Penulis: Eva Helviana Hafsah

Eva Helviana Hafsah
Ku Eva Helviana Hafsah
(Guru SMKN 1 Cikalongkulon)
Baheula
keur kuring leutik kénéh umur tujuh taun, kuring karék bisa puasa cacap sabulan
teu bocor. Masih inget pangalaman puasa keur baheula. Sapoé saméméh puasa
kuring jeung babaturan aya kana limaan na mandi di susukan bari kuramas. Geus
jadi tradisi di désa kuring sapoe saméméh puasa kudu beberesih mandi bari
kuramas.
Puasa poé kahiji kacida loba godaana. Mulai jam 10 beurang beuteung
geus karasa lapar jeung tikoro karasa haus. Kuring sok ulin jeung babaturan
supaya poho kana lapar. Kaulinan keur kuring bulan puasa biasana nyaéta maén
karét, congklak, békles jeung imah-imahan. Teu karasa dur bedug lohor kakuping.
Gancang keur ulin bubar baralik ka imah masing-masing. Solat lohor di imah,
sabérésna solat lohor langsung kuring jeung babaturan indit ka madrasah. Di
madrasah éta tos aya guru ngaji. Mun keur bulan puasa, ngaji anu biasana
peuting diganti jadi beurang.
Sabérésna
ngaji kuring jeung babaturan marulang ka imah masing-masing. Beuteung tambah
anyog kukurubukan. Arék buka nyaah geus jam dua. Indung kuring keur siap-siap
rék kadapur nyiapkeun anu rék dipasak. Awak geus karasa leuleus pisan.
“Mah,
lapar, haus…,” ceuk kuring ka indung bari ngarangkul kana tonggongna.
“Nya sabar
wé atuh piraku badé buka bageur, pan saur mamah ogé pami cacap puasana ké Néng
dipangmésérkeun bonéka panda anu pang ageungna,” tembal indung kuring bari
malik terus ngusapan.
“Néng téh leuleus mah, teu kiat,” ceuk kuring bari ngagolédag
ngagolér.
“Anguran
mah bobo jug Néng di kamar, kin sonten ku Mamah digugahkeun, pan Néng bade
ngabuburit sareng si Léna,” jawab indung ngupahan.
Kuring
indit ka kamar terus saré supaya teu karasa leuleus. *
“Néng
gugah, itu si Léna nyampaeur,” ceuk indung kuring bari nepakan suku.
“Jam
sabara Mah?” ceuk kuring bari kukulisikan.
“Satengah
lima, énggalan itu si Léna aya di luar, ibak heula nya méh seger terus solat
asar, keun baé si Léna sina nungguan,” ceuk indung kuring bari nangtung terus
ka dapur.
Kuring
langsung mandi, solat jeung ganti baju. Kuring pamit ka indung rék nagbuburit
ka pasar malem anu deukeut balé désa kur 10 menit waktuna leumpang kadinyana.
Indung kuring ngabeukelan keur jajan dua puluh rébu. Di pasar malem loba pisan
kadaharan jeung jajanan anu pikabitaeun. Kuring meuli sarupaning kadaharan keur
bekel buka. Aya gorengan, céndol, petis jeung batagor. Balik
ti pasar malem kira-kira jam satengah genep. Kuring langsung asup ka imah terus
nagajajarkeun kadaharan dina meja.
“Néng, éta
jajanan meni seueur kitu, keur buka éta téh?” bapa nanya siga anu anéh.
“Muhun
atuh Pa, sadayana ogé pikabitaeun,” jawab kuring bari seuri.
“Tong sok kadedemes
atuh Néng meni sagala dipésér, emang badé séép?” ceuk indung kuring bari gogodeg.
Dina méja
makan geus sadia keur buka kaolahan indung kuring. Aya sayur sop, hayam goréng,
témpé goréng jeung samel tarasi. Terus aya kolek waluh anu kentel caina. Teu
kungsi lila kadéngé sora adzan magrib ti masigit. Kuring langsung buka ku cai
bodas. Jajanan anu tadi dibeuli ti pasar malem langsung ledis. Geus kitu
langsung kana kolek waluh anu pikabitaeun. Terus ngadahar sangu jeung lalauhna.
Indung jeung bapa kuring mah diselang ku solat magrib, kur buka ku cai bodas
jeung korma.
Sabérésna
dahar beuteung kuring karasa nyeri teu puguh-puguh. Beuteung karasa eungap
jeung nyeri.
“Néng, solat magrib heula bageur,” ceuk indung kuring nyampeurkeun.
“Mah,
nyeri lambut, eungap teu tiasa usik,” ceuk kuring bari nyarandé kana tembok.
“Euleuh éta
téh kamerekaan, matakna ari buka téh tong langsung sagala diemam jadi wéh kitu,”
ceuk indung kuring.
“Mah
tulungan eungap teu kiat,” ceuk kuring bari nyekelan beuteung.
“Ceuk
kolot baheula mah mun kamerekaan kudu disapuan ku sapu inyuk, sok Néng ngagolér
ku mamah lambutna disapuan améh teu kamerekaan deui,” jawab indung kuring bari
nyokot sapu anu deukeut meja.
Kuring
nurut terus ngagolér, beuteng kuring ku indung disapuan. Beuteng masih karasa
eungap jeung nyeri.
“Mah,
nyeuri keneh lambutna,” ceuk kuring bari ceurik.
“Matakna énjing
mah tong kadedemes nya Néng pami buka téh, pan lambut téh reuwas atuh langsung
sagala dieusian mah jadi wéh nyeri,” ceuk indung kuring mamatahan.
Torojol
bapa ti masigit tos solat magrib.
“Kunaon Néng?” ceuk bapa ningali kuring keur ceurik bari diusapan ku
indung.
“Kamerekaan
Pa, da si Néng mah sagala diemam pas buka téh, jadi wéh kieu,” indung kuring
ngajelaskeun.
“Dieu ku Bapa
dijampé,” ceuk bapa bari nyampeurkeun terus diuk bari ngusapan beuteung kuring.
“Jampé, jampé harupat geura gédé geura
lumpat, puhh!” ceuk bapa bari niup beuteng kuring.
“Ah Bapa
mah kalah heureuy,” ceuk kuring bari ceurik jeung ambek ka bapa.
Indung
kuring seuri ningali kalakuan bapa.
“Sabar wé
sina turun heula anu diemamna, antosan wé éngké ogé teu nyeri nya Néng,” ceuk
indung kuring ngupahan.
“Muhun Mah,”
tembal kuring bari ngarasa hanjakal pas buka puasa maké sagala didahar jadi
kapok geus kamerekaan mah.