Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Ku: Eulis H. Saputra
"Hese Beleke,
Tapi Mulya Tujuanna"
(Hiji refleksi
ngeunaan Peran Guru Basa Sunda dina Ngatik Ngabimbing Prosés 'Berbahasa jeung Bersastra Sunda' nepi ka ngahudang Kreatif Siswa boh dina
maca, nyarita, atawa nulis).
Dina obrolan rinéh
jeung papada guru di ruang guru, ieu topik sok jadi bahan padungdengan. Aya
kamelang nu datang nembongan, ngabandungan sikap murid sakola jaman ayeuna dina nyarita ku
basa Sunda. Utamana nalika pembelajaran di kelas. Hésé nyambungna, kudu
ditarjamahkeun heula kana basa Indonesia, kakara kaharti, bari teu sampurna
ogé.
Dina kamajuan
jaman, di mana kecap-kecap digital geus jadi basa sapopoé, aya hiji perjuangan
sepi tapi miboga makna anu terus lumangsung di ruang-ruang kelas.
Perjuangan éta
dipanggul ku guru Basa Sunda, jalma-jalma anu satia nganteurkeun generasi ngora
pikeun henteu mopohokeun akar dirina sorangan, di tanah Sunda
Ngajar basa Sunda
téh henteu basajan. Hese belekena lain saukur lantaran murid ayeuna leuwih
akrab jeung basa nasional atawa basa asing, tapi lantaran guru kudu ngajarkeun
rasa.
Basa Sunda téh teu
cukup diapalkeun, tapi kudu dihirupan, dipikaresep, jeung dirasakeun geterna.
Nalika guru
ngadidik murid pikeun nulis carpon, sajak, sisindiran, pangalaman pribadi atawa
biantara dina basa Sunda, sabenerna guru keur ngarahkeun aranjeunna supaya
nyangkem rasa éndah dina unggal kecap.
Basa dijaga supaya
éndah, ngagambarkeun rasa perjuangan guru, jeung ngandung sumanget miara jati
diri Sunda.
Tapi éta prosés
henteu ujug-ujug mulus banglus.
Tampolana murid teu boga kapercayaan diri, kadang ogé maranéhna ngarasa basa
Sunda téh “teu keren.”
Di dieu pisan
tantangan anu sajati ngancik nyamuni. Guru kudu jadi obor sumanget. Guru kudu
kreatif ngajadikeun nulis dina basa Sunda minangka pangalaman batin anu nikmat,
lain beban pancen sakola.
Guru Basa Sunda,
dina kanyataanana téh minangka palaku
budaya ogé. Aranjeunna teu saukur ngajarkeun pangaweruh, tapi jeung ngajaga
basa nu euyeub ku warisan rasa. Sabab salian ti kecap, dina unggal kecap-kecap
Sunda aya geter rasa anu ngelingan urang kana asal: yén urang téh lahir tina
budaya anu lemah lembut, wijaksana, jeung pinuh kahormatan.
Basa Sunda moal
hirup lamun ngan dianggo di kelas wungkul, tapi bakal mekar lamun jadi bagian
tina kahirupan sapopoé: dina obrolan, dina média sosial, dina karya seni, jeung
dina kabiasaan urang sorangan.
Hese belekena,
leres. Ngajaga jati diri urang Sunda
supaya tetep hirup di jero jiwa generasi saterusna.
Narasi “Hese
Belekena, Tapi Mulya Tujuanna”, tinangtu bakal ngawujud. Najan henteu ayeuna
tapi isuk jaganing pageto tinangtu tembong hasilna.
Ikhtiar ieu
tumuwuh ku pangakuan jeung tanggungjawab profesional
Dina unggal kelas,
guru Basa Sunda henteu ngan ukur ngajarkeun kecap jeung ejaan, tapi ogé
nyelapkeun ruh budaya, rasa, jeung jati diri. Dina jero pangajaran bab nulis
jeung nyarita, boh ngarang carpon, nulis sisindiran/ pupuh, teks deskripsi/
eksposisi , naskah biantara, atawa teks
drama, aya perjuangan nu henteu gampang. Hese belekena téh lain ukur dina
ngajarkeun téknik nulis, tapi dina ngagerakkeun haté siswa supaya boga rasa
cinta jeung kareueus kana basa sorangan.
Guru kudu jadi
inspirator, motivator, jeung kadang ogé jadi seniman leutik anu kudu nyiptakeun
suasana kreatif di tengah keterbatasan.
Kreatifitas tur
empati guru nyieun rupa-rupa cara supaya kelas tetep hirup, jadi panuyun keur
murid dina diajar. Rupaning cara nu bisa diimplementasikeun: lomba nulis,
nyieun majalah dinding, atawana ngajak murid maca hasil tulisanna di hareupeun
kelas. Unggal kecap nu ditulis ku murid diapresiasi ku rasa bungah, sabab di
dinya aya kahirupan anu terus dijaga.
Loba siswa kiwari
nu leuwih akrab jeung basa global tibatan basa Sunda. Kukituna, guru kudu mikir
kumaha cara nyambungkeun basa Sunda jeung kahirupan kiwari, supaya teu karasa
kuno tapi jadi bagian tina gaya hirup modern anu mibanda rasa.
Ngabimbing prosés
kreatif siswa téh peryogi kasabaran jeung ketulusan. Guru kudu bisa ngarasakeun
naon nu dirasakeun ku muridna, sangkan tulisanna jadi cerminan haté, lain ngan
hasil tugas. Kadang aya murid anu boga ide cemerlang tapi teu wani nyerat. Aya
ogé anu daék nulis, tapi kurang dipaparin pujian jeung pangrojong. Palebah dieu
tanggung jawab guru jadi beurat tapi mulya. Nyuburkeun bibit-bibit kreatif Anu
bisa mekar jadi generasi panulis Sunda nu handap asor tapi luhur rasa.
Peran guru Basa
Sunda dina ngabimbing prosés kreatif siswa, sarta pentingna pangrojong ti
sakumna stakeholder pikeun miara jati diri Sunda, jadi modal utama.
Lamun sakumna
pihak babarengan ngarojong, guru bakal leuwih gampang ngajalankeun misi mulya
ieu. Murid bakal ngarasa yén basa Sunda téh henteu ngan pelajaran di papan
tulis, tapi bagian tina kahirupan sapopoé, bagian tina dirina sorangan.
Sanajan kitu, guru
moal sanggup ngalakonan sagalana sorangan. Perlu aya pangrojong ti para
stakeholder, saperti pamingpin sakola, kolot, jeung masarakat. Pamingpin sakola perlu nyiptakeun ruang
pikeun kreativitas murid. Contona ku nyadiakeun wadah karya sastra Sunda di
lingkungan sakola. Kolot ogé miboga peran penting pikeun ngadorong anakna
supaya henteu isin ngagunakeun basa Sunda di imah.
Sedengkeun
masarakat, kudu jadi panonton anu ngarojong, lain ngan molototan atawa moyokan.
Pamarentah tos
jentre netepkeun kawijakan nu kaungggel dina Pasal utama ngeunaan bahasa daerah
nya éta Pasal 32 ayat (2) UUD 1945, nu nétélakeun negara ngahormat jeung miara
bahasa daerah minangka kabeungharan budaya nasional. Nu ditandeskeun deui ku
ayana Perda Prov. Jawa Barat No. 5 Tahun 2003.
Lamun sakumna
pihak babarengan ngarojong, urang moal sieun basa Sunda leungit tina galuring
jaman. Sabalikna, bakal mekar jadi sumber kahadean, kabanggaan, jeung identitas
anu ngabeungkeut sakumna urang Sunda.
Intina, hese
belekena peran guru Basa Sunda téh henteu ukur dina ngajar, tapi dina ngajaga,
ngahirupkeun, jeung ngadidik rasa. Sanajan beurat, tapi lamun aya cinta jeung
pangrojong ti sakumna pihak, tangtuna bakal jadi cahaya anu nyambungkeun ti
bihari kah kiwari, jeung mangsa nu bakal datang.
Guru basa Sunda nu
motekar jeung kreatif jeung inovatif perlu dirojong ku sasama guru basa Sunda
ogé.
Mulyana guru,
nalika hasil didikanana nerap tur
diamalkeun ku murid-muridna.
Ngalahirkeun
generasi nu jadi pamingpin nu pinunjul, hadé tata hadé basa, mibanda rasa budaya Panca Waluya.
Basa Sunda téh téh
jantungna budaya urang Sunda.
Lamun eureun
ngadéngé ketugna, eureun ogé napas hiji jati dirina.
#gurusundabisa#