Penulis: Eulis H. Saputra

Forum Muslimah Jawa Barat gawe bareng jeung Patrem (Sastrawati Sunda)
Ku: Eulis H. Saputra
Bandung,
22/2/2025, Dina raraga Mieling Poe basa Indung sa-dunya (21 Februari) sakaligus
mapag sasih Ramadhan 1446 H, Forum Muslimah Jawa Barat gawe bareng jeung Patrem
(Sastrawati Sunda), ngayakan sawala religi nu tempatna di Pusat Digitalisasi
Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjajaran Bandung.
Acara
dilaksanakeun sacara langsung (off line) jeung teu langsung (on line). Ku kitu
teh para pamilon nu ngiring aub teu kawatesanan ku nu di Bandung wungkul. Tapi
oge ti daeran² lianna,malah aya nu ti luar nagri sagala.
Jejer nu jadi
bahan sawala ngeunaan Relevansi Tatakrama Sunda sareng Ajaran Agama Islam dina
Atikan Masyarakat.
Eulis Saputra, salaku
pemateri wawakil ti Patrem ngabaladah ngeunaan konsep tatakrama Sunda pikeun
kahirupan sapopoé nu kaunggel dina karya sastra Sunda, diantarana dina pupuh,
kakawihan, pupujian, babasan jeung paribasa Sunda.
Pola pikir para
luluhur Sunda nu berbudaya tur
agamis linuhung dina karyana.
Aya sababaraha
konsep kautamaan nu patali sareng tatakrama (etika) Sunda pikeun panuyun laku
prakna dina hirup kumbuh sapopoé.
Nyutat tina
kamandang Prof. Dr. H.Yus Rusyana (budayawan Sunda), ngeunaan kagiatan pembelajaran,
ku Eulis eta konsepna dilarapkeun tur dipatalikeun kana etika atanapi tatakrama
Sunda, nyaeta;
1. Tatakrama jasmani
(misalna lungguh timpuh andalemi)
2. Tatakrama
rohani (misilna paribasa jeung babasan: silih asah silih asih, silih asuh, clik
putih clak herang, bobot pangayon timbang taraju, dibeuweung diutahkeun,
leuleus jeujeur liat tali)
3. Tatakrama pancaindra
(babasan: tiis ceuli herang mata)
4. Tatakrama dina
kabahasaan (babasan: hadé gogog hadé tagog, basa mah teu meuli)
5. Tatakrama ka
alam fisik (ngamanfaatkeun alam keur ibadah)
6. Tatakrama ka
alam hayati (tutuwuhan, sasatoan) kucara henteu ngaruksak habitat alam henteu
ngaganggu ekosistem: rea ketan rea keton
7. Tatakrama di
masyarakat,(pupuh pucung : Utamana jalma kudu rea batur- keur silih tulungan-
silih titipkeun nya diri-budi akal lantaran papada jalma)
8. Tatakrama dina
budaya, ngajenan dina hal: pakasaban, peralatan, pangaweruh, tradisi/organisasi
sosial, kasenian, basa
9. Tatakrama dina
kahirupan beragama (toleransi beragama)
Dina enas²na,
tatakrama Sunda ngasongkeun konsep hirup luyu jeung parentah agama nyaeta
"Nyarek salah, nitah bener". ninggang dina paribasa "Ucap lampah
poma salah, Salah buahna tugenah".
#sundapisan#