"TUNGGUL RAHAYU"

Karya: Aldiana

Dibaca: 61 kali

Aldiana

Karya: Aldiana

(Siswa Kelas XII-12 SMAN 1 Warungkiara, Kabupaten Sukabumi)

 

Indung Nu jadi tunggul na Rahayu

Bapa Nu jadi tangkal na Darajat

 

Ka Kanyaah, Ka dedeuh na, hamo luntur ka ibunan. Teu laas ka hujanan

Sok sanajan dina lara jeung tunggara,

Salapan sasih ngandung teu weleh

Sabar jeung tumarima

 

Duhh Indung... nu jadi punjungeun

Siang kalayan wengi, nu jadi panyalindung. Katampi kalayan ka bingahan, parantos ngi kirik ti alit, miara ti bubudak, kalayanan pinuh ku rasa tanggung jawab toh pati jiwa ragana

 

Duh Indung... pupunden kembang hate, ti luhur sa usap rambut, ti handap sa usap dampal.

Parantos kageuleuhan, ka keumeuhan nyanggakeun sa daya - daya.

 

Nyoreang mangsa katukang. Salapan sasih urang di kandung kunu jadi indung, anjeun teu ngarasula tapi estuning bagja bakal boga turunan nyaeta urang sadaya.

 

Urang medal ka alam dunya, dina kanyaan beureum ku getih. Di rau, di pangku, dipika asih, dipika dedeuh kunu jadi kolot.

 

Beurang peuting na. urang di jaga, diraksa, ku kanyah indung. Saletik Reungit nu kakalayab, teu weleh di tepak tepis ku sabab sieun ka budak na.

 

Perjuangan indung jeung bapa moal aya tandingan nana, sok sanaos emas sagunung, artos salautan, moal tiasa ngatawis ku hargi salain urang ngabakti.

 

Lengkah na urang nyanghareupan dunya ,moal bisa mun eweh indung sareng bapa, Upami urang hoyong ka bagjaan alam dunya, tangtos teu lepas tina doa indung sareng bapa.

 

Ku kituna

Ulah Munjung ka gunung

Ulah Muja Ka sanggara

Sabab gunung sok rajeun urug

sanggara sok rajeun caah.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...