AMPLOP

Penulis: Rima Nurkomala

Dibaca: 252 kali

Rima Nurkomala

Karya Rima Nurkomala

(Guru di SMAN 1 Jampangkulon)

 

 

Bener ceuk béja, di nagara deungeun mah usum téh paling loba ogé aya opat. Kahiji spring, kadua summer, katilu autumn, kaopat winter. Tah, ari di nagara urang mah beunghar sagala rupa, nepi ka usum ogé aya jigana sarébu mah. Usum nyawah, usum morekat, usum nguyang, jeung usum nu séjénna. Usum nu pangripuh-ripuhna jang nu jadi salaki mah ngeun hiji. Usum hajat.

Ceuk nu tukang ngawadul mah basana henteu unggal poé mah pamajikan kuring namprak. Leuheung namprak ngabebengkang na kasur mah…heuheuheu. Ieu mah namprakeun dampal leungeun nu pinuh ku sasangaleun. Keur nu jadi salaki siga kuring mah cilaka. Gaji honor jadi guru di SD geus katebak, angkana moal leuwih ti genep digit. Lamun henteu bisnis sampingan jigana moal kabual jang résiko sapopoé ogé.

Jiga poé ayeuna. Pamajikan isuk-isuk geus namprakeun leungeun.

“Pah, artos.”

“Ari Si Mamah pan duit gaji sabulan geus ka Mamah keun kabeh. Naha ménta deui?” Jawab kuring rada héran.

“Ih, Papah pan éta mah jang bekel sabulaneun bari teu cukup ogé dicukup-cukupkeun wé. Kurang kumaha Mamahna sagala dihémat. Batur mah balanja sayur jeung lauk teh ka pasar, Mamah mah hayang lauk jeung sayur teh indit ka sawah nyair sérét jeung ngala daun antanan dina galengan.”

Saméméh curhat papanjangan langsung ku kuring dipotong omongana.

“Jang naon deui atuh, Mah.”

“Yeuh, Pah ayeuna téh bulan Haji. Bulan usumna hajat. Tah, tatangga salembur ogé bérés aya genepna nu rék hajat téh. Aya Mang Junéd rék ngawinkeun budak awéwé panggedéna. Wa Ihat sarua rék ngawinkeun Si Sindi cénah. Mang Kuyuk rék nyunatan budakna da geus arék asup SD can disunatan, éra cénah. Acan deui Bu Nining nu rék mulung mantu da budakna ogé lalaki kabéh, meureun hayang ngasaan hajat. Komo Bu Nining mah pajabat di sakolana ogé pasti sering nyamungan ka batur. Dua deui Ceu Imas jeung Ceu Lilih nu rék ngawinkeun budak téh.” Témbal pamajikan meuni norolang.

Ngadéngé kitu leng sirah ujug-ujug leneng. Ceuk basa budak abégé téa mah ‘oléng kaptén’. Geus kabayang kudu nyadiakeun duit sabaraha jang nyamungan ka genep urang. Beu, diitung-itung lamun saurangna lima puluh rébu kali genep mah jadi tilu ratus rébuna. Pan ieu mah geus aya catetanana dina buku SiDu gambar dinosaurus téa. Saha waé tatangga nu nyamungan jeung sabaraha-sabarahana basa nyunatan budak kuring nu pangleutikna. Teu kasingsal kabéh dituliskeun ku pamajikan. Komo Bu Nining mah da jalma aya mun teu salah mah nyamunganana téh leuwih ti saratus rébu. Leng deui.

“Pah, Papah, ari Si Papah kalah ngahuleng. Mana?” Tanya pamajikan sabari ngoyag-ngoyagkeun leungeun kuring.

“Sabar atuh Mah. Tah aya ogé dina pésak dua puluh rébu, sésa ka Mamah keun. Ké heula nya, sugan jeung sugan aya nu mesen masang K-Vision engké beurang. Doakeun Papah sing loba nu order masang. Tong poho iklankeun na setatus WA.” Jawab kuring bari leneng.

“Pasti atuh Pah didoakeun sing loba nu masang K-Vision.”

Kuring indit ka pagawéan bari rada hulang-huleng. Kabayang kudu getol nawarkeun masang supaya aya jang nyamungan ka genep urang. Lain kunanaon jeung tatangga mah lamun nyamungan saeutik téh sok jadi omong jeung éra panggih. Hadeuh. Kuring rumahuh. Ari keur kieu téh asa hayang hos wé….beunghar.

Ya Allah abdi tulungan. Susuganan di jalan manggih duit sagepok. Atawa papanggih jeung Baim Wong nu keur nyamar jadi aki-aki dina acara Keluarga Bosque da pasti langsung ku kuring ditulungan. Beu édas ieu pikiran jadi ngalantur kamana-mana. Ngimpi!

***

Teu salah Gusti mah. Nu wajib mah usaha da hasil mah kumaha Gusti. Ayeuna geus saminggu ti basa pamajikan ngobrolkeun loba tatangga nu hajat teh. Salila saminggu ieu kuring beurang peuting usaha. Ti isuk nepi ka lohor kuring ngajar luring di imah salah sahiji murid. Beurangna kuring teu cicing. Ieu jempol meuni teu eureun mencétan huruf ngirim iklan ka babaturan. Kabéh dijaprian. Kuring bérés siga pagawé asuransi wé nu keur néangan nasabah. Kaéra disingkirkeun heula wé keur kieumah. Nu pentingmah meunang duit jang nyamungan.

Alhamdulillah geuning aya ogé nu hayang pangmasangkeun K-Vision. Da ayeuna mah receiver biasa mah geus teu bisa diandelkeun néwak sinyal saluran TV. Aya Bu Arni jeung Bu Tati nu hayang masang téh. Lain kunanon, maké receiver biasa mah teu bisa nonton sinetron Ikatan Cinta anu keur booming téa. Jadi kudét cénah lamun ngumpul ngariung jeung guru awéwé nu lain téh. Hadeuh, dasar ibu-ibu. Nya sabalikna bapak-bapak nu hayang masang K-Vision ogé sieun katingaleun Piala Dunia. Tapi keun baé nu penting mah aya cuan ceuk para trader mah.

Poe ieu mah balik téh rada burit lantaran masangna rada jauh. Keur kieu mah dijugjug wé ngarana ogé usaha. Pas anjog ka téras imah pas ngong adan magrib. Kuring gura-giru asup ka imah, langsung nyamer anduk dina sampayan rék langsung mandi jeung wudhu. Bérés ti kamar mandi rap kana baju koko nu nyampai dina kapstok.

Balik ti masjid kuring asa ngalénghoy da puguh ogé ti beurang nepi ka soré can manggih sangu.

Ari pok teh ceuk pamajikan.

“Pah, atos aya artos jang nyamungan téh?” Tanya pamajikan bari rada hariwang sieun can meunang meureun.

Nyel téh amek da puguh lapar mah sok gancang naék emosi teh.

“Geus kana duit waé nu ditanyakeun téh. Lain salaki balik téh buru-buru asongkeun cai. Atuh lamun aya jeung cauna. Sakalian bawa sangu jeung cuwéna. ”Tembal kuring rada amek.

Ningali paroman salaki kitu atuh pamajikan téh gura-giru ka dapur.

Sabérés kuring dahar, kuring langsung ka kamar nyapaan pésak kaméja néangan duit ladang masang K-Vision.

“Tah, Mah meunang sakieu. Cukup meureun jang nyamungan mah.” Omong kuring bari ngasongkeun duit.

“Alhamdulillah Pah, nuhun.” Témbalna meuni bungah.

?ta duit langsung diasup-asupkeun kana amplop nu geus dingaranan. Ari pas amplop kagenep, pamajikan ngahuleng bari nanya.

“Pah, saamplop deui teu kabagéan isina. Mangkaning ieu mah jang nyamungan ka Bu Nining.

Kumaha atuh?” Pokna.

“Ari sugan téh geus cukup. Iraha kitu nyamungan ka Bu Niningna?”

“Bu Nining mah awal bulan Pah. Pangterakhirna hajatna téh.” Jawab pamajikan.

“Keun kaburu sugan gajihan, ari awal bulan mah hajatna.”

Pamajikan seuri bungah. Jongjon.

***

Dina sabulan ieu hampir tiap minggu pamajikan indit nyamungan. Maké baju nu panggindingna bari di make up rada medok. Ngaleut ngabandaleut jeung batur salemur ka imah nu hajat. Lain isuk-isuk nyamungana téh da puguh ari ka tatangga mah sok pasosoré dina poé anggalna.

Balik ti sakola pas poé étamah hampir-hampir ashar loba laporan BOS nu kudu dikerjakun. Pamajikan kasampak berés dandan hadé pisan. Da puguh rék nyamungan ka Bu Nining. Tapi paromana rada kesel ningali kuring telat balik. Kamari geus pok deui ménta duit jang nyamungan. Nu matak kana sirahna gé jangar. Atuh golosor amplop gaji warna bodas nu isina sabaraha lembar téh diasongkeun ka pamajikan.

Sakocépat éta amplop geus pindah leungen. Ku pamajikan dibuka amplopna. Salembar nu warna beureum jeung salembar nu warna biru buru-buru diasupkeun kana amplop nu geus dingaranan. Rada loba puguh ogé da éta mah jang nyamungan ka Bu Nining. Amplop jang nyamungan sup diasupkeun kana pésak gamis belah katuhu. Méh gampang nyokot jigana. Amplop gaji langsung dipésakan ka nu pésak belah kénca.

“Pah, Mamah angkatnya.” Bari sun tangan ka kuring.

“Heug.” Jawab kuring bari ngawaskeun pamajikan maké selop.

Di hareup ibu-ibu rajeg keur nunguan.

***

Usum hajatan geus kaliwat. Kuring diuk dina kursi rotan sabari nginum cikopi hideung. Alhamdulillah, kuring ngagerentes dina haté. Nyamungan bérés, ngalaksanaeun kawajiban ka tatangga bérés, tinggal santuy ceuk barudak téa mah.

Regot kopi diinum. Kacida nikmatna. Bari nyaneut goréng sampeu remuy meunang ngarabut ti kebon.

Pamajikan tadi geus bébéja rék ka toko Haji Odo balanja kabutuhan sapopoé. Jongjon da duit gaji geus dibikeun. Na atuh, teu lila kadéngé sora pamajikan ceurik gagauran. Kuring luncat tina korsi muru sora nu jolna ti jero kamar.

“Mah, kunaon, Mah?” Tanya kuring reuwas.

Kasampak pamajikan ceurik naker bari nyenyekel amplop. Teu benang ditanya.

“Mah, ari Mamah aya naon nyekel amplop gé kalah ceurik lain bungah.” Tanya kuring deui saking ku panasaran.

“Pah, ieu Pah….”

“Enya, naon?”

“Ieu amplop jang Bu Nining.” Tembalna bari ceurik gagauran.

“Terus, nyamungan ka Bu Nining?”

“Pahili Pah jeung amplop gaji.”

Leng dunya asa muter. Kuring langsung nyekel kana sisi risbang. Geus kabayang sabulan kahareup jiga kumaha. Maenya teuing kudu nukeurkeun amplop ka imah Bu Nining.

Cilaka.

***

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...