Penulis: Iyan Cahyani, S.Pd.

Iyan Cahyani, S.Pd.
Ku Iyan Cahyani, S.Pd.
(Tim Literasi SMA Negeri 1 Luragung)
Basa indung téh
mangrupa basa anu mimiti diwanohkeun ku nu jadi indung ka anakna. Perkara ngawanohkeunna mah tangtu unggal indung
béda-béda. Ngan nu jelas mah pasti basa nu mimiti dipikawanoh kunu jadi anak
barang gubrag ka alam dunya téh nya taya lain basa anu sarua jeung indungna. Lamun
indungna urang Jawa tangtu anakna diajaran basa Jawa, kitu deui lamun indungna
urang Sunda pasti nya basa nu diajarkeun ka anakna basa Sunda.
Numutkeun data
UNESCO, aya kana 90 nagara anu dimana éta étnis ngagunakeun basa indungna. Ari
jumlah basa indung sadunia mah kurang leuwih aya 7000 , ngan saparona tina éta
basa téh aya nu tumpur. Ari alesanna mah rupa-rupa. Kitu deui di Indonesia, teu
jauh béda kaayaanna. Réa basa indung nu beuki kiwari téh kalah tumpur alatan
teu bisa ngigelan zaman.
Ku kituna UNESCO,
teu cicingeun. Keur nyingkahan pasualan ieu, tanggal 21 Februari ditetapkeun
salaku poé basa indung sadunia atawa International Mother Language Day.
Tarékah UNESCO ieu téh nu kudu diguratbadagan nya éta sangkan teu beuki loba
basa indung anu kagerus ku zaman. Eksisténsina malah kudu bisa ngigelan zaman.
Di Indonesia mah
malah basa indung téh diatur dina Perda No.5 taun 2003 dimana anu eusina
ngébréhkeun ngeunaan pemeliharaan basa daérah. Mana di sakola-sakola ogé, basa
daérah téh wajib diajarkeun. Ku diajarkeunna ogé réa siswa anu nganggap yén
basa Sunda téh pangajaran anu kawilang hésé padahal dina emprona mah manéhna téh
asli urang Sunda nu ti bareng lahir diwanohkeun kana basa Sunda ku indungna.
Di SMAN 1 Luragung
nu letakna di kabupatén Kuningan Jawa Barat, basa Sunda téh disagédéngeun
mangrupa mata pelajaran, ogé katitén pisan nerap dina kabiasaan-kabiasaan warga
sakolana. Misalna waé bél mangsa lekasan pelajaran téh nganggo basa Sunda. Pon
kitu deui, dina tanggal 21 Februari kamari diayakeun saruntuyan acara dina
raraga ngareuah-reuah poé basa indung sadunia. Numana éta acara kacida ceuyahna
Nu jadi alpukahna mah nya taya lain
kepala sakolana, Bapa Drs. H. Suleha, M.M.Pd anu kacida ngarojong pisan kana
lumangsungna éta acara.
Dua minggu samémeh tanggal 21 Februari, Kepala Sakola SMAN 1 Luragung Bapa Drs. H. Suleha, M.M.Pd. ngariungkeun jajaran wakasék tur guru basa Sunda. Nu mana dina éta gempungan téh anjeunna netélakkeun yén dina poé basa indung téh kudu aya helaran étang-étang ngareuah-reuah. Nya tujuanna mah sangkan para siswa tambah reueus kana budaya jeung basana. Atuh éta instruksi téh kacida ditampina ku jajaran wakasék komo ku guru basa Sunda. Ningali pangrojong nu kalintang ageungna tinu jadi kepala sakola, nambah ngagedéan haté jeung ngagédéan harepan sangkan nyukséskeun éta kagiatan.

Sakumna
warga sakola ilubiung aub dina kagiatan ngareuah-reuah poé basa indung di Smansagung
sebutan keur sakola SMAN 1 Luragung. Lain waé siswa gawé bareng jeung Osis nu
bakal mintonkeun kamonésan kasundaanana dina éta kagiatan téh. Tapi jajaran
guru jeung TU ogé teu éleheun. Sumanget para guru ogé teu éleh dina nyiapkeun pintonan.
Dina hal éta pintonan rampak sekar nu mintonkeun 2 lagu nya éta lagu Basa Sunda
cipt. Ubun Kubarsih jeung lagu Kuningan Tandang Maju Tanding cipt. Con
Hasanudin, S.Pd.. Sumanget para guru ogé katitén tina sababaraha kali latihan
anu kacida dariana. Najan aya sasakali anu kapaksa teu ngiring alatan teu
damang. Tapi dina prungna mah kacida kompakna.
Dina
prungna, total pintonan téh aya kana 12 pintonan. Nu mana mun dijentrékeun mah
nya éta pintonan tim Karawitan, tim BSP (Bahana Suara Pelajar), Ngadongéng,
Maca Sajak, Kawih, Rampak Sekar, Pupuh, Tembang, Anggana Sekar, Tari Jaipong, Drama
Kaulinan Barudak, jeung Band Sunda. Atuh teu ceuyah kumaha. Para siswa ogé kacida
éar jeung pada garogonjakan. Komo deui nalika bapa Drs. H. Suleha, M.M.Pd.
salaku kepala sakola ngaprésiasi siswa nu mintonkeun maca sajak. “Alhamdulillah tiasa
mintonkeun sajak judul Di Jero Torowongan yasana Ajip Rosidi, komo waktos bapa
kepala ka payun tiasa ngaprésiasi atuh kacida reueusna” ceuk Rosy kelas XI IPA 1.
Kanggo akang
sareng tétéh anu panasaran kana ceuyahna kagiatan ngareuah-reuah poé basa
indung di SMAN 1 Luragung hayu sakséni pintonanna dina chanel youtube : https://youtu.be/GcgcVKtm1ro. Hayu
ditongton teras teu kénging hilap like and subscribe. Cag ah…