ANAKING

Penulis: YENI KUSMAYATI, S.Pd.

Dibaca: 64 kali

YENI KUSMAYATI, S.Pd.

Sajak Karya YENI KUSMAYATI, S.Pd.

(Guru B. Sunda SMAN 1 Cikijing Majalengka) 

 

Anaking...

Kabayang keneh dina soca

Basa hidep gubrag ka alam dunya

Teu daya teu upaya

 

 Anaking...

Ema sok teu puguh rasa

Sieun hidep teu katoweksa

Kabawa ku sakaba kaba

 

Anaking...

Teu karasa hidep geus rumaja

Saban waktu ema ngadu’a

Sangkan hidep hirup waluya

 

Anaking..

Ema teu bisa mere harta

Hidep kudu jucung sakola

Bekel hidep di alam dunya

 

Anaking..

Nyuprih elmu nyiar harta

Kudu sajalan duanana

Sangkan urang hirup bagja

 

 

 

 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...