Penulis: Irani Suprianti, S.Pd.

Irani Suprianti, S.Pd.
Oleh Irani
Suprianti, S.Pd.
(Guru SMAN 1
Cigombong)
Teu loba nu apal
kana kecap Sunda, rata-rata jalma saupama ngadéngé kecap Sunda pasti langsung
nerap ngeunaan Suku nu aya di Jawa Barat atawa leuwih kana basana nyaéta Sunda.
Saupamana urang ngetik kecap Sunda dina google nu kaluar atawa nu dibahasna
ngeunaan suku Sunda, saperti dijelaskeun dina Wikipédia, Sunda atawa Suku Sunda
kelompok etnis yang berasal dari bagian
barat pulau jawa, istilah nu katelah mah nyaéta tatar Pasundan téa. Sabenerna
mah harti Sunda sorangan ceuk dina kamus Basa Sunda meunang karangan R.A.
Danadibrata téh cai, bisa ogé dihartikeun kana kecap béngras, caang, jeung
cahya dina basa sangsakerta.
Ditingali harti
tina Sunda nyaéta cai, matak wajar lamun dina toponimi (penamaan tempat)
sababaraha wewengkon, hareupna sok ngagunakeun kecap cai disingget “ci”,
saperti Cicurug singgetan tina cai curug, aya deui cibadak tina cai badag,
atawa cigombong tina cai gombong. Gombong nu hartina bangsa awi nu gedé pisan
sok disebut ogé awi surat. Réa kénéh sabenerna mah wewengkon anu ngagunakeun
kecap cai nu aya disakuliah Jawa Barat, pembahasan ngeunaan éta mah kudu khusus
kana jalur toponimi nu aya di jawa Barat.
Aya deui istilah
atawa kecap Sunda nu remen disebut, saperti kecap nyunda. Naon ari nyunda? Naha
béda hartina jeung kecap Sunda? Jelas béda. Kecap nyunda leuwih kana adat
istiadat atawa kabiasaan urang Sunda, matak ayeuna mah di lingkungan
pamaréntahan Provinsi Jawa Barat aya istilah kemis nyunda, hartina di dinya
nyaéta unggal poé kemis téh dipiharep ka sakumna pagawé dina poé kemis
ngagunakeun raksukan adat urang Sunda. Kabaya pikeun awéwéna sedengkeun pangsi
dipaké ku pagawé lalaki, kusabab pangsi atawa kabaya mangrupa salasahiji di antara
adat istiadat kabiasaan urang Sunda baheula dina segi raksukan anu dipaké
sapopoé.