PASASA (Patrem Saba Sakola)

Penulis Eulis Saputra

Dibaca: 291 kali

Patrem Saba Sakola

Ku: Eulis Saputra

 

Sabtu ping 25 Februari 2023, Patrem lumampah ngalanglang ngajugjug ka MAN 2 Tasikmalaya. Sakola nu pamianganana ti pasantren Cipasung, perenahna di Singaparna-Tasikmalaya.

Sakola anu dipingpin ku Rundayan KH. Ruchiyat almarhum, ibu Hj. Ida Nurhalida, M.Pd. . Anjeunna jejem molah dunya atikan nu wedel dina dasar agama jeung darigama bari teu ngahihilapkeun kawijakan budaya nu aya. Di lingkungan sakola basa katut budaya Sunda tetep dimulule, diagungkeun minangka dadasar pikeun ngarendonkeun budaya reujeng atikanana. Sakola nu ngipuk bibit-bibit  pelajar nu nyantri, jembar wawasanana  teras nanjung ngarekahan boh bangunan boh siswana. Malihan aya program silih tukeur pelajar jeung nagri deungeun. Sadaya fasilitas kagiatan pangajaran disayogikeun, kitu deui kanggo pangendonganana, kantenan  waragad kabutuhan tuang leueut mah aya jaminan nu henteu nguciwakeun.

Patrem, organisasi  kasastraan nu anggotana para wanoja, dina eta kasempetan ngahaja ngawanohkeun deui rupaning karya sastra. Program apresiasi sareng ekspresi, kalayan tekad jeung niat pikeun ngahurip huripkeun deui sastra Sunda ka nonoman anyar di saban sakola.

Kalayan pamapag ti pribumi anu sakitu saena, diteraskeun ku antusiasna para wawakil siswa nu kalibet dina ieu program estuning pikagumbiraeun.

Dibuka ku macakeun oratorium pupujian ku Ambu Teti Khodijah sareng Ambu Cicih, para siswa raeng ngiring nadomkeun pupujian Kangjeng Nabi. Di selang ku narasi dugi ka rengsena sababaraha pada.

Sigana kanggo di lingkungan MAN mah tos janten kalangenan macakeun pupujian mah, mung ari dibacana kalawan diselapan ku narasi mah nembe arapaleun.

Acara diteraskeun kana apresiasi dongeng anu dibacakeun ku Ambu Elih Herlina, judulna Surat Wasiat karya Usep Romli. Sami pikaresepen. Eusina nyarioskeun wasiat ti bapa ka anak ngeunaan warisan, anu singhoreng sanes ngawasiatkeun harta titinggal, tapi surat wasiat anu eusina ngajentrekeun yen harta piwariseun teh tos seep dianggo ku eta budak. Para siswa saregep ngadangukeun.  Macana digalantangkeun, henteu diguluyurkeun tamat tapi  diselang heula ku ngajentrekeun kekecapan nu aya dina bacaan anu dianggap kirang dipikawanoh ku para siswa.

Rengse eta salajengna ditema ku visualisasi gerak dina bacaan sastra. Ayeuna nu dipedarna tina carpon nu judulna Ngadu Japati karya Min Resmana. Dituyun ku Ambu Eulisano, para siswa sasarengan maca carpon nu tos dibagi potokopianana.

Palebah kecap-kecap anu ngandung gerak miraga breng hempak diragakeun  sasarengan. Matak resep deui bae. Sadaya ngiring aktif ngaragakeun kumaha ngabentenkeun gerak-gerak mastaka: ngalieuk, luak-lieuk, tungkul, gogodeg. Benten-benten,  obahna  gerak benten namina. Kitu deui gerak panangan nyalukan, ngusapan, sareng sajabana. Rupa-rupa mapah; ngalenghoy, ngagandeuang, keupat, ngagidig,  sareng nu sanesna deui nu patali sareng gerak tubuh. Geuning kabeungharan  kekecapan basa  Sunda mah sakitu seueur momonesna.

Sanaos kagiatan teu tutas dibacakeun dugi ka tamat, tapi aya pembelajaran pangalaman apresiasi sastra anu kadugikeun kalayan pikaresepen.

Apresiasi pamungkas ditutup ku musikalisasi puisi, anu dihaleuangkeun ku Neng Erina, mahasiswa UPI Bandung jurusan Prodi Bahasa Daerah. Sajak Ambu Chye Retty anu  puitis euyeub ku siloka dipirig ku petikan hitar adu manis sareng soanten nu ngahaleuangna.

Sadaya siswa diajak aub ngahaleuang sasarengan nuturkeun wirahma lagu tina sajak anu judulna Aci-acining sareng Bulan Pamarican diaransemen ku Adhika N. Aziz

Pangalaman nyastra nu didugikeun ka para siswa di MAN 2 Tasikmalaya ku Patrem, boh kagiatan apresiasi sastra boh ekpresi sastra tiasa nambihan model pembelajaran sastra katut basa Sunda anu ekspresif pikeun di sakola-sakola. Ngawanohkeun basa katut sastra ku cara langsung kana karyana.

Kagiatan pamungkas Ambu Chye Retty Isnendes minangka pupuhu Patrem ngabekelan para siswa ku teknik nyerat carpon. Para siswa sajabi eta dibekelan pangalaman kanggo ngaekspresikeun hasil pembelajaranana. Ngalalanyahan nyerat carpon  munggaran sakamampuhna.

Sanaos teu acan sampurna janten karya sastra, tapi bibit tos katangen. Ngaguluyur lanna ngagunakeun basa Sunda tinulis tiasa nyirikeun yen geuning dina diri siswa aya kamampuh nu tiasa dimekarkeun, kantenan pami teras dipupuk ku elmuna. Ieu ruang pangalaman nyastra bakal jandi kalangenan.

Ulah hariwang urang Sunda leungiteun ku basa Sunda, da apanan moal kamamana salami dicangcang ku kawajiban, kawijakan nu kawujudkeun.

Patrem estuning lugina, molah kagiatan ku waragad niat jeung kayakinan nu diwuwuh ku sehat wal afiat.

Patrem ngalengkah ka saban sakola udaganana moro kabagjaan ku cara ngabagi pangalaman,  nepakeun pangaweruh, ngajak  iqro, meuseuh diri dina diri, keur diri katut disabudureunana anu manfaat.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...