évaluasi jadi lampah
nyata, tina inspirasi jadi inovasi, jeung tina pasanggiri jadi sportivitas.
Sabab ka hareup bangsa henteu ukur tukuh
gumantung kana lobana élmu anu dipikaweruh, tapi sabaraha wijaksanana
urang dina ngatik ngadidik barudak
ngora, ipukeun bangsa kalawan gemet tur imeut, pageuh kaiket dina jati diri
bangsa, sangkan nanjeur linuhung tur mibanda tanggungjawab ngolah nagri
dibarengan ku budi pekerti nu sajati.
Mugia Pendidikan
bangsa Indonesia apal jalan kamana tujulna.
Pendidikan
Kaguruan jeung Pendidikan-pendidikan
lianna, ti nu pnghandapna nepi ka pngluhurna kudu mingkin nanjeur, jadi
gudang tempat meuseuh diri dina harti,
nimba élmu jeung pangabisa, pikeun bekel
perceka dina wiwaha sangkan hirup nincak dina panca waluya.
#hardiknas2026