TI JEPARA KA MANCANAGARA

Penulis: Eulis Saputra

Dibaca: 109 kali

Eulis Saputra

Ku: Eulis Saputra

 

Dina jaman globalisasi anu pinuh ku parobahan, wanoja téh lir ibarat raga nu keur nangtung di antara dua jagat: jagat kamajuan jeung jagat karuhun. Tapi sabenerna, jalan éta geus lila dipapag ku para wanoja mulya, anu hirupna jadi suluh pikeun generasi saterusna.

Dina sajarah emansipasi  wanoja Indonesia kacatet sababaraha ngaran wanoja-wanoja  mandiri nu inspiratif tur jadi panuyun

Sumanget.

Aya Raden Ajeng Kartini ti Jepara nu hadir  lir cahya anu nembus poékna jaman. Anjeunna sanés saukur lambang emansipasi, tapi ogé eunteung yén élmu téh ibadah, sarta kamerdékaan mikir téh bagian tina amanah Gusti.

R.A. Kartini ngajarkeun yén kaumna kudu pinter, wanoja kudu wani, bari tetep ngajaga diri, adab jeung iman dina unggal léngkah kahirupanana.

Raden Ajeng Kartini mangrupakeun tokoh emansipasi wanoja anu kacida pentingna dina sajarah Indonesia.

R.A Kartini nyongcolang dina mangsa nu hangar, dikuribeng ku pager kakawasaan nu matak nyentug kana angen. Léngkahna heureut katalikung ku tradisi nu ngageri. Tapi, rasa batin, pikir jeung jiwana merdéka ngajomantara, ngapung ngalalana ka manca nagara.

R.A Kartini loba ngirim surat nu euyeub ku pamikiran maju ka sobat sineratna nu aya di Éropa, utamana di Walanda, di antarana:

Rosa Abendanon,

J.H. Abendanon (anjeunna jeung pamajikanana ngarojong Kartini), jeung

Estella Zeehandelaarng

Ngaliwatan surat sinerat éta Kartini ngébréhkeun kamandangna ngeunaan haq jeung kapadulianana kana tradisi budaya nu ngerdilkeun para wanoja.

Eusi surat Kartini kacida jero jeung inspiratif, di antarana:

1. Perjuangan wanoja: Kartini hayang kaum wanoja meunang hak pendidikan jeung kabébasan hirup.

2. Kritik kana adat: anjeunna nyorot tradisi anu ngahalangan kamajuan wanoja (saperti dipingit, teu lalugina ka luar imah)

3. Cita-cita pendidikan: Kartini hayang ngadegkeun sakola pikeun wanoja pribumi

4. Pamikiran modern: anjeunna kagum kana kamajuan Éropa tapi tetep mikacinta budaya sorangan

Surat-surat éta satuluyna engké dikumpulkeun jadi buku nu kawentar "Habis Gelap Terbitlah Terang"

Kitu deui tatar Sunda, sumanget sarupa éta nitis dina diri Raden Dewi Sartika. Anjeunna ibarat mata cai kahadean, ngalirkeun élmu ka para wanoja Sunda,  ngajadikeun sakola minangka tempat nyiar cahya. Dina haténa aya kayakinan yén ngadidik wanoja téh sarua jeung ngawangun umat. Sabab tina rahim awéwé anu shalihah, lahir generasi anu kuat iman jeung akhlakna.

Aya deui Raden Ayu Lasminingrat, anu nyerat lain saukur kecap, tapi nyulam hikmah dina unggal kalimah. Anjeunna ngajarkeun yén kalam téh bisa jadi jalan dakwah, yén kecerdasan téh kudu dibarengan ku kasucian niat. Lir obor dina peuting nu mongkléng, anjeunna nyaangan jalan, sangkan wanoja Sunda teu leungit arah dina kahirupan dunya jeung akhirat.

Dina jaman kiwari, wanoja téh disanghareupkeun kana rupa-rupa ujian: kamajuan téhnologi, kabébasan tanpa wates, jeung godaan dunya anu mindeng ngaapilainkeun adab kasopanan.

Tapi ti para karuhun wanoja éta, urang diajar yén emansipasi lain hartina leupas tina aturan, tapi mampuh nangtung pageuh dina tuntunan agama.

Wanoja Sunda kiwari ibarat awi: bisa melengkung nuturkeun angin jaman, tapi akarna nanceb jero dina taneuh iman. Anjeunna bisa jadi ibu, guru, pamimpin, ogé penggerak kahadéan, tanpa mopohokeun yén dirina téh hamba Allah anu miboga tanggung jawab kana kahirupan dunya jeung akhirat.

Peringatan Hari Kartini lain saukur sérémoni, tapi mangrupa panggeuing jiwa. Yén dina diri unggal wanoja aya cahya Kartini, cahya anu bakal hurung leuwih caang lamun dihias ku élmu, iman, jeung amal shaleh.

Mugia urang sadaya tiasa janten wanoja anu maju dina élmu, lentur dina laku, tur pageuh dina iman. Sabab saéstuna, kamulyaan wanoja lain ukur dina kamajuan dunya, tapi dina kumaha anjeunna tiasa ngajaga diri, kulawarga, jeung agamana.

“Jadikeun wanoja anu caang ku élmu, haneut ku akhlak, tur pageuh ku iman, sangkan hirup jadi berkah, dunya jadi ladang amal, jeung akhirat jadi tujuan anu pinuh rahmat.”

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...