Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Ku: Eulis H.
Saputra
(KACI/PATREM)
"Bungur jalan
ka Cianjur, Gunung Pangrango ngadago teu weleh sono,
Jentreng kacapi
gelikna suling
Geus deukeut ka
Pajajaran jeung galindeng Cianjuran...."
Sempalan rumpaka
kawih Bungur Jalan ka Cianjur, karya Wahyu Wibisan ieu ngawawaas kumaha endah
asrina alam Cianjur.
Tangkal Bungur nu
ngajejer ngabaris lir mojang geulis nu rajeg jadi pager ayu, mere ciri wates
sisi jalan liliwatan Bandung- Bogor dayeuhna Pajajaran.
Hawar-hawar galindeng kacapi suling
mirig lagu Cianjuran beuki ngantebkeun rasa ka sarakan, matak tibelat matak
kabengbat.
Senen 21 November
2022, lini M 5,6 ngoyagkeun Cianjur. Ginggeung di pusat lokasi lini, Cugenang
nu jadi saksi. Ratusan wangunan ambrug teu kapulut, ratusan jiwa nu can sawawa
jadi korban bencana. Nu tatu, nu tiwas, nguniangkeun rasa ngahelas.
Cianjur
katalanjuran, jadi liliwatan lempeng Cimandiri. Lajur lini nu mawa pati.
Deudeuh
Cianjur....
Ukur rasa
kamanusaan ngabetrik nyintreukkan hate, ngajak surti silaturahmi, mageuhkeun
ati ka Gusti Nu Maha Suci.
Ngiberkeun dunga keur sakumna warga nu kamusibahan.
Geuning alam teu
cicing.
Sagala bisa
tumiba, dina wanci nu teu disangka
Mirawang urang
caringcing.
Dalah papasten
Gusti tiasa iraha wae sumpingna. Sadaya aya mangsana, sadaya aya aturanana,
sadaya aya balukarna.
Iwal kasadrah nu
disangga ku kataatan nu baris mageuhan
iman.
Dunga nu jadi
tameng kayakinan
Nu ngageterkeun
rasa
nguniangkeun
empati panineungan keur Cianjur jeung Cianjuranana
Bungur Jalan Ka
Cianjur, nganti ati ku surti
Harti panyambung
budi
Harta Ngahiap rasa
katresna
Yap...
#DUNGA KA CIANJUR#