Penulis: Ai Neni Suhaeni, S.Pd.

Ai Neni Suhaeni, S.Pd.
Ku Ai
Neni Suhaeni, S.Pd.
(SMPN
3 Cimalaka, Kab. Sumedang)
Wanci keur carangcang tihang, panon poé ogé tacan
némbongan, kuring geus saged rék indit ka pasar nu rada jauh
ti imah. Biasa rék balanja kaperluan dapur saban poé Kemis isuk-isuk. Greng
motor Mio nu medal taun 2017-an dihirupan, terus kuring diuk dina jok motor.
Biur motor lumpat digas rada tarik. Kabeneran jalan
teu pati macét,
atuh teu lila kuring geus nepi ka pasar,
maksud téh rék barang beuli sabangsaning sayuran jeung kaperluan dapur séjénna.
Jrut kuring turun rék markir motor di tempat anu rada
lega bari aman. Kabeneran aya tukan parkir nu mantuan méréskeun
motor nu geus ngajajar
loba pisan di dinya. “Nyalira Néng?” Ceuk tukan parkir. “Muhun Mang,” kuring
teu loba carita. Blus kuring asup kana antayan jalma réa nu sarua rék pada balanja. Geus biasa ari di pasar tradisional mah pagiling gisik jeung
jeleman téh. Ngan poé ieu mah kacida kerepna jalma anu daratang téh, nepi ka
kurig rada seuseut nepi ka tempat anu dituju.
Sabot leumpang asup ka jero pasar, teu kahaja, rét kuring kana sendal kulit kelir coklat nu ku kuring keur dipaké. Katingali
aya pita kembang
kelir kayas nu mapaés sendal
beulah luhurna. Dumadakan sawangan kuring bet kumalayang, inget
ka hiji ngaran
anu péndék tapi matak matri
kana ati. Kang Panji…. Mun heug kuring inget waktu harita sok ngalamun anteng,
hésé eureun, asa na impian.
Éndah kacida mun manéhna neutep. Matak tagiwur teu
puguh rampa, tapi nineung ku sorot matana anu seukeut ibarat jamparing nu teu
ngajirim nembus kana jajantung. Kang Panji lalaki
anu geus méré harepan éndah
pikeun ngalakonan sagara cinta. Lalaki nu munggaran ngajamparing kalbu,
ngabeungkeut ati. Duka teuing ieu meureun nu di sebut cinta munggaran téh. Da
éta wéh sanggeus kapatri ku Kang Panji, saban lalaki anu ngahaja ngadeukeutan
kuring can aya anu bisa kabagéakeun ku haté kuring, estu bangblas ngaliwat. Sababaraha bulan ka tukang,
waktu harita wisuda, Kang Panji kungsi kedal jangji ngajak ka balé nyungcung ka
kuring. Teu wudu atuh kuring kacida atoh pacampur reuwas kacida. Atohna meureun
kuring mibanda jalma nu bisa maturan hirup beurang peuting, bari tanggung jawab
kana kahirupan kuring. Reuwasna, kuring asa teu percaya sabab kang Panji téh
sakanyaho kuring geus dijodokeun ku kolotnya ka hiji wanoja geulis adi angkatan
kuliahna. Ngan nyakitu, jigana Kang Panji oge teu pati méréan haténa ka éta
wanoja. Buktina saban ngawangkong jeung kuring, kang Panji sok balaka. Cenah
taya deui wanoja ceungceuman iwalti kuring. Ngan teuing atuh, kuring ogé teu pati apal anu sabénerna, naha ngan basa basi wungkul
atawa mémang saujratna kitu.
Ari nilik dina kasuhudanana mah, piraku Kang Panji rék
ngawadul onaman. Nya kuring antuknya boga kayakinan, yén kang Panji bener-bener
rék mikanyaah kuring. Kuring nyakitu deui boga harepan gedé geusan ngahiji dina
kanyataan, teu ngan saukur dina impian, atawa omongan anu tambuh laku.
Cunduk kana waktu wisuda, Kang Panji harita katingali
gagah, awak sembada matak tengtrem mun seug nyimpen sirah dina dadana. Tapi
ngan bati kahayang, nu puguh mah ngalamun jeung ngalamun, najan teu matak
mustahil ari Gusti Anu Maha Kawasa ngidinan mah. Kang Panji maké calana panjang
hideung, kaméja coklat sahéab, buuk nu kulimis dibeulah ti gigir rapih, bari sarwa seungit.
Raray nu katempo
cahayaan mangkak ku kembang
asih tur meleber ku puspa tresna. Tengtrem
ati kuring mun nempo manéhna harita. Rét kuring ka beulah
tukang, katangén ngadeg hiji mojang geulis.“Sayang ...“ pokna bari imut
ngagelenyu dipentangken ka kang Panji. Gebeg ték, kuring ngagebeg satakerna.
Kang Panji nyoara bangun gempeur. “Mmmmh...,“ Sorana kadéngé teu kebat, bangun
anu bingung kacida. Kitu petana moal bisa leungit dina implengan kuring nepi ka kiwari.
Koloyong kang Panji ka gigireun gedong kampus.
Katingalina mah muru toliét. Paneuteup kuring teu eureun nuturkeun ketakna.
Sanggeus nyalingker, katingali kang Panji gugupay ka kuring bari teu nyora.
Sigana mah horéam katohian ku kolotna jeung si wanoja. Bari satengah gura giru,
kuring nyampeurkeun. “Akang pasti datang deui ka Maya! Akang tos kadung neudeun sabeulah
haté ieu. Poma ulah dimomorékeun, sok komo lamun
Maya ngampihan haté nu lian. Antosan
ulah pondok pikir néangan nu séjén! akang pasti datang. Maya percaya ka
akang?” kitu ceuk Kang Panji bari neuteup kalayan geugeut. Ari kuring ditanya
kitu lain ngawalon, kalah ngahuleng, haté beuki tagiwur.
Karasa aya keclak cimata nu mimiti maseuhan pipi. Keur
kitu téh deuih, gebeg satakerna. Calon anu rék dijodokeun jeung kang Panji téh
jol-jol aya gigireun kuring, bari
teu basa teu carita langsung ngajeuwang kang Panji.
Terus dituyun nuju kana riungan kolotna. Puguh wé nempo kitu mah teu
sirikna kuring asa kabéntar
gelap tengah poé éréng-éréngan. Dunya
asa eundeur jiga rék sunami sakeudeung deui. Leketey awak kuring leulues ampir
namru, tuur nyorodcod. Mun teu inget kana temah wadi mah kuring hayang ngajerit
harita kénéh. Untungna kuring masih bisa nyebut Asma Nu Kawasa. “Astagfirullah“
cekéng. Rét deui kuring ka maranéhna. Jelas keur anteb ngobrol gegerendengan
teu pati kadéngé. Palangsiang keur ngupat ka kuring. Tapi kahayang mah ulah
nepi ka kitu. “Ari kuring kunaon teu dilieuk-lieuk acan ku kolot akang,“ cekéng
dina jero haté bari ngarénghap jero naker. Asa pamohalan mun seug kuring bisa
ngahiji jeung kang Panji. Rumasa jauh tanah ka langit antara kuring jeung kang
Panji. Kuring mah teu euyeub ku harta, ngan saukur anak tukang tani bari
sakapeung sarabutan. Ari kang Panji mah anak juragan entéh anu taneuhna
manghéktar-hektar. Kang Panji lir nu
surti, nempo kuring nu satengah nginghak ngeclakkeun cimata. Katangén manéhna
rut rét bangun néangan kasempetan keur nyanpeurkeun deui ka kuring. Teu lila,
gidig manéhna ka kantin kampus, teuing rék naon. “Sayang ...!!!“ Kadéngé aya
sora awéwé ngagorowok. Écés datangna tina riungan kolot kang Panji. “Kring...,
kring ..., kring...,“ sora hapé kuring disada. Tétéla kang Panji. “Maya kadieu
sakedap,“ pokna singkat. Teu talangké kuring nyampeurkeun.
Di kantin, kang Panji ngadeukeutan kuring bari
ngaharéwos.“Maya, dina kaayaan kieu, akang
moal tiasa ngalawan
kahoyong sepuh. Tapi
akang jangji, dugi ka lembur badé balaka ka Ema sareng
Apa yén akang tos geduh
pilihan. Maya kedah yakin, sing percaya ka akang…” pokna nandeskeun. Kuring ukur cicing. Teu bisa
némbalan. Biwir asa baal, teu bisa nyarita. Cimata ngeyembeng teu bisa
dibendung. Sanajan kang Panji méré kado ogé, tapi tetep henteu kaubaran. Ku
nyeri ieu ati, asa diturih ku hinis asih. Dada gudawang asa ditigas pedang
duriat. Tapi kuring ngayakinkeun diri, yén duriat kang Panji tetep maskét ka
kuring. “Abdi permios Kang...,“ cekéng bari indit teu nunggu jawaban manéhna.
Kado sendal kulit kelir coklat nu ku kuring keur
dipaké mangrupakeun hadiah wisuda ti kang Panji
tilu bulan ka tukang, nu katarima dua poé saacan wisuda. Bungah pisan. Lain pédah ku potonganna modis,
tapi kang Panji tétéla
langsung datang ka imah kuring jan 7.00 malem Minggu. Teu weléh
dipupusti-pusti. Mun rajeun dipaké, tara gagabah, dipaké bari apik pisan. Sok
komo mun aya nu nginjeum mah, kuring te mikeun, sabab sendal ieu ngandung ma’na
nu kacida jerona.
Moal aya nu ngartieun iwal ti kuring
jeung kang Panji.
Mémang paméré kang Panji teh lain ngan ukur sendal, ti
mimiti kadaharan nepika pakéan oge remen katarima. Ngan sendal ieu mah béda.
Naon sababna? Harita kang Panji bener-bener neundeun kayakinan ka kuring
ngeunaan rumah tangga jeung kuring nu dipiharep ku manéhna. “Maya, kakasih
akang. Akang jangji geulis..., di mana akang tos bérés kuliah nu kantun wisuda,
akang moal lami ngantos waktos badé ngalamar si geulis,“ pokna tandes. Kuring
ngan ukur unggeuk bari mesem semu éra.
Geus ampir sataun
kuring jadi guru SD nu rada angga ti imah. Ampir sataun ogé kuring nungguan kang Panji. Teu
sirikna unggal poé kuring élékésékéng teu genah cicing nungguan sora nu
keketrok kana panto. Ngan lebeng nepi ka kiwari ogé, taya béja taya carita. Hég
teuing di mana kang Panji ayeuna. Di telepon mah unggal usik. Tapi weléh teu
pernah nyambung. “Piraku nomerna diganti onaman,“ kuring
ngagerendeng sorangan.
“Geuning kieu lalaki mah. Gampang pisan poho kana
sagala nu kungsi karandapan. Gampil ngabangbalérkeun nu
kungsi ngancik dina haté…,” kuring ukur ngagerentes
jeroning haté. Kuring kuciwa, keuheul, awor gumulung minuhan jajantung. Kudu
nepi ka iraha kuring nungguan kang Panji? Hég umur kuring tuluy maju. Kolot
kuring geus nanyakeun waé: “Iraha rék kawin nyai?” Di lembur mah geuning béda
jeung di kota parawan can papasangan téh jadi bahan catur tatangga. Kuring teu
ngeunah loba jalma anu cing gerendeng ngomongkeun kuring. “Jomblo,“ pokna.
Jelas maranéhna mah moal ngartieun masalah nu karandapan ku kuring ayeuna.
Wanci kasorénakeun satutas salat Asar harita, kuring
keur gogoléran di hareupeun tivi bari ngopi bala-bala haneut jieunan ema.
Kuring satékan polah ngahibur diri kumaha baé carana mah sangkan teu loba
pikiran anu merjéngja. Acara tivi ogé ngahaja teu mulih anu film-film anu mata
baper kana hate, tapi anu hampang
bari teu matak loba lamunan.
Celengkeung téh ema ti dapur,
“Nyi, Cép Agus, putra Pa Lurah, nitip salam ka nyai.…” Pokna jiga anu reueus,
bari jiga nu maksa kuring kudu atoh.
“Waalaikum salam. Oh... kang Agus…?” Kuring satengah ngoréjat manteng ka
saurang lalaki nu kurang leuwih tujuh taun ka tukang kungsi ngabandring ati,
ngabéngbat sawangan. Ayeuna muncul deui bari teu disangka sacongo
buuk. Kang Agus lalaki anu kacida bageurna
ka kuring, pangartian, jeung
dewasa najan harita masih sakola di tingkat SMA. Teu ngan ukur kitu, manéhna
ogé katelah pangpinterna. Taya nu sanggup ngéléhkeun kaparigelanna dina widang palajaran.
Teuing cinta monyét, teuing cinta naon, kuringng mah
teu ngarti. Nu jelas mah hirup kuring harita asa pang bagjana lantaran asa aya
si jago nu teu petot-petot maturan bari sok béla. Pangpangna mah manéhna remen
ngajar matéri palajaran nu kuring teu bisa. Komo deui lamun rék ujian, kuring
sok ngahaja ngawanikeun sorangan ulin ka imahna nu rada anggang ti imah kuring.
Hayang diajar judulna mah. Tapi biasa wé aya gerentes hate di satukangeun
diajar. Kitu deui
manéhna sok remen
ngahaja ulin ka imah kuring,
pangpangna mah lamun keur
libur sakola. Ngarana gé anak jalma aya, kang Herman sok barang bawa lamun
ulin. Jeung ema katut apa, manéhna geus teu ragab deui, remen uplek ngawangkong
geus jika kolot jeung anak. Kalan-kalan maksa
kudu mondok di imah kuring.
Ngan anéhna, sakitu sok ngawangkong lila naker, kolot kuring asa
tara kadénge nakon ka manéhna, ari layeutna jeung kuring téh aya pamaksudan
lain atawa henteu. Atawa sahnteuna nanya ka kuring, aya duriat henteu ka
manéhna. Bisa jadi kolot kuring nganggap kuring sosobatan wungkul jeung manéhna.
Mun seug ema jeung apa apaleun naon anu aya di antara
kuring jeung kang Agus, pinasti bakal béda lalakonna. Mimitina
nalika kuring masih di kelas hiji, kuring getol ngiluan
latihan Pramuka. Latihan
nu biasana dibimbing ku guru, diasisténkeun ka murid kapercayaanna. “Gus, pang latihkeun barudak nya ...?! Bapa aya perlu heula ka kantor Kwaran.“ Ceuk pa
Rudi palatih pramuka ka hiji murid nu katingali pinunjul kaparigelanana di
widang pramuka. Pangpangna mah pinunjul dina beungeut. “Mangga Pa, insyaallah.“
Pokna ajrih naker. “Poé ieu aranjeun
moal dilatih ku Bapa, tapi bakal dibadalan heula ku Agus.“ Ceuk pa Rudi daria.
“Oh, ... sihoréng éta jajaka téh ngaranna Agus,“ kuring ngagerendeng sorangan.
Ari ceuk Santi batur kuring mah cenah Agus Andana Wijaya. Ku gagah naker nya
éta ngaran.
Geus kaitung tilu kalina latihan Pramuka dikokojoan ku
kang Agus. Teuing ku naon, ti saprak diamprokkeun jeung éta jajaka, haté
mindeng sumeblak, inget waé, témpo-témpo kuring teu bisa saré. Ieu téh nu
disebut cinta kitu? Tapi kumaha carana sangkan kuring bisa deukeut jeung
manéhna. Sukur-sukur mun kuring lain keur ngarandapan cau ambon dikorangan.
Heueuh ambon sorangan téa disebutna. Tapi asa pamohalan mun manéhna neundeun
perhatian husus ka kuring. Amprok ogé karék sababaraha kali. Bari kuring lain
sasaha, pinter gé hentu. Ngan ceuk pamanggih
kuring mah, nu disebut cinta sajati tara kapianggeuhan, tara aya
kaitan jeung status sosial, tara aya kaitan jeung umur. Kalan-kalan nu beunghar sok raket jeung
nu basajan, kalan-kalan umur jomplang jauh naker,
ogé bisa jadi saumur.
Prung wéh latihan
pramuka dina hiji mangsa dimimitian. Kang Agus deui sihoréng nu ngalatihna. Dasar mimiti
kasengsrem, kuring boga ideu, “Rék ngahaja ngalanggar aturan ah, sangkan kuring
dideukeutan ku si kasép,” cekéng bari sumanget
naker. Bener wé kuring
dihukum ku kang Agus. Kulantaran dihaja, nya kuring dihukum lain sakali dua kali, tapi
saban latihan jeung manéhna, kuring sok ngahaja néangan kasalahan. Nya dihukum
deui. Batur mah sieun ku hukuman kang Agus, kuring mah malah resep pisan.
Lila-lia manéhna jadi apaleun ka kuring. “Resmaya, ke depan,“ cenah nalika rék
ngahukum kuring. “Kamu harus nyanyi di depan teman-teman semua...,“ kang Agus
rada galak. Tapi beuki kasép katingalina ku kuring mah. Soal tembang mah kuring masterna atuh. Remen jawara
tembang ti baheula ogé. Babaturan geus apaleun harita.
Der wéh kuring ngahaleuang “Kenangan Terindah” milik Samson. Nagdéngé
sora kuring, babatuan kaleprok, jiga nu kacida resepna. Ari kang Agus colohok
mata simeteun ninggali kuring. Teuing naon nu aya dina jero pikirna. “Belum cukup ..... Kamu harus
membawakan tembang sunda sekarang…!” Ceuk kang Agus. Kuring ayeuna mah bisa
maca pikiran Kang Agus. Kawasna lain ngahukum ngahukum teuing ka kuring, tapi
jiga hayang ngabandungan deui sora kuring, anu ceuk babaturan mah halimpu. Dina
jero pikir kuring, “Komo atuh dititah ngahaleuang tembang sunda mah. Karesep
kuring pisan. Kuring remen jawara téh pangpangna dina haleuang sunda. Wanda
Cianjuran ogé siap lah.” Der wéh kuring ngahaleuang “Curug Cinulang” milikna
Darso. Kontan atuh nu kaleprok beuki seah. Ari Kang Agus beuki anteb nyaksian
kuring. Kuring apal, manéhna satékah polah nyamunikeun sikep. Padahal kabaca,
resepeun pisan.
Isukna di sakola, kang Herman teu jiga biasa maké
nyampeurkeun jeung nanya sagala. “Mira, damang?“ Cenah bari neuteup seukeut.
Rey karasa asa aya getih seger sumarambah kana sakujur. Terrrrrr
awak ngeleper, lain sieun
tapi bakating ku guligah, geumper,
jeung reuwas pagalo.
Teuing kunanon bet kitu. Kuring teu wani neuteup sabab
karasa asa nyanghareupan panon poé nu mabra nyotrot ka kuring. “Saé Kang, alhamdulillah.“ Ti mimiti harita kuring
beuki deukeut jeung kang Agus. Manéhna ngajak jalan-jalan, joging, atawa piknik
mah geus teu kaitung. Bageur pisan, bro broan barang béré, kawantu anak jalma
aya. Atuh rasa timburu kuring ka manéhna gé beuki remen. Malah sok pirajeunan
kuring ngabaeudan manéhna lamun ninggali babarengan jeung nu séjén. Kang Agus
téh lanceuk kelas nu pada marebutkeun ku nonoman awéwé, boh nu saangkatan atawa
nu sahandapeun. Ngan kuring teu ngarti naha manéhna bet maskét ka kuring?
Kuring bingung campur sedih, nalika aya béja yén kang
Agus rék kuliah di luar nagri. Meureun jauh nya jeung kuring. Kumaha mun kuring
sono. Sabara lila di luar nagri. Kumaha pamustungan hubungan kuring jeung
manehna? Kitu sawatara patakonan kuring nu teu bisa kajawab. Mimitina remen kuring bisa komunikasi jeung kang Agus ngaliwatan sms, telpon, WA, jeung nu lianna. Ngan lila-lia beuki carang, ahirna
eureun salila- lila sabab
sambungan médos jadi pegat. Teuing nomer kang Agus anu diganti, atawa mémang
loba teu diaktipkeun, anu jelas mah timbul dina diri kuring pikiran
goréng, yén kang Agus geus pohoeun ka kuring. Pleng wéh
kuring leungiteun kontak.
Bingung sabenerna mah, naon nu karandapan ku kang
Agus?
Satékah polah kuring mopohokeun kang Agus nu geus
mimiti lebeng di luar nagri. Satekah polah ogé kuring teu goréng sangka. Matak
kitu ge sibuk meureun ngaréngsékeun tugas kuliah. Harepan mah sugan wéh masih
bisa neruskeun deui hubungan mangsa kuliahna réngsé di nagri batur. Ngan kuring
garti, kang Agus mah teu salah. Ngaranna gé kuliah, loba tugas nu kudu
diréngsékeun. Sok komo lamun geus nepi ka ahirnakeun. Kudu nyieun tugas ahir
anu teu gampang. Perlu waktu, tanaga, jeung biaya anu cukup.
Ema mencrong ka kuring salila-lila. “Maya, naha
kalahka ngahuleng diajak nyarita téh? Teu ngareunah awak, nyai?” Kuring rada
kagareuwahkeun.“Eh Ma, apanan
kang Agus téh kuliah di Malayasia. Tos réngsé kitu?”
tanya kuring panasaran. “Nya, pasti réngsé matak mulang ka lembur ogé.
Tadi Ema pasangrok jeung Cép Agus, basa rék indit ka balé désa, menerkeun
KTP Apa.” ceuk ema
deui.
“Aya naon saurna?” Tanya kuring bari angger molongo
kana tivi. “Duka aya naon. Ngan cenah salam wé ka Mira, hoyong tepang.”. “Duh… Gusti. Apan anu salila ieu ditungguan
téh kang Panji. Naha bet kang Agus nu datang?“ kuring angger teu puguh rasa.
Kuduna mah kuring bungah kacida. Apanan kang Agus nu leuwih tiheula ngabébéndé
haté. Kang Agus baheula teu pernah kedal ngajak kuring ka balé nyungcung.
Datang deui kiwari teu rék aya nanahaon. Piraku ngan saukur hayang amprok mah.
“Laaah, teuing ah. Lieur...,“ kuring gegelendenng sorangan.
Blus kuring ka kamar, gubrag meubeubeutkeun awak kana
kasur. Sup leungeun katuhu dikodokkeun kana handapeun bantal, nyokot poto Kang
Panji nu unggal peuting ngubaran kasono nengtremkeun haté. Bari carinakdak, kuring
mudalkeun eusi haté anu pinuh ku rasa kuciwa. Ambek nyedek tanaga midek. Kudu ka saha
muntang saraya keur nepungan kang Panji. Ngan kang Panji nu geus kedal jangji
bari teges rék ngawangun rumah tangga jeung kuring. Naha teu puguh juntrungna.
Lain sapoé dua poé kuring kabaning bangbaluh
ati miharep kang Panji ngetrok panto, najan tengah peuting
jemplang jemplig, kuring siap sadia narima manéhna. Tapi nu puguh
mah ngampleng nepi
ka kiwari taya béja taya
carita. “Dugi ka iraha abdi kedah satia ka kang Panji? Dugi ka iraha
abdi nedunan jangji pikeun satia nungguan kang Panji? Bari jeung anu diantosan
tilem teu béja teu carita…” kuring teu bisa ngabendung budalna cimata. Hayang
ngajerit bakating ku baluweng.
“Tirilik, tirilik, tirilik,“ sora notifikasi WA disada. Ragamang
kuring nyokot hapé nu ngagolér gigireun. “Euleuh geuning bu Hesti kapala
sakola. Aya naon nya
wayah kieu ngontak?“
kuring muka pesen bu Hesti.
“Asww. Bu Maya, …
sertifikat workshop K-13 aya di abdi. Tos tiasa dicandak.” tulisna tandes.
“Wswb. Nuhun pisan Bu Hj.” tembal kuring pondok.
Asa kaingetan dua bulan ka tukang nalika kuring aub
dia workshop K-13 di hotel Puri Khatulistiwa Jatinangor nu lilana opat poé.
Kuring nyawang hiji instruktur nu gandang, perténgtang, pinter pisan, bari
handap asor, Dr. Budi Adnan, M.Si. Dosen kurikulum nalika kuring kuliah, tétéla
paamprok deui. Nyakitu
mun anjeunna méré materi sok karasa anteb
pisan, malapah gedang tur kaharti. Kitu deui nalika
workshop K-13. Pokona
mantap pisan. Saha nu teu resep atuh ka instruktur nu kitu. Sagalarupa ari ditepikeun ku ahlina,
sagala rupa ogé alus hasilna. Di kampus kuring baréto, nya Dr. Dedi minangka
imamna dina widang kurikulum mah. Éta ogé aya nu lianna nu sok ngurus
kurikulum, tap moal nyusul atuh ka Dr. Dedi mah. Nu matak kuring
kacida sumangetna lamun seug anjeunna geus méré kuliah harita.
“Maya, tong dimomorékeun, ieu kasempetan hadé nu arang
langka,“ cekéng dina jero haté ngomong ka sorangan. Kuring ngawani-wani manéh
méré komen hareupeun jalma réa sanggeus anjeunna réngsé mére matéri. Teuing
pédah kuring mindeng ngomong, teuing pédah naon, kuring jadi kacapangan
Dr. Dedi dina workshop harita. Angot ari mangsa kuliah mah, sasatna kuring téh
mahasiswi anu pang dipikanyaahna ku anjeunna. Geus langganan lamun tos réngsé
méré materi kuliah pasti ngomong, “Resmaya, silakan bicara, ...“ pokna bari neuteup. Ari kuring harita, datar
wé lamun anjeunna
kitu peta téh. Na pikiran
gé taya rasa nanaon harita
mah. Éstuning murni ngan ukur diajan anu hadé. Najan Dr. Dedi remen ngontak
neleponan kuring, kuring ngalayanan saayana. Taya pikiran nanaon, sabab kuring
ajrih pisan ka nu jadi guru. Malah aya tilu kalina anjeunna ngajak ngobrol di
kapé. Tapi kuring muji, anjeunna éstuning jujur jeung bener-bener némbongkeun
wibawa hiji dosen. Nu jelas mah loba pisan pangaweruh nu ku kuring katarima ti
anjeunna dina sajoroning babarengan.
Waktu harita workshop, kuring tangtu waé loba
keingetan deui kajadian baheula mangsa babarengan jeng Dr. Dedi. Ditilik-tilik
téh, taya parobahan dedegan jeung pasipatan anjeunna. Estu sarua jeung baheula,
papakéan rapih waé, sok loba humor, teu ngajaga jarak jeung murid, tapi tetep
tegas ngalakonan prinsip-prinsip profesionalime. Pang-pangna mah getol
ibadahna. Nya pasipatan éta pisan nu ku kuring dipikaresep.
“Di mana linggih Maya ayeuna?” Pokna nalika istirahat
tos nepikeun matéri pangajaran. “Masih di Cimalaka, Pa,“ cekéng singkat,
bari tetep kuring
nyimpen rasa hormat ka hiji guru.
“Upami kitu mah, bapa tiasa amengan atuh ka bumi Maya ....“ Ngajenghok atuh
kuring ngadéngé kitu. Dr. Dedi téh banyol atawa serius kitu? Disebut banyol
da anjeunna kapireung imut ngagelenyu nyimpen
maksud nu lain ti biasana.
Disebut serius, piraku da anjeunna guru kuring, rék naon maké hanyang nganjang
ka imah kuring sagala rupa. “Emmmh,
muhun ….,” kuring te kebat nyarita kaburu ditempas deui. “Tong kagét Maya, biasa wé. Apanan Maya ogé masih emut nya kapungkur
nalika sareng Bapa.“ Pokna. Dikitukeun téh lain tenang. Haté kalahka
ngalecok kaditu ka dieu. Asa ditalikung ti ditu ti dieu.
“Muhun, kumaha maksad Bapa téh?” Kuring ngawanikeun
diri, sonagar hareupeun jalma nu dipikaserab. “Nya sanes hubungan guru-murid
atuh Maya.“ Dr. Dedi jiga ngahaja
nyarita maké basa siloka. Beuki
bingung atuh kuring dikitukeun mah. Matak ambigu
mun ceuk basa filsafat mah. Tapi lila- lila kuring ngarti. Tayohna Dr.
Dedi boga haté kadua leutik ka kuring ti baheula. Ngan kakarék kedal ayeuna.
Eta ogé maké sindang siloka. Dasar jalma intelék nya. Kuring kakara engeuh
kiwari, naon maksud Dr. Dedi remen ngajak kuring ngawangkon na telpon,
kalan-kalan ngajak ka kafé mangsa kuliah baheula. Tapi kulantaran anjeunna
jalma anu nyangking étika jeung étikét
minangka insan kaatik
ku sawatara élmu pangaweruh, taya cawadeun dina enggoning padeukeut
jeung kuring. Kacindekanna mah dua
minggu ka hareup, Dr. Dedi rék datang ka imah kuring, rék nembrakkeun maksudna
di hareupen ema jeung apa.
Ti tengah imah, ema ngageroan. “Maya, kadieu nyi ...“
pokna tandes. Hawar- hawar di tengah imah kadéngé loba sora jalma. Kuring noong
tina liang konci. Katempo, aya
pa lurah jeung
garwana dibarengan ku duaan. “Aya
naon pa lurah ka dieu nya?” kitu gerentes téh. Teu lila, blak panto kamar muka. Sup ema asup bari maké karémbong kayas anyar meunang meuli di pasar Kemis
kamari. Kuring beuki héran, aya naon ieu téh? Naha réa jalma? jeung naha ema
maké pakéan anu alus? “Ari ema badé angkat ka mana?“ Kuring panasaran. “Nyai…nyai…!” Ceuk ema, kituna
téh bari gék diuk di gigireun. Gancang
kuring nyusutan cimata. Ulah nepi ka ema nyahoeun kanyeri jeung kapeurih
haté nu kiwari beuki nembus kana jajantung. Bari ngusapan buuk, ema nepikeun yén di hareup aya kang Agus jeung
indung bapana.
“Nyai, badé ngantosan naon deui? Tos puguh geuning
arjuna nyai anu salila ieu di tungguan téh jalir jangji? Ema jeung apa geus
kolot. Isuk pagéto ogé mulang ka Nu Kawasa. Saacan
mulang, ema jeung apa hayang reugreug haté ninggalkeun nyai boga salaki. Ema
jeung apa yakin, Cép Agus mah lalaki anu bisa méré kabagjaan keur nyai. Jung,
ayeuna geura sanghareupan.”. Pokna satengah maksa.
Kuring teu bisa ngomong. Haté asa diturih ku hinis. Hayang ngajerit maratan
langit. Kudu kumaha? Gabrug, nangkeup ema. Kuring bisa ngarasakeun kamelang
kolot ka anakna. Geus waktuna kuring nedunan kahayang kolot. Kuring embung jadi
budak doraka . Moal aya kolot nu téga ngusrukkeun anakna. Kitu deui, kolot
kuring.
“Kang Panji, hampura abdi teu tiasa mupusti deui rasa
asih Akang. Abdi tos teu kiat nandangan sangsara haté.“ Kitu sasaduna kuring ka
kang Panji dibaturan ku keclakna cimata nu teu daék eureun. Ras inget kana
jangji Dr.Dedi anu rek datang dua minggu deui. “Aduuuuuh Gusti, tulungan abdi...“
Rék ngomong naon kuring ka Dr. Dedi lamun jadi anjeunna datang. Padahal
kuring geus muka haté anu suci keur anjeunna. Ret ka ema jeung apa nu geus rérémpo. Iraha deui atuh kuring bisa ngabagjakeun kolot. Satekah polah kuring
kudu mimiti mopohokeun kang Panji, najan beurat kacida.
Geus sabulan leuwih
kuring dipihukum ku kang Agus. Can pernah
karasa aya kakurangan ku matéri. Memang kulawarga kang Agus mah lubak
libuk ku harta banda, bari mibanda kalungguhan nu matak dipikasérab ku balarea, sasatna
pa Haji Mardi, nu jadi mitoha kuring
ayeuna, lurah nu geus
dua periodeu. Kanyaah kang Agus geus karasa pisan ,
salila hirup babarengan. Ngan sok sanajan
kitu, tetep masih
aya nu ngaganjel dina haté jeung sawangan kuring.