Penulis: Lisa Marshella Adriani

Lisa Marshella Adriani
Ku Lisa Marshella Adriani
(Siswi Jurusan X OTKP 1 SMK Negeri 1 Cikalongkulon)
Tutuwuhan sapanjang jalan
Sawah hejo endah ngabentang
Parahyangan alam Pasundan
Matak resep kana titingalian
Pasundan tanah kalahiran
Najan indit ka pangumbaraan
Moal poho kana tempat mulang
Nyaeta Pasundan tanah kabanggaan
Ngahiliwir angin unggal enjing
Numatak jadi karesep kuring
Sunda jadi basa sapopoe
Bahasa indung nukudu dilestarikeun
Salah sahiji suku di Indonesia
Nagri kuring nudipika cinta
Poe ayeuna nepi salilana
Cianjur, 21 Februari 2021