Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Ku: Eulis H.
Saputra
(KACI/PATREM)
Kagiatan makena
basa Sunda teh bagian penting pikeun ngahirupkeun rohang komunikasi jeung
silaturahmi keur penutur basa Sunda di Jawa Barat mah. Boh ku cara lisan boh ku
cara tulisan, misina sarua sangkan basa Sunda minangka basa indung tetep
nanjeur, ngoncrang nyoara di buana tatar Sunda, di lemah pakusarakan sorangan.
Apresiasi pikeun
Balai Bahasa Prov. Jawa Barat, nu geus hasil mere kasempetan pikeun para siswa,
tandang dina raraga mulasara jeung miara basa indung. Ngagiring para nonoman,
palaku basa Sunda, pelajar nu jadi pinunjul di 27 Kabupaten/ kota ilubiung mintonkeun kaparigelanana tur
kamonesanana dina make basa Sunda ngaliwatan Festival Tunas Bahasa Ibu 2021
jenjang SMP sa-Jawa Barat. Ieu acara tos lumangsung di Soreang ti kaping 7-10
Desember 2021.
Tujuan ieu
kagiatan nya eta numuwuhkeun para nonoman generasi entragan anyar pikeun wanoh,
bogoh tur mikareueus kana basa Indungna sorangan. Pikeun terus dipiara, dimumule tur dipake
dina pakumbuhan komunikasi di Jawa Barat nepi ka jaga.
Revitalisasi Basa
Sunda berbasis sakola, dina widang pelestarian bahasa, sastra jeung pendidikan
basa, dipiharep mampu ngajawab sagala kahariwang leungitna basa indung.
Kukituna, pikeun
miara jeung ngamumule basa nu dianggap ampir tumpur, kagiatan-kagiatan
kaparigelan basa Sunda kudu terus hirup nanjung sumebar nepi ka dipikawanoh ku
masarakat Jawa Barat. Saha bae bisa muka rohang kagiatan pikeun mere luang
pangalaman nu binangkit. Henteu ngandelkeun lembaga pamarentahan bae, nu
tampolana jadi kasengker ku birokrasi administrasi. Tapi, bisa mandiri tur silih rojong, ti
mimiti para 'stakeholder' basa Sunda, nepi ka para palaku panyatur basana, tur dirojong
ku dinas pendidikan kabupaten/kota
Festival Tunas
Bahasa Ibu di Jawa Barat ieu, luyu jeung jejerna nya eta ditujulkeun keur para sirung nonoman
Jawa Barat. Siswa SD/SMP minangka sirung-sirung nu jadi andelan, nu bisa
ngahirup-huripkeun basa Sunda ayeuna nepi ka jaga.
Momones jeung
kaparigelan nu diadumaniskeun, dipintonkeun dina ieu gelaran pasanggiri ngawengku:
maca sajak, maca dongeng, nulis jeung maca aksara Sunda, biantara, nembang
pupuh, nulis carpon, sarta borangan (ngabodor sorangan/stand up commedy).
Sanajan tujuan
utamana lain pikeun neangan jawara, atawa pinunjul tapi dina ieu kagiatan meredih
kadariaan ti para pamilon festival enya-enya mintonkeun hasil diajarna, pikeun
jadi conto punjul nu bisa jadi kareueus tur picontoeun dina ngolah tur
ngokolakeun kaparigelan makena basa di sakola sewang-sewang.
Peuting panutupan
kagiatan rempeg diluuhan ku para Kepala Balai Bahasa sa-Indonesia, jadi
panyumanget keur para patandang nu midang.
Hiji kareueus keur
Balai Bahasa Jawa Barat, bisa mitembeyan ieu kagiatan bari teu mengpar tina
tugas poko jeung fungsina. Mayungan basa Indung nu aya di Jawa Barat jadi salah
sahiji kaunggulan kinerjana. Bisa terus jadi conto keur panyatur basa Indung
sejenna di Indonesia, anu euyeub, tur unik.
#KACIPASTIBISA#