PASASA PATREM 2026 (Ngaraksa Aksara, Nyuburkeun Rasa di Lembur Organik Cikancung)

Penulis: Eulis Saputra

Dibaca: 35 kali

PASASA PATREM 2026

Ku: Eulis Saputra

Minggu, 10 Méi 2026


Aya waktuna hiji lalampahan henteu ngan ukur nyorang jarak, tapi ogé ngambah rasa. Aya silaturahmi anu henteu ukur ngahijikeun jalma, tapi ngahirupkeun jiwa. Kitu rasa nu kasorang ku kulawarga ageung PATREM (Paguyuban Sastrawati Sunda) dina kagiatan PASASA (Patrem Saba Sakola) ka Rumah Tahfiz Al Fallah, nu aya di Kampung Cilopang, Désa Mekar Laksana, Kacamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, Minggu, 10 Méi 2026.

Rumah Tahfiz Al Fallah téh aya dina kawasan Pusat Pelatihan Pertanian dan Pedesaan Swadaya (P4S) Kebun Organik Bumi Mekar Laksana, hiji tempat nu henteu ngan ukur ngaraksa élmu agama, tapi ogé ngahijikeun hikmah kahirupan jeung kawijaksanaan alam.

Tempatna nyumput di tengah pagunungan Cikancung nu asri, tempat angin ngahiliwir mawa kasaput ibun, tatangkalan ngibing ku wirahma alam, sarta tuyunan héjona tatangkalan nyugemakeun panon jeung angen.

Sapanjang lalampahan, paneuteup teu kaur nanceb. Ébat ku titingalan ti luhur puncak Cikancung, katara Bandung kawas dipangku ku jajaran pagunungan. Jalan nanjak mudun lir wirahma kahirupan: aya tanjakan perjuangan, aya turunan pangharepan.

Pikeun para wanoja Patrem anu haténa raket jeung dunya aksara, unggal lengkah lir nyieun paragraf anyar dina buku kahirupan.

Leuweung héjo, kebon subur, hawa nu nyecep, kabéh jadi pangjurung rasa pikeun ngotrétkeun implengan dina tulisan wangun karangan,  minangka laporan ngareungeukeun deui sora batin nu mindeng kasamaran ku riweuhna kahirupan sapopoé.

Élmu Nu Mawa Hikmah

Rumah Tahfiz Al Fallah jeung kawasan kebon organik ieu dikokolakeun ku pasangan nu pinuh ku pangabdian:

Dra. Hj. Lilis Irianingsih, hiji sosok nu parantos lami ngabaktikeun élmu dina widang tatanén, hususna minangka mantan Kepala Laboratorium Tanaman Pangan Dinas Pertanian Provinsi Jawa Barat.

Sareng carogéna,

Ustadz H. Budi Prayitno, saurang psikolog nu dipikawanoh di masarakat minangka pengasuh program parenting di Radio MQ.

Pribumi nu soméah, daréhdéh hadé ka sémah téh nyaan jeung enyana.

Kalawan someah, handap asor, tur leleb ku kakaluargaan, aranjeunna ngabagéakeun rombongan Patrem. Tamu henteu saukur dipapag ku salam, dibagéakeun ku susuguh lalawuh tapi langsung diajak ngarasakeun kahirupan alam: diajar panén,  metik séwang-sewang sayuran organik.

Aya kabungah nu natrat nganteng dina ingetan. Nalika dampal panangan adek sasalaman jeung dangdaunan, nincak taneuh pakebonan kukulunuan di raksukan kabaya, disinjang, diselop nanceb lamokot ku taneuh matak lucu katingalina. Panangan nyepeng kerésék, soca seukeut ningali héjo pepelakan sayuran alaeun: bayem, tomat, waluh,kangkung, sosin, saladah, jeung rupa-rupa tutuwuhan bubuahan lianna, rasa syukur bacéo dina dada.

Di ieu tempat, tatanén lain ukur perkara melak jeung panén, tapi ogé ngeunaan ngariksa kahirupan, miara kaséhatan, jeung ngajarkeun kasabaran.

Sanggeus réngsé ngala sayuran, beberesih ngumbah sapatu, tim Patrem fokus neraskeun kana acara inti pasamoan.

PASASA jadi rohangan tempat kecap manggihan imahna, seni manggihan panggungna, jeung rasa manggihan sobatna.

Sastra silaturahmi jeung santri nu ngahiji.

Kagiatan sederhana dina suasana kakulawargaan, sumanget apresiasi jeung éksprési sastra Sunda beuki karasa.

Hadir 33 urang santri jeung santriwati, ti mimiti nu masih balita nepi ka rumaja. Diaping ku ustadz sareng ustadzah, Teh Ifah.  Aranjeuna ngahiji dina suasana nu pinuh ku atikan rasa jeung budaya. Aya nu saregep ngaregepkeun, aya nu semu reueus, aya nu bari heureuy, aya ogé nu éraan. Kabéh jadi warna nu ngabeungharan ieu riungan.

Acara resmi dibuka ku Ambu Rin, minangka sasanduk silaturahmi ka pribumi. Satuluyna, suasana tambah khidmat nalika Neng Puput, salah saurang santri, ngagalantangkeun Surat Ad-Dhuha, ngamalirkeun ayat-ayat suci nu lir cahya maparin pangharepan. Manjing pisan jeung waktu acara dikawitan tabuh 08.15 WIB, siga panginget yén unggal isuk salawasna mawa harepan anyar.

Pamapag tuluy ditepikeun ku pribumi, Bapa Budi, nu ngébréhkeun kabungahna Patrem lumampah méré luang anyar nu béda keur para santrina.

Pamapag dilaju ti Ketua Patrem Ambu Retty Isnendes, bari ngawanohkeun anggota rombonganana, sarta tujuan ieu kagiatan nya éta minangka tarékah Ngipuk minat jeung bakat siswa kana literasi sastra Sunda.

Pamapag diantebkeun Ambu Yooke Cuparmah, salaku pangaping Patrem, nu salawasna ngariksa sangkan Patrem jadi rohangan tumuwuhna sastra, budaya, jeung duduluran. Anjeunna mertélakeun ngeunaan pentingna ngalatih literasi diri pikeun nulis catetan pribadi. Nulis luang pangalaman sapopoé anu karasa, katempo, kacipta. Najan saukur sacarita tapi mayeng dina kabiasaan nu nyata.

Pidangan saterusna, sacara bagilir masing-masing tim Patrem  mintonkeun deui rupaning karya sastra Sunda.

Para santri saregep resep ngabandungan hiji-hiji pidangan kalayan gumbira.

Pidangan sastra nu henteu ukur dipintonkeun, tapi ogé dirarasakeun. Unggal anggota mawa warna jeung rasa sorangan.

Pidangan kahiji dibuka dina suasana nu syahdu tur spiritual, diaping ku Ambu Cucu Unisah.  Ngaguar pupujian, ku ngajak para santri babarengan réang nadomkeun pupujian anu judulna

“Geus Medal Bulan Purnama”, beunangna Yus Rusyana.

Saterusna pidangan ka-2 Ambu Eulis Saputra, kalayan éksprésif macakeun dongéng

“Sakadang Maung jeung Sakadang Uncal”, dongéng nu ngandung piwuruk ngeunaan hikmah, kawijaksanaan, ulah adigung jeung pentingna silih ajénan. Para santri diajak kalibet milu apresiatif, ngaekspresikeun niron sora tokoh maung  jeung uncal nu aya dina carita.

Pidangan ka-3, ti Ambu Elih, macakeun sajak anu judulna 'Sisi Balong ngagolétak' iasana Yus Rusyana.   Eusina perkawis budak sakola alam harita nu kalintang basajanna tapi sumanget diajarna ngagedur. Eta budak teh diajarna di alam terbuka, malah nepi ka kasarean handapeun tangkal kuciat sisi balong ngagoletak.

Pidangan ka-4, dituyun ku Ambu Nanéng Danéngsih, sesepuh Patrem. Anjeunna maparin tatarucingan Sunda, teu kalangkung sapertos biasa nyiapkeun rupi² bingkisan hadiah pangramé, kanggo sing saha nu tiasa ngajawab atanapi aktif dina ieu kagiatan.

Pidangan ka-5 ti Ambu Nina Rahayu. Anjeunna nuyun para santri dina ngawih pupuh Kinanti, anu judulna 'Basa Urang', guritan Chye Retty . Pupuh anu eusina ngébréhkeun linuhungna basa manusa, ngajak sangkan maké basa Sunda kalayan percéka hadé tur merénah minangka cicirén jati diri urang Sunda.

Pidangan ka-6, ti Ambu Tetti Hodijah, ngagalantangkeun carpondak anu judulna

“Tatarucingan Mang Boim”.

Para santri kagugu kana carita diajak komunikatif.

Ambu Teti, tapis nalar carpon tanpa bacaan, sigana tos napel pisan dina emutan, apal dugi ka koma titikna. Carpon pungkas digalantangkeun.

Pidangan anu ka-7, minangka pamungkas ti Ambu Chye Retty Isnendes. Ngawanohkeun kawih "Bulan-bulan Islam"

Santri saregep pisan, da puguh pangintén aya rasa nu nyambung jeung kabutuh dirina. Nalika kecap jadi hirup, wanoh kana dirina ngajadikeun kagiatan babari diiluanana. Palebah dipentes ngawih langsung apal lagu lagamna.

Kagiatan utama réngsé tabuh 11.15. Parasantri suka bungah nampi hadiah. Sanés hargana nu mawa méwah, tapi kaikhlasan guyub ngiring kagiatan. Masing-masing  dipaparin bacaan oleh-oleh majalah Manglé ti Ambu Yooke, buku tulis ti Ambu Tetty, acuk kaos ti Ambu Nanéng, kantenan ti pribumi.

Nu matak ajrih, pribumi gesit nyiapkeun tuang leueut. Emprak balakecrakan  pasakan olahan hasil kebon sorangan, nu sehat tur nikmat. Diteda di sisi kebon, Dipirig hiliwir angin pagunungan ngajajar rupi-rupi tedaeun, oseng kangkung, karedok, goreng asin, kurupuk, ogé teu hilap lauk pindang emasna nu kacina écona dicocolkeun kana sangu bodas pulen kenging ngakeul dadakan. Sajabi éta tos disiapkeun ku oleh-oleh sayuran hasil tatanen.

Leuwih Ti Saukur Saba Sakola

PASASA ka Rumah Tahfiz Al Fallah téh kunjungan istiméwa. Ieu téh lalampahan budaya, spiritual, literasi, jeung kahirupan. Di tempat nu jauh tina riweuh kota, para wanoja Patrem diajar yén aksara bisa tumuwuh kawas pepelakan: kudu dipelak ku kanyaah, dirawat ku kasabaran, sarta dipanen ku hikmah.

Di tengah héjo Kebun Organik Bumi Mekar Laksana, sastra henteu ngan ukur dibaca atawa ditulis, tapi dihirupkeun.

Lir ibarat taneuh nu subur, sikaturhmi ieu ngantunkeun hiji harepan: mugia binih-binih budaya, élmu, jeung kahadéan nu dipelak dina PASASA, engkéna tumuwuh jadi rungkun hikmah keur generasi nu bakal datang.

“Lamun alam ngajarkeun kasabaran, sastra ngajarkeun perasaan. Lamun silaturahmi ngajait duduluran, maka PASASA ngajadikeun éta sadayana hirup dina hiji pangalaman anu moal gampang ilang.”

#pasasapatrem#


Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...