BASA SUNDA BASA INDUNG URANG SUNDA

Penulis: Ridha Herdiani

Dibaca: 45 kali

Ridha Herdiani

Oleh Ridha Herdiani

(Guru SMAN Tanjungsari Sumedang)

 

Kiwari Basa Sunda di lingkungan kulawarga geus arang digunakeun. Lolobana di lingkungan kulawarga maké Basa Malayu, lantaran indung bapana leuwih reugreug ku Basa Malayu tibatan Basa Sunda. Alesanna téh sieun salah sieun kasar. Nu antukna Basa Sunda kapopohokeun. Barudak jaman kiwari resep mamalayuan tibatan maké Basa Sunda.

Di widang atikan Basa Sunda masih dijadikeun mata pelajaran muatan lokal wajib nu satata pentingna jeung mata pelajaran lianna. Ngan hanjakal aya sababaraha sakola nu teu mentingkeun ayana pangajaran Basa Sunda. Basa Sunda dianggap pangajaran nu teu penting teu guna pikeun kahareupna. Padahal lamun dititénan dina Basa Sunda urang diajar ngeunaan pendidikan karakter. Cirina urang Sunda mibanda karakter silih asih, silih asah, tur silih asuh nu bakal ngawujud manusa-manusa anu mibanda sipat cageur, bageur, bener, tur pinter, kalayan dirojong ku sipat teger, pangger, wanter, singer, jeung cangker.

Di lingkungan pamaréntahan basa Sunda téh mibanda kalungguhan jadi basa daérah luyu jeung UUD 1945. Yén wewengkon-wewengkon anu mibanda kénéh basa daérah saperti Basa Sunda, Jawa, Madura, Bali, basa daérah lianna anu dipiara tur diparaké kénéh ku masarakatna, basa daérahna bakal dipiara tur diajénan ku nagara. Ari sababna éta basa-basa téh mangrupa salasahiji kabudayaan Nasional.

Basa Sunda téh basa rasa. Basa Sunda lain digunakeun lamun keur nyentak atawa nyarékan. Aya babasaan teu anteb lamun keur nyarékan teu maké Basa Sunda. Basa Sunda bakal karasa bakal nyerep tur leuwih anteb saupama digunakeun pikeun panganteur enggoning dina kaagamaan jeung karyaan. Basa Sunda bakal leuwih ningkat darajatna saupama digunakeun dina pasamoan-pasamoan anu resmi.

Aya rasa reueus Basa Sunda geus aya dina program pamaréntahan. Program anu geus ngeundeurkeun di sakuliah tatar Sunda nya éta Rebo Nyunda. Sok sanajan maké basa Sunda jeung papakéan sarwa nyunda ngan saminggu sakali, dipiharep kasundaan bakal nyerep langsung kana ati sanubari urang Sunda, urang nu cicing di tatar Sunda. Komo deui ku ayana program Jabar Masagi dipiharep bakal leuwih nyerep dina réngkak paripolah urang Sunda. Ku ayana program Jabar Masagi dipiharep basa jeung budaya Sunda jadi sihungna urang Sunda, surti, harti, bukti jeung bakti. Ieu program ulah ngan saukur program nu minuhan rak-rak program atawa mépéndé urang Sunda, sedengkeun dina prak-prakanana basa jeung budaya Sunda sok teu dilieuk-lieuk acan.

Kaputusan UNESCO dina tanggal 21 Pebruari urang Miéling Poé Basa Indung Sadunya (International Mother Tongue Day) cocog pisan keur urang Sunda nu miboga Basa Sunda salaku basa indungna. Basa nu diwanohkeun mimiti ku indungna, lain basa deungeun, lain basa Malayu. Urang Sunda kudu reueus kana basa jeung budaya Sunda. Sok sanajan hirup di kiwari basa Sunda kudu jadi basa urang Sunda basa indung urang Sunda.

Basa Sunda nu luyu jeung kiwari nya éta basa Sunda nu dinamis tur teu ngaleupaskeun norma-norma kabasaan. Cek katerangan ti UNESCO nételakeun yén sakabéh budak, ditarékahan sangkan dina kagiatan komunikasi atawa narima atikan nu munggaran ku basa indungna (Basa Sunda pikeun urang Sunda). Lantaran dina basa indung, basa Sunda miboga norma-norma kabasaan ajén-inajén palasifah kahirupan anu positif. Hal éta bakal nerap lamun ditepikeun ka barudak ti anggalna kénéh. Komo ku ayana COVID 19, barudak bakal loba diajar di imah jeung kulawargana, loba luang pikeun diajar deui nyarita ku Basa Sunda, basa indung urang Sunda.

Hayu urang nyarita ku Basa Sunda. Basa téh cicrén bangsa leungit basana tinangtu ilang bangsana. Ulah karandapan urang Sunda teu apal basa indungna sorangan. Cirina urang Sunda nyarita ku Basa Sunda. Cag!

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...