"Serat Katineung"

Penulis: Robby Maulana Asyidik

Dibaca: 46 kali

Ilustrasi

Ku Robby Maulana Asyidik 

 

 

Aya honcéwang leuwih hérang manan béntang

ngalayang ting baranang 

aya katineung leuwih ngenclang manan rumangsang

meungkeut pageuh kamelang.

 

Jagat ngahibaran

sagara nu rongkah ku kanyaah sirna

dipapag salaksa malaikat 

asa poék bumi alam

 

Susur-sasar, rus-ras ka mangsa lawas 

kala kasumba ku katresna 

tepung jeung cimata, katineung, kalara.

 

Gebur indung peuting diaweuhan kawih katineung

sora anjeun ting haréwos ngadalingding ringreung 

ngayun ngambing sajeroning alam pikir

linglung kapidangdung saban wanci nu patali.

 

Najan sagara surud 

najan wahangan kiruh

anjeun tetep ngadamaran juru kalbu 

sumono dina tungtung imut hanjelu

 

Peuting ahéng satemenna 

anjeun tayoh ngalangkang ting kuniang 

teuteup geugeut, imut kareueut 

sakotéap kari bugang nu marakayangan 

tapi anjeun geus masinikeun 

jeneng kukupu nu nyiuman gulubur waktu.

 

Palangsiang pasini urang katambias

mungguhing pupusti ‘na panyangking Hyang Widi

anjeun teu palacidra

kaplak-kiplik teup eunteup kumiceup 

sumeleber ngagurat rasa

meupeuskeun kakangen nu gumelar saban peuting.

 

Ema, bapa, séwu hampura 

ieu diri gé apal, urang geus atra aya nu boga 

antara kuring nu ngalalana kénéh di alam marcapada

anjeun nu aya ‘na rangkulan Hyang Cipta.

 

Wilujeng wengi

nun sumuhun bari apun

muga urang bisa tepung jaga di Sawarga Maniloka.

 

—UPI, 20 Méi 2026

 

(ieu sajak kungsi jadi pinunjul 2 dina calagara Nulis Sajak Riksa Budaya Sunda Tingkat Provinsi Jawa Barat, nu di ayakeun di Universitas Pendidikan Indonésia Bandung)

 

Instagram kuring: @robby.aksararasa

Tiktok kuring: @robby.maulana

 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...