Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Ku: Eulis H. Saputra
Pupuhu Puseur
Pasundan Istri (Pasi), Dr. Dra. Hj. Eni Sumarni, S.P.,M.Kes, kapeto ngukuhkeun
ngadegna Cabang Khusus PASI Tunggadewi
Kota Bandung, sakantenan ngangkat tur
ngistrenan para pangurusna masa bakti 2025-2030 di Kantor PASI - Jl. Wirangrong
No.2 Turangga Kota Bandung (20/09/2025).
Anapon rengrengan
pangurus luyu sareng nu kaunggel dina Lampiran Keputusan Pengurus Pusat
Pasundan Istri No.004/ KEP. PP-PASI/ IX/ 2025;
1. Dr. Nina Kurnia
Hikmawati,SE., M.M.,M.Kom. M.BA., CITPM (Ketua)
2. Dr. Mira Rosana,
M.Pd (Wakil Ketua 1)
3. Yemi Resmiasih,
S.IKom., S.Sos (Wakil Ketua 2)
4. Prof. Dr. Chye
Retty Isnendes,S.Pd., M.Hum. ( Sekretaris)
5. Dra. Eulis
Hendrayani Saputra, M.Pd.(Wakil Sekretaris)
6. Dr. Dede
Hertina,SE., M.Si (Bendahara)
7. Dr. Nurul
Hermina., SE., M.M. (Wakil Bendahara)
8. Dr. Sitti
Hikmawatty, SH., S.ST., M.Pd. (Kabid 1 Organisasi)
9. Prof.
Dr.Berliana, M.Pd (Kabid 2 Kesehatan dan OR)
10. Prof. Dr. Siti
Nurbayani K., S.Pd., M.Si (Kabid 3 Pendidikan)
11. Siska Nugraha
Humaira., SH., M.Kn., L.LM. (Kabid 4 Ekonomi)
12. Dr. Ririn Dwi
Agustin., ST., MT. (Kabid 5 Budaya)
13. Garlika
Martanegara., S.Sos., M.Si (Kabid 6 Sosial Politik)
14. SY Yuliani
Yakub., S.Kom., MT., Ph.D. (Kabid 7 Agama)
15. Dr. Ayi
Purbasari., ST., MT (Kabid 8 Lingkungan Hidup)
Dina pamapag
biantarana Pupuhu Puseur nandeskeun yen PASI Tunggadewi diperedih sangkan tiasa
ngokolakeun Visi-Misi PASI, nyongcolang unggul pinunjul guyub berkarya dina
ngayonan pareka jaman kalayan tetep panceg dina galur palsafah
ka-Sundaan : Cageur -bageur- bener-pinter-wanter- jujur-junun- akur-
teuneung-ludeung.
10 sipat ieu
sabenerna nyusun hiji struktur kasampurnaan manusa Sunda:
Cageur pikeun
awak,
Bageur pikeun
hubungan sosial,
Bener pikeun
aturan jeung spiritualitas,
Pinter pikeun
akal,
Wanter pikeun
kapercayaan,
Jujur pikeun haté,
Junun pikeun
sikap,
Akur pikeun
masarakat,
Teuneung pikeun
mental,
Ludeung pikeun
énergi kahirupan.
Ieu 10 kecap téh
dipedar sacara holistik (nyambungkeun awak, jiwa, akal, jeung hubungan sosial).
1. Cageur (sehat lahir batin)
Holistikna: henteu
ngan ukur awak teu gering, tapi ogé haté bersih, pikiran waras, teu loba
kahayang anu ngarusak. Cageur téh pondasi pikeun ngalakukeun kahadéan.
2. Bageur (hade kalakuan, sopan, welas asih)
Holistikna: bageur
henteu ngan ukur éstétika basa jeung tata krama, tapi ogé konsistén dina
kahirupan sosial: ngahormat batur, teu ngarugikeun, daek ngabantu.
3. Bener (luyu
jeung aturan, teu nyasabkeun)
Holistikna: bener
téh bisa ditingali tina dua sisi: lahiriah (aturan agama, hukum, adat) jeung
batiniah (niat Ikhlas henteu curang).
4. Pinter (boga
élmu jeung kaparigelan)
Holistikna: pinter
henteu saukur pinter mikir atawa sakola luhur, tapi ogé bisa ngagunakeun élmu
pikeun kapentingan masarakat, nyieun solusi, jeung henteu sombong ku élmuna.
5. Wanter (wani,
boga kayakinan kuat)
Holistikna: wanter
téh wani nyebutkeun bebeneran, wani nyobian hal anyar, wani nanggung jawaban
tina lampah. Wanter henteu sarua jeung gagabah, tapi wani anu dilandasan ku kajujuran
jeung kaparigelan.
6. Jujur (henteu
bohong, sajati dina ucapan jeung lampah)
Holistikna: jujur
téh sinar tina haté nu bersih. Dina Sunda, jalma jujur téh dipercaya jadi
pemimpin, sabab haténa henteu ditutupan ku kapentingan pribadi.
7. Junun (daria,
sungguh-sungguh, konsistén)
Holistikna: junun
téh ngagambarkeun sipat anu sabar jeung pantang mundur dina ngalakukeun hiji
hal anu dianggap penting. Ieu sipat ngajadikeun hiji usaha bisa hasil, sabab
henteu gampang nyerah.
8. Akur (rukun,
silih hormat, teu tukeur pundung)
Holistikna: akur
téh dasar kaharmonisan sosial. Jalma Sunda ngajaga akur ku “silih asih, silih
asah, silih asuh”. Dina kulawarga, lembur, jeung bangsa, akur téh modal
pangkuatna.
9. Teuneung
(tangguh, teges, tegar dina nyanghareupan tantangan)
Holistikna:
teuneung henteu ngan ukur kakuatan ragana, tapi ogé kakuatan jiwa pikeun tahan
ku cobaan, henteu kagoda ku napsu, sareng bisa ngontrol émosi.
10. Ludeung
(semangat, gairah, teu asa-asa)
Holistikna:
ludeung téh sumber énergi pikeun ngajalankeun kahirupan. Lamun geus boga
cageur, bageur, bener, pinter, wanter, jujur, junun, akur, jeung teuneung —
kudu aya ludeung supaya sadayana bisa hirup tur jalan.
Pupuhu Cabang
Khusus PASI Tunggadewi, dina biantara munggaranna nandeskeun luyu sareng
jenenganana mitembeyan seja makalangan ngiring aub dina ngaronjatkeun ajen
inajen wanoja Sunda kalayan praktek nyata, sugih mukti tur berbudi pekerti.
Tunggadewi sanés
saukur nami, tapi ogé hiji konsep falsafah.
Tunggadewi bisa
ditarjamahkeun minangka:
Simbol kapamingpinan
awéwé anu dipihormat tur boga wibawa luhur.
Tungga ? hiji,
tunggal, pusat harmoni.
Dewi ? energi
feminitas, kasih sayang, subur, hikmah.
Janten, Tunggadewi
tiasa dihartoskeun minangka lambang kesatuan luhur antara kawijakan jeung welas
asih, hiji tokoh anu bisa jadi pangayom jeung panglantar kamekaran masarakat.
Dina tradisi
Sunda, sebutan "tunggadewi" remen dianggo pikeun ngarujuk kana
perempuan agung anu jadi lambang kasucian jeung kaluhuran.
Wilujeng ka
Tunggadewi
Pok-pék-prak!!
Ajeg panceg dina
galeuh
Tetep pageuh dina
puguh
Sangkan leumpang
dina lempeng
#PASIISTIMEWA#
