PATREM SABA SAKOLA (PASASA)

Penulis: Eulis H. Saputra

Dibaca: 74 kali

PATREM SABA SAKOLA (PASASA)

Ku: Eulis H. Saputra

 

Salasa 3/2/2026, Paguyuban Satrawati Sunda/Patrem, nyaba ka Subang, mawa program nyata pikeun matéakeun budaya literasi ka generasi ngora di salah sahiji sakola.

Mobil laju mapay nuturkeun luak-leok, nanjak- mudunna jalan nu bangblas ti UPI muru  SDN Rosela Indah, Jalan D. Kartawigenda 26, Kelurahan Cigadung, Kec/Kab. Subang.

Kagiatan Patrem Saba Sakola (Pasasa) ieu mangrupa bagian tina tarekah Patrem enggoning ngawanohkeun jeung ngaraksa budaya Sunda ka generasi ngora,  ngaliwatan karya sastra boh pupuh, kawih, guguritan, pupujian, sajak, dongeng, carpon, novel, tur carita wayang.

Dina sumanget éta, Patrem nyangga harepan ngadeukeutkeun sastra Sunda ka murid sakola sangkan wanoh kana akar kasundaan anu jadi jati dirina, jati diri  daérahna, Jawa Barat.

Kagiatan diluluguan ku pengurus Patrem,

Sesepuh Patrem Ibu Naneng Danengsih, nu ngaguar perkara pananggeuhan hikmah jeung pangeling nilai adab dina kahirupan sapopoé.

Ketua Patrem Prof. Dr. Retty Isnendes, M.Pd., nu ngaping gerak organisasi dina jalur élmu jeung budaya sastra,

Wakil Ketua Dra. Eulis H. Saputra, M.Pd., mateakeun dongeng barudak,

Sekretaris Hena Sumarni, S.Pd., M.Pd., minangka panata acara, ogé anggota Sirung Patrem Balebat Arum sareng Puan Maharani, minangka simbol tumuwuhna generasi tuturus anu nyambungkeun tradisi bihari ka kiwari.

Kepala sakola SDN Rosela Indah Subang, Risnawati S.Pd., M.Pd., anu ogé anggota Patrem giak naker ngahiap ieu program, ngarojong ku cara nyadiakeun rohang pikeun Patrem  nebarkeun binih tur ngipuk literasi Sunda ka para siswana ku cara mere lolongkrang kasempetan pikeun ngaapresiasi karya sastra Sunda nu dipedar ku pemateri ti Patrem kalayan daria.

SDN Rosela Indah téh dipingpin ku Kepala Sakola anu binekas, motékar, sarta kooperatif, kalayan dukungan sakumna warga sakola, dipikawanoh minangka sakola anu euyeub ku rupaning prestasi, boh di tingkat kacamatan, kabupatén, nepi ka tingkat propinsi.

Teu matak helok upama kagiatan Patrem ka ieu sakola dibageakeun ku paroman anu marahmay sakumna para guru katut siswa tur dihadiran ku pengawas pembina, kersana pun Dede Rudiana, S.Pd., M.M.Pd.

Acara dibuka kalayan hidmat ku do'a tur pangbagéa ti Pengawas Pembina  salaku pribumi kalayan pinuh kakulawargaan,  ditéma ku Pupuhu Patrem, dilajeng ku ngahaleuangkeun karatagan Patrem. Diteraskeun  ku pintonan ti siswa-siswi berprestasi SDN Rosela Indah.  Abdurrahman Muhammad Hasan kelas 5A sareng Graceva Aqila Kurniawan  kelas 4B, mintonkeun kaparigelanana dina biantara, anu nembongkeun kaparigelan basa jeung kapercayaan diri dina nyarita kalayan tatag tur béntés, éstuning matak reueus.

Biantara ieu henteu ngan ukur nembongkeun kamampuh nyarita, tapi ogé jadi eunteung yén basa Sunda bisa hirup kalayan wibawa dina lisan barudak ngora. Sanggeus éta, acara dilajengkeun ku ngadongeng,

Mohammad Asyraff Dirgantara kelas 6A, mintonkeun momonés gaya ngadongengna anu komunikatif tur atraktif.

Dongéng ngalir kalawan haneut, ngahirupkeun imajinasi, bari nyelapkeun ajén adab, tata krama, jeung kahirupan sosial anu raket jeung dunya barudak.

Materi Pasasa di SDN Rosela Indah ieu diluyukeun jeung suanana tur kondisi sakola.

Partisipasi jeung Suasana Kagiatan

Sapanjang kagiatan, suasana karasa hirup, interaktif, sarta pinuh ku antusiasme. Siswa-siswi kelas 5 jeung 6 aktip ngaréspon, wani nanya, jeung sumanget midangkeun kamampuhna, kagiatan tetep lumangsung tartib tur pinuh tata krama, dina apingan para guru anu satia ngaping muridna.

Bagéan anu jadi puseur kahirupan acara. museur kana pedaran pupuh, adab, dongeng, jeung kawih  minangka médium atikan anu ngahijikeun élmu, rasa, jeung budi pekerti.

Patrem hadir henteu saukur minangka juru dongéng atawa pamapag materi, tapi minangka baraya nyastra anu silih tépungkeun rasa ka barudak sakola.

Sanggeus éta, acara dilajengkeun ku kagiatan ngadongeng ku Wakil Pupuhu Patrem, Teh Eulis. Dongeng Maung jeung Peucang ti Leuweung Parahyangan. Anu jadi pangirut utama sarta suksés ngahirupkeun suasana. Para siswa diilukeun jadi bagian tokoh tina carita Carita anu ditepikeun teu ukur ngahibur, tapi ogé miboga ajén-ajén moral, adab, jeung kearifan lokal.

Sapanjang acara, kagiatan lumangsung kalayan antusias tur interaktif. Siswa-siswi kelas 5 jeung 6 katingali aktip ilubiung, wani midangkeun kamampuhna, sarta tetep tartib dina apingan para guru. Ieu nunjukkeun yén kolaborasi antara sakola jeung Patrem lumangsung kalayan hadé.

Kitu deui nalika Neng Puan nembangkeun pupuh Pucung  para siswa rampak ngiring nembang. Teu kalangkung waktos Neng Arum ngawih Cinta Nusa iasanya Mang Koko, para siswa oge bangun anu kasima, sadayana saregep manco kana layar bacaan.

Katangén pisan yén

Basa dina sastra lain saukur pakakas komunikasi, dina unggal pada pupuh aya wirahma kahirupan, dina unggal dongéng nyumput piwuruk adab, sarta dina unggal kawih kasimpen rasa anu ngabeungkeut generasi.

"...Indonesia gemah ripah loh jinawi, alam endah hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan-beunghar pepelakan, alam hejo ngemploh karaharjaan lemah cai..."

Rumpaka lagu Cinta Nusa karya Mang Koko di luhur nu dihaleuangkeun ku Neng Arum ngagalindeng pinuh ku katingtrim di rohangan aula sakola.

Sanes endah dina rumpaka wungkul, tapi geuning leres  dina ényana. Alam Jawa Barat téh matak ngirut.  Paningal diwowoy ku asrina alam. Tangkal Pinus, kebon entéh sapanjang liliwatan antara Lembang -Subang.

Dina ahir kagiatan, Patrem maparin apresiasi ka sakumna pamilon anu tos aktip ngiring aub. Hadiah dipasrahkeun ka siswa-siswi anu wani tandang tur midangkeun momonésna. Apresiasi ieu lain saukur pangajén lahiriah, tapi ogé mangrupa pangeling yén unggal kawani, usaha, jeung rasa cinta kana sastra pantes dihargaan.

Kagiatan Patrem Saba Sakola (Pasasa) di SDN Rosela Indah Subang ieu jadi eunteung yén atikan budaya teu kudu salawasna kaku. Basa Sunda bisa ditepikeun kalayan hegar, sastra bisa dirasa salaku pangalaman hirup, sarta adab bisa diajar ngaliwatan carita. Dina rohangan sakola, budaya teu saukur diwariskeun, tapi dihirupkeun.

Mugia kagiatan ieu janten tapak leutik anu terus nyebar nyambungkeun sakola, budaya, jeung jati diri, sangkan lahir generasi anu nyunda dina rasa, nyantri dina adab, sarta nyakola dina élmu.

 #pasasa2026


Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...