Penulis: Eulis Saputra
Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
Patrem, nami organisasi
Paguyuban Sastrawati Sunda anu diadegkeun puluhan taun kapengker di Jawa Barat.
Jinekna ngadeg 4 November 1982.
Salahsaurang
panaratasna nya eta Ceu Popong/Dr. (HC) Popong Otje Djungdjunan.
Kamari, Saptu 5
November 2022 di Gedung Geugeut Winda UPI (kapungkur PKM IKIP), dina raraga
milangkalana nu ka-40 taun, Patrem ngagelar rupaning pentas sastra dina wangun
maca puisi, musikalisasi puisi, tarinisasi carpon, dramatisasi carpon sareng
ngaji antologi Surat Penting Pustakawati (50 carpon karya petingan anggotana),
nu dijejeran ku Prof. Dr. H. Yus Rusyana, Dr. H. Teddi Muhtadin, M.Hum., Dr.
Ari Yogaiswara A, M.A., sareng Cecep Burdansyah, S.H., M.H.
Acarana basajan ti
anggota ku anggota kanggo anggota, direuah-reuah ku para paminton karya, mahasiswa Prodi Bahasa Daerah UPI.
Anggota Patrem ti
taun ka taun ngarekahan. Sirung-sirung Patrem tumuwuh ti unggal daerah marengan
kamampuh kreatifitas nulis para wanoja Sunda nu haat kana seni sastra, ancrub
dina wadah organisasi kaSundaan.
Saestuna ieu
organisasi teh dijenenganan Patrem ku Prof. Yus Rusyana, ngandung tujuan tur
harepan sareng palsafah anu anteb maknana.
Seratan teh tiasa
janten senjata nu seukeut. Para Sastrawati Sunda ngagaduhan simbol Imaji pikir
katut rasa anu seukeut pikeun ngebrehkeun sakur pasoalan hirup tur kahirupan
dina seratan-seratan karyana tiasa
maparin pangaruh ka sakur nu maca, lir
Patrem nu dianggo senjata.
Numutkeun Kamus
Umum Basa Sunda, Patrem, asal tina basa Sanskerta nu hartosna pakarang sabangsa
badi (pakarang sarupa peso nu gagangna cengkluk).
Kecap patrem tos
lami ilang dina kancah gunem catur hirup kumbuh masarakat Jawa Barat
sadidinten. Teu dipikawanoh deui yen
dina kamus kabengharan kecap basa Sunda kapungkur aya kecap patrem. Boa ayeuna mah tos moal kaimpleng dina emutan
oge, sumawonna dina fungsina moal arapaleun. Ongkohna deuih pakakasna oge tos teu arang nu ngapimilik, kajabi ayana di
para kolektor khusus pakakas senjata rupaning pepesoan.
Sanjata Patrem
ayeuna tos teu diperyogikeun deui, tos langkung cocog dimuseumkeun.
Masarakat modern
ayeuna ngageser kana senjata modern sanesna luyu sareng mesatna teknologi pajamanan.
Ku organisasi
sastrawati Sunda, ieu Patrem dianggo
janten simbol susuk gelung. Pamageuh sanggul wanoja supados teu udar, tetep
ngagulung endah nambih geulis nu nganggona,
Anu tangtosna
ngandung falasifah nu sae kacida.
Sagala nu aya di
dunya keuna ku obah. Jaman teras robah,
pon kitu deui gerak budayana, nyaluyukeun sareng parobahan.
Ngindung ka waktu,
ngabapa ka jaman.
Simbol Patrem oge
tos teu janten susuk gelung deui.
Ayeuna ieu simbol
nu dibentuk kembang malati teh dianggona diseumatkeun di luhur dada janten
panitik/asesori raksukan kabaya upami aya gempungan organisasi. Sami ieu oge
ngandung siloka. Mangga surahaneun deui.
Manjing dina yuswa
nu ka-40, Patrem aya keneh dikieuna.
Prof. Ganjar
Kurnia, DEA., dina pamapagna netelakeun Patrem minangka organisasi wanoja
Sastrawati Sunda hiji-hijina sadunya nu teu weleh berkarya. Nu tetep nganteng
nyangreudkeun silaturahmi anggotana ku
karya-karyana. Patrem motekar hurip hirup salaku organisasi mandiri di
masarakat komunitasna.
Dina eta
kasempetan ieu Profesor manten rektor
Unpad nu ayeuna janten Kepala Pusat Digitalisasi Pengembangan Budaya Sunda teh
ngoleh-ngolehan ku karyana nu motekar ngarendonkeun judul-judul carpon dina
antologi Surat Penting Pustakawati jadi hiji hal anu narik ati nu dijudulan
" 50 Judul Carpon jadi Puisi".
Sanaos tos sawawa,
Patrem tetep keneh lir mojang nu lungguh timpuh andalemi, antieum nuturkeun
jaman ku kabasajanana. Teu tipoporose ngudag strategi totorojolan hoyong sohor.
Anatapi ngagubrag-gubrag pamarentah nyanggakeun proposal sumbangan.
Anggota Patrem
gasik berkarya nyuguhan pecinta seni sastra.
Dina milangkalana
nu ka -40 ieu teu katawis sumping pimpinan pejabat pamarentahan. Naha ieu
kahanjakal atanapi pamecut kanggo Patrem sangkan langkung soson-soson
ngalindekkan instansi pamarentahan?
Dina erongan visi
misi penulis, jaga Karya nu bakal cumarita. Maparin kakayaan nu ngawarnaan
sajarah budaya literasi, nu euyeub nu nilai-nilai linuhung, sumbangsih ti para
sastrawati wanoja Sunda keur balarea, keur Jawa Barat nu dipikacinta.
Patrem tos
nguniang, nyata karya anggota-anggotana.