Budaya Nyawah di Kabupaten Cianjur

Penulis: Ismi Ajeng R., S.Pd., M.I.L

Dibaca: 81 kali

Ismi Ajeng R., S.Pd., M.I.L

Ku Ismi Ajeng R., S.Pd., M.I.L

(Guru SMKN 1 Cugenang)

 

Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan kabudayaana. Tata titi jeng paripolah teh salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun.

Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara tepi ka ayeuna nyaeta nyawah, ngawuluku urang Sunda nu dumuk di palemburan. Pakasabanna umumnya kana tatanen. Ari tatanen anu poko nyaeta melak pare. Baheula mah ilaharna ngahuma, nyaeta melak pare di lamping atawa di pasir ku cara diaseuk.

Ayeuna mah geus langka anu ngahuma teh da leuweungna oge tos teu aya. Melak pare ayeuna mah di sawah, disebutna nyawah. Kaasup tatanen poko nyawah teh, da ari tatanen nu sejenna mah kaasup pagawean sambilan. Umpanana melak sampeu atawa palawija minangka panyelang tina melak pare.

Ku kitu na budaya nyawah ieu nu dilakonan ku patani nu aya Jawa Barat teh geus turun temurun, salah sahiji wewengkon nu masih produksi pare nu aktif aya di Kabupaten Cianjur. Aya hiji varietas pare lokal anu kawentar di wewengkon Cianjur, nyaeta pare Pandanwangi. Disebut Pandanwangi teh pedah seungit sarupa seungit pandan. Bentuk beasna na rada buleud warna na bodas bersih, beasna pulen mun diasakan jadi sangu seupan akeul.

Dikutip ti tagar.id, beas Pandanwangi teh mangrupakeun beas asli Kabupaten Cianjur, Jawa Barat. Seungit na has nu kaluar tina beas na teu dicampur aroma alami komo deui buatan. Fisik beasna buleud jeng aya titik di tengah na. Beas Pandanwangi ieu teh mung aya di Indonesia, nyaeta di Kabupaten Cianjur sangkan varietas pare na sarupa jeng pare nu aya di Siberia.


Letak geografis jeng taneuhna nu ngandung organik nu luhur gizi jadi faktor utama pare bisa tumbuh jeng ngahasilkeun produk pare nu kualitas. Beas Pandanwangi mung tiasa di pelak ma di tujuh kecamatan di Kabupaten Cianjur, nyaeta kecamatan Cugenang, Warungkondang, Cianjur, Cilaku, Cibeber, Gekbrong jeng Campaka. Dipelak di kecamatan sejen atawa wewengkon nu sejen na varietasna sok rubah jeng teu kaluar seungit pandan beasna teh.

Prak-prakan nyawah teh ngawengku sababaraha tahap. Pagawean anu munggara ngabaladah, nyaeta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya di kotakan sawah. Tuluy macul, malikkeun taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh nu subur na pindah ka luhur. Rengsena macul ditema ku ngawuluku, nyaeta ngancurkeun taneuh make parabot wuluku atawa singkal. Maksudna ngarah taneuh anu rek dipelakan pare jadi ledok. Wuluku teh dijieunna tina kai, digunakeunana sok ditarik ku munding. Ayeuna mah patani loba ngagunakeun traktor minangka gaganti wuluku.

Ilaharna samemeh macul patani sok sasadiaan binih pare heula. Melakkeun binih pare/gabah teh disebutna tebar. Tebar teh ilaharna dina babaladon, nyaeta kotakan anu panglendona. Lamun geus cukup umur, binih pare teh dirabut pikeun pidindahkeun. Binih beas Pandanwangi ilaharna umurna leuwih ti sabulan. Sanggeus ti sabulan, binih siap dipelakkeun dipelakkeun dina kotakan sawah.

Salah sahiji patani Pandanwangi Desa Bunikasih, Kecamatan Warungkondang, Cianjur, Jawa Barat, Pepen Zainudin, 50 tahun nyebutkeun tatanen varietas Pandanwangi ieu sarua jeng melak varietas nu sejen. Sanggeus ngawuluku, tuluy ngangler, ngarata taneuh. Dituluykeun deui ku tandur, nyaeta melakkeun binih pare dina kotakan sawah tea. Melak binih pare teh ilaharna dimimitian usum hujan. Dina proses melakna Pandanwangi kudu merhatikeun irigasi, sangkan cai na tong nepika saat atawa garing. Rengse na tandur dituluykeun ku ngarambet. Ngarambet teh nyaeta ngaberesihan jujukutan nu milu jaradi di sawah. Ilaharna sanggeus dua atau tilu kali ngarambet kari nungguan usum panen. Panen Pandanwangi teh mun pare wanci nincak lima bulan.

Lamun tereh usum panen, pasawahan teh jadi haneuteun. Dina mangsana pare geus koneng manuk sok ngabubuhan datangna, ngadon macokan pare. Sok aya barudak nu milu digawe, tunggu manuk di saung sawah. Patani sok nyarieun kenca, tali anu dipasang ranteng ka di tu kadieu bari drawis-rawis ku kaen bubututan. Upama na tali kenca dicentok, kokoprak teh disada gogoloprakan. Salian eta aya oge anu nyieun bebegig, jejelemaan anu ditancebkeun di tengah sawah.

Ayeuna mah geus mulai robah, pikeun bubuhan prak-prakan nyawah na ge. Dina ngala pare upamana, ari baheula mh ngagunakeun etem, tuluy ranggeuya pare teh ditalian disebutna digeugeus. Pare geugeusan teh sok digaringkeun (disangsangkeun) dina lantayan. Panen pare Pandanwangi ngagunakeun ane-ane paragi metik pare. Ayeuna mah ngala na geus beda deui, tangkalna dibabad tuluy di gebot ngarah buah pare na muruluk, engke tuluy diwadahan dina karung. Jadi sakalian nanyakeun hasil panen teh ayeuna mah tara ku ukuran geugeus, tapi ukuran karung kusabab gabahna diwadahan make karung. Dikutip ti patani Pepen, dina sahektar sawah bisa ngahasilkeun tujuh ton gabah pare Pandanwangi.

Ku kituna, sim kuring salaku urang Cianjur gaduh kareueus gumelar tur matuh di kota Cianjur nu mibanda varietas pare Pandanwangi. Mangka salaku warga pituin Cianjur, hayu urang sasarengan pikeun ngajaga ngariksa warisan budaya karuhun urang nu aya di ieu wewengkon, nya eta budaya nyawah. Antukna bisa tetep dilaksanakeun dugi ka anak incu urang.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...