Penulis: Robby M. Asyidik

Robby M. Asyidik
Karya: Robby M.
Asyidik
“Andaikan kau
datang kembali jawaban apa yang kan kuberi,” saur Tonny Koeswoyo nu ngagorowok
dina haté, ngorék-ngorék mangsa tumorék. Salambar sajak trésna nu ditulis,
yaktos tina manah nu guligah. Salambar kajempling. Sabungkus haté nu simpé.
Sagurat gumujeng salira.
Wilujeng wayah
kieu, jungjunan. Aya bulan nu moncorong nyaangan sirah nu baluweng. Matapoé nya
matapoé nu ngaduruk simpéning ati nepika géhéng. Cika-cika nu baranang nyaangan
mongkléng pangimplengan. Sajorélat katumbiri nu nyampai dina ati.
Jungjunan, Salira
lir malati nu ligar nuruban ati nu wuwuh tagayur jeung tagayur. Sagelebug angin
kareuwas nyérését kana haté. Ngagorowong molongpong, ka ilik, di ilik, ngilikan
ukur aya salira nu netep di jero na.
Paamprokan, 2
Oktober 2024