Penulis: Robby M. Asyidik

Robby M. Asyidik
Karya: Robby M. Asyidik
(X E 4 SMAN 1
Banjarsari)
Mangsa sareupna
aya warta ti salira, nu seja ngajak tepang sisi basisir.
Seja paduduaan,
gogonjakan, cumarita, pacantél rasa, ngumbar trésna sasarengan.
Nyakséni éndahna
layung nu mayungan sagara.
Mega nu pulas
konéng semu beureum kapantul na hérang na sagara.
Najan can
kalaksana éndahna kagambar dina pangimplengan.
Hatur punten...
Nalika balébat aya
panghalang pikeun patepang.
Panghalang nu
kumalayang sapanjang wanci, ti balébat ka sariak layung.
Nanging bagjana
warta, yén salira nu seja sumping ka sim abdi.
Sanaos teu ka
basisir, tapi urang tiasa tepang paduduaan ka taman ratrikala.
Sumidak na wengi
harita nyulusup kana kalbu.
Silih teuteup soca
dumadak ieu manah ka tohor ku imut na salira.
Ka salira...
Tuh teuteup
béntang-béntang nu gumiwang di awang awang, neras pilari jalan salira.
Nalika ramya soca
salira langkung éndah batan purnama, jadi kedah kumaha ieu raga henteu mitrésna
salira?
Nalika raga, soca,
lan manah, hoyong ningali kaéndahan.
Teu kedah neuteup
awang-awang nu awur ku béntang gumiwang, atanapi bulan nu kahalang méga kulawu.
Tapi neuteup raray
salira, nu cahayana ngadéséh cahaya purnama.
Nu gelenyuna
ningtrimkeun kamelang nu kasawang dina awang-awang rasa.
Wengi harita...
Angin wengi nu
nepak dada ngagulidag keun rasa trésna.
Bulan sapasi nu
nyakséni urang gogonjakan sasarengan sapanjangna jalan.
Sumuhun leres
pisan, salira nu sumuhun leres-leres mitrésna sim abdi.
Saupama kedah
dipedar lalakon diri patepang salira.
Lega na sagara
moal cekap pikeun salambar kertas na.
Endah na purnama
moal cekap pikeun ngagambarkeun éndah na carita.
Sakedapan...
Urang sasarengan
ngarahuh miceun kasieun.
Calik dina korsi
kai, nyakséni layung nu ngagantung na awang-awang.
Neras silih
cumarita ngumbar trésna jeung sono na sapanjang srangéngé tumurun.
Kalayan masihan
uninga ka awang-awang yén urang dua insan nu silih pikahéman.
Lebah mana wanci
nu salira suka.
Srangéngé nu
lungsur luhureun sagara.
Peteng nu tengtrem
ayem.
Atanapi medal na
srangéngé lebah wétan.
Nanging salira teu
kedah hariwang!, sim abdi jangji salawasna aya pikeun salira nepi ka perlaya.
Dalingding asih...
Salira nu katingal
éndah wengi harita.
Nga bencar keun
seuseungitan nu nyambuang sa waruga
Ngadalingding
nalika bulan sapasi.
Duuh éndah na
salira nu ngajaga sukma waluya.
Nu nyamur ku
cahaya béntang gumiwang.
Lir sekar
sawargaloka nu aya dina pangimpénan, ngalengkepan rasa trésna.
Rasa trésna nu
leres-leres muga ngahontal kalanggengan.
Hariring éling ku
haleuang nirmala.
Kataji jeroning
peuting nu jempling.
Cahaya salira
nyumirat jeroning peteng.
Ngajadikeun salira
sekar raspati jeroning ati.
Dina wengi nu
kacida jemplingna.
Ieu manah ngageter
ningal imut na salira.
Gumujeng na lajeng
tingkah paripolah na nu taya duana.
Neuteup salira nu
ngaringkang keun ieu sajak.
Nalika sono ukur
neda, muga tiasa tepang deui.
Wengi harita
kacida jemplingna.
Peteng kalayan
angin nu tinghiliwir ngusap dada.
Ngetrokan
jajantung nu kapéngpéongan ku trésna na salira.
Ngusapan manah nu
dipilampah minangka trésna nu ngagelebug.
Salira...
Wengi ieu sawios
sim abdi sono kana wengi nu harita?
Ngimpleng tepang
deui wengi ayeuna.
Muga nu kawasa
maparin pituduh panglawungan keur lumangsungna urang ngumbar sono.
Muga salira ogé
sono ka sim abdi.
Muga salira ogé
émut wengi nu harita.
Kacida bungah na
urang gogonjakan sasarengan sapanjang wengi.
Sim abdi sono
unggal wanci.
Sono nalika urang
paduduaan lir ratrikala jeung purnama.
Duh salira sim
abdi sono...
- Karangmulya Juli
2024