“LALANGSE SASIH PINUH BAROKAH”

Penulis: Ika Kartika, S.Pd

Dibaca: 35 kali

Ika Kartika, S.Pd

Carpon Karya Ika Kartika, S.Pd

(Guru B. Indonesia SMAN 1 Cikijing Majalengka)

 

Lamun teamah pareng, ieu yuswa dugi kamangsana, asanateh bagja anu teu aya babandinganna. Nyorang kadongkapanna estuning reueus, bingah, tur nganti-nganti. Paripaosna bingah kagiri-giri, asa bade kadongkapan bebene anu teu weleh ngait nyantel dina hate.

"Astagfirulloh al'adzim...moal rek dilalaworakeun anjena, ngabuka waktu beurang peuting. Sanes ukuran wakos detik, menit sareng jam deui, tapi estuning sapanjang beurang sareng weungi salami sasasih. Kuring bisa nangkep deudeuh,  kuring rek nembrakeun bogoh, nyaah sareng sono sok sanaos datang mung ukur satahun sakali. Kuring ngancokeun anjeuna dongkap, kuring nadar upami teamah ieu yuswa diparengkeun Alloh dugi pajeueung paamprok jonghok sareng anjeuna.

Ras emutan ngabayang waktos lampah dugi tepang pamprok sareng anjeuna tahun kamari, sok aya rasa hanjelu sareng hanjakal anu teu aya papadana. moal mungkir kana lalaworana  lampah nyarengan waktos anjeuna sok retjeun apilain, padahalmah anjeuna dongkap mapaykeun nyalira ka kuring. Saur paripaos jauh dijugjug anggang diteang dina jangka waktos satahun, anjeuna sabar kurunyung dongkap angkaribung ku oleh-oleh, geusan pangbibingah kuring beurang sareng weungina. Masihan jingjingan anu pinuh kuwaktu anu laluasa, pikeun nembrakeun kasono, galecok ngungkapkeun bangbaluh, mere maweh ka tatanggi, nahan sabar,  ngaderes ngeja qur'an, upami teamah diparipaoskeun kulem oge teu weleh kenging elusan kanyaah anjeuna. tapi geuning kuring teu nyadar...

Teu karaos ieu soca, ngembeng kucipanon seueur karisih sareng karempan, sok bilih anjeuna nyeri hate bari pupustungan, tahun enjing alim nepangan deui ka kuring, atanapi samulihna kuring henteu dipasihan waktos ku Alloh Robbul Ijjati kanggo pendak deui sareng anjeuna.

Tapi tampolana sagala emutan joledarna kuring, sakeudik kapepende, kaubaran upami ras emut kana kasono anu sempet ditembrakeun sok sanaos bari sareng lalawora. Harita sok emut upami pareng dongkap mangsana adzan magrib, ieu manah meuni bingah. Galecok sabumi-bumi disarengan bari sagala dihuapkeun. Sok tara karasa waktosteh, teu acan oge  kahuapkeun sadaya naon rupi anu ti siang mula dikempel-kempel disayogikeun kanggo waktos bika saum, tos kapireng anu adzan isa ti mushola. Tapi da hateteh karasa sugema, sok cul emameun, torolong ngagontoyong ngajugjug mushola, ngalakonan solat taraweh khusus anu janten oleh-oleh anjeuna.

Karaos aya rasa cape mukaan oleh-oleh anjeuna, tapi estuning aya reueus bingah, tur bagja anu teu tiasa kagambarkeun kucariosan, mung karaos kuemutan. Komo upami nuju tibra ngareureuh saatos sasisiang lumampah, pas kagareubahkeun ku anu wawar ti mushola "saur...saur..."sok korejat bae gugah, hilap kana jalan carita ngimpi.

Kuring narik napas panjang, upami tos emut satahun kapengkeur. Sok pirajeuneun ngagerentes dina manah "upami teamah Alloh Robbul ijjati, marengkeun enjing anjeuna dongkap kana kahirupan kuring, kuring moal bade lalawora" kuring baris nembrakeun pangampun, neda pangampura tina kajoledaran hate, kuring seja wakca nuhunkeun pitulung supados geugeut teras saenggoning lumampah dina kahirupan, dijantenkeun watak istiqomah anu soleh anu tiasa ngamanpaatkeun waktos salami anjeuna miang tebih deui, kukasatiaan anu hakiki, anu estuning duguyur kusagara kabingah, kamesra sanaos anjeuna mulang sementawis ka jarak anu anggang.

Mugia gusti ngobulkeun gerentes hate kuring, ngobulkeun harepan kuring. Teu aya kabingah anu diantos-antos, mung dugi ka hoyong enggal tepang sareng anjeuna...romadhon anu janten bayang-bayang dina soca, buah hate anu teu weleh janten papaes hate.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...