“Lara - Bagja”

Penulis: Robby Maulana Asyidik

Dibaca: 27 kali

Robby Maulana Asyidik

Karya Robby Maulana Asyidik 

 

 

Sakolébat bangun baluweng

mana lara? mana bagja? 

mana nyeri? mana asih? 

Malati nu ditiiran sumolondo nurih ati

ari rasa teu ngarumasa najan getih ngabayabah maseuhan lalakon.

Teu bisa kaula manggih asih, teu bisa! duka dimana! 

nepika raga ilang anukrama.

Ratrikala taya papadana

cahaya pamayang kelap-kelip ngajarah sagara

lalaunan cimata lagragan mapag lara.

Bulan kuring nya kamana cahayana?

sekar malati nya kamana seungitna? wijayakusumah nya kamana simana? 

Jungjunan, kamanakeun?

Demi Parvati,

urang yakin panggih deui

panggih deui 

panggih

deui

panggih...

pang...

gih...

 

—Padahérang - Pasir ipis 2026 

 

 

Instagram kuring: @robby.aksararasa

Tiktok kuring: @robby.maulana

 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...