MIÉLING POÉ BASA INDUNG SA DUNYA

Penulis: Leni Yunia Daswati

Dibaca: 331 kali

Leni Yunia Daswati

Ku Leni Yunia Daswati

(Guru SMKN 1 SUMEDANG)


Poé Basa Indung Sa Dunya ditetepkeun ku UNESCO tiap tanggal 21 Fébruari, miéling poé basa indung mangrupakeun salah sahiji cara pikeun urang Sunda énggoning ngamumulé Basa Sunda. Ngamumulé Basa Sunda salaku basa indung geus jadi kawajiban urang saréréa nu hirup kumbuh di tatar Sunda.

Aya sababaraha hal nu ngadadasaran perluna Basa Sunda ku urang dimumulé :

1. Basa Sunda mangrupakeun basa indung nu jadi cicirén pikeun urang Sunda.  Aya paribasa Sunda "Basa téh cicirén bangsa, leungit basana ilang bangsana” hartina Basa Sunda mangrupa jati diri pikeun urang Sunda, lamun leungit Basa Sunda tinangtu bakal ilang bangsa jeung budaya urang Sunda ari budaya Sunda téh nyaéta budaya nagara Indonesia. 

2. Basa Sunda ulah nepika kasilih ku basa deungeun, paribasa  sunda "palias jati kasilih ku junti"

Basa Sunda nu jadi basa indung ulah nepika kaiserkeun kayaanna ku basa-basa lian. Komo deui lamun seug basa sunda jadi basa nu asing di tatar Sunda, ieu kabuktian di jaman kiwari,  kaponcongok pisan budak ayeuna loba nu teu ngarti Basa Sunda, Basa Sunda dianggap basa asing malah sok dianggap anéh lamun aya budak leutik nyarita ku Basa Sunda, dianggapna téh kampungan, tingaleun jaman, kuno, jeung sajabana, sabalikna mun nyarita maké basa deungeun jadi basa sapopoé kacirina gaya, gaul jeung moderen, hal ieu kacida dihanjakalkeunnana.

3. Basa Sunda dianggap basa nu hésé di ulik sabab mibanda undak usuk basa. Undak usuk basa nyaéta tata krama basa sunda, timimiti basa lemes / hormat, basa loma jeung basa kasar, nu ilaharna osok digunakeun sapopoé basa lemes / hormat keur  kasaluhureun atawa keur jalma nu dipihormat, basa loma keur ka nu sababad / babaturan sapopoé nu geus  wawuh,  basa kasar biasana keur ka nu sahandapeun boh umur atawa kalungguhan. Ku alesan kitu loba budak jaman ayeuna nu nganggap yén pangajaran Basa Sunda mangrupakeun pangajaran nu panghéséna di antara pangajaran-pangajaran séjénna di sakola.

Kumaha cara urang Sunda énggoning ngamumulé Basa Sunda ?. Aya sababaraha taktik di antarana:

Kahiji salawasna nyarita sapopoé ngagunakeun Basa Sunda nu bener tur luyu jeung undak usuk basa na, sabab ari basa mah kaparigelan gaul jadi sangkan lancar jeung norolang akalna  kudu dilatih terus-terusan dipaké basa gaul sapopoé.

Kadua ngabiasakeun ngalatih anak, incu turunan urang supaya nyarita ngagunakeun Basa Sunda kucara méré conto nu bener dina nyarita maké basa Sunda di imah séwang-séwangan. Saupama budak ti mimiti diajar nyarita kuurang dikenalkeun Basa Sunda nu bener tangtu bakal napel salilana dina ingetannana.

Katilu salian ti nyarita ku Basa Sunda kudu ngabiasakeun ogé nulis Basa Sunda anu bener, ulah nepika urang Sunda teu bisa ngabédakeun antara é, e jeung eu. Kacida prihatinna ngabandungan jaman kiwari aya sawaréh gegedén nu ngaku pituin urang Sunda, tapi teu bisa nulis basa sunda nu bener. Urang pada-pada silih émutan jeung silih imeutan lamun batur urang salah nulis Basa Sunda, poma ulah pundung atawa kasinggung mun aya nu nyarungsum basa sabalikna kudu atoh keur nambahan élmu.

Kaopat miéling poé Basa Sunda ku cara ngayakeun lomba biantara, lomba maca nulis sajak, lomba nulis carpon Basa Sunda jeung sajabana.

Dina raraga Miéling Poé Basa Indung sa Dunya, simkuring seja umajak, hayu urang ngamumulé  Basa Sunda, sabab ngamumulé Basa Sunda hartina ngamumulé budaya Sunda, budaya bangsa jeung budaya nagara Indonésia anu ku urang kacida dipikacinta na, ku kituna ngamumulé basa jeung budaya Sunda lain ukur kawajiban pamaréntah, lain ukur kawajiban sastrawan Sunda, lain ukur kawajiban budayawan Sunda wungkul tapi mangrupakeun kawajiban urang saréréa nu hirup kumbuh di tatar Sunda.

Wilujeng Miéling Poé Basa Indung Sadunya, ulah éra nyarita ku basa Sunda.***

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...