Penulis: Kusmana

Kusmana
NGASUH
ADI
(Kenging:
Kusmana)
Tema: Numuwuhkeun
rasa nyaah ka dulur,sasatoan, jeung kekembangan bari ngawanohkeun
Ngaran-ngaranna.
Tingkesan Carita (Sinopsis)
Teteh
ngasu Adi nu rungsing bae sabab indungna keur derep buburuhdibuat. Ku Teteh
Adina dibebenjokeun sangkan ulah rungsing bae kabeneran aya bangkong
saabrulan,terus diajak ngawangkong. Ti dinya dibangbrangkeun ka kebon kembang.
Adi teu rungsing deui.
Nu Maen:
- Teteh/
wanoja nu nyaah ka Adina
- Adi/budak
ogo tapi bageur
- Kelompok
bangkong diwangun ku barudak lalaki 4 urang(Bangkong,Bancet)
- Kelompok
kembang diwangun ku barudak awewe 4 urang ( Eros Beureum,Malati Bodas, Campaka,
Dahlia bungur)
BABAK
HIJI
(WANCI SORE DIPAKARANGAN
HIJI IMAH DI LEMBUR KAAYAANNA RESIK PIKABETAHEUN, JUKUT HIASTINGJARUMLUK
NGEMPLOH HEJO, TOROJOL TETEH NUNGTUN ADINA NU LEWA-LEWE REK CEURIK).
1. Teteh
: Jep...jep, ulanh nangis isin!
2. Adi :
Hoyong ka Ibu....ngng...ngng...hoyong ka
Ibu, ngng...
3. Teteh :
Ke sakedap deui Ibu mulih ti sawahna. Jep, da Adi mah kasep,nya!
4. Adi :
Hoyong ka Ibu...ngngng, hoyong ka Ibu, ngngng.
5. Teteh :
Urang ucing-ucingan yu kawas kamari!
6. Adi :
(GIGIDEUG). Alim...ngngng...
7. Teteh :
Urang paciwit-ciwit lutung atuh,yu!
8. Adi :
(GIGIDEUG). Alim...ngngng, Teteh mah nyiwitna sok nyeri.
9. Teteh :
Moal, moal nyeri, diciwitna oge lalaunannya!
10. Adi :
Alim...ngngng, Hoyong ka Ibu...ngngng...
11. Teteh :
Hoyong jambu?, urang mulung jambu yu! Tuh di kebon.
12. Adi :
(UNGGEUK)
13. Teteh :
Susut heula atuh cisocana isin tos ageung!
14. Adi :
(NYUSUT CIPANONNA)
(TETEH JEUNG ADI
ONGKO-ONGKOAN NEANGAN JAMBU MURAG, TAPI TEU MANGGIH. ADI GEUS LEWA-LEWE DEUI
REK CEURIK BARI NUTURKEUN TETEHNA BELAH KATUHU).
15. Teteh : Adi, tuh tingali aya bangkong
tingaranjlok! Tuh gera tingali ngariung handapeun tangkal jambu!
16. Adi : Mana, Teh? Euleuh, seueur nya!
Dibaledognya Teh?
17. Teteh :
Ulah, Adi teu kenging, karunya! Cik etang aya sabaraha
Bangkongna!
18. Adi :
Hiji, dua, tilu, opat, teh!
19. Teteh :
Cik, ku Teteh urang ditaros saha namina. Hey bangkong,saha
namina?
20. Bangkong
1: Borogodod...borogodod.
21. Bangkong
2: Borogodod...borogodod.
22. Teteh : Saha cenah namina teh,Adi?
23. Adi :
Borogodod...borogodod cehah Teh.
24. Teteh : Sok ku Adi taros bangkong nu eta!
25. Adi : Hey, saha namina? Hey, saha
namina?
26. Bangkong1
: Kong Kong Bangkong Hejo.
27. Teteh : Cik taros deui nu itu saha namina!
28. Adi : Hey bangkong alit saha namina?
29. Bangkong
2: Cet Cet Bancet Bancet.
30. Teteh : Bancet cenah namina teh, piwarang
ngawih gera ku Adi sok!
31. Adi : Bangkong tiasa ngawih?, Bangkong
tiasa ngawih?
32. Bangkong : ( ARUNGGEUK)
33. Bangkong : ( NGARAWIH PATEMBALAN BANGUN NU NGENAH
PISAN)
Borogodod-bangkong-bancet
Borogodod-bang-bangkong-bancet
Borogodod-bang-bang-bangkong-bancet
Borogodod-bang-bang-bang-bangkong-bancet.
(BANGKONGTINGARANJLOK KA LUAR TI
PAKARANGAN BARI
DISARADA, TETEH NUNGTUN ADI BARI
NUTUR-NUTUR BANGKONG)
-kus2022-