Penulis: Johan

Ilustrasi (net)
Karya Johan
Wanci beurang geus di ganti ku peuting.
Sora tongge're't geus di ganti ku gaang.
Jarum jam geus nepi deui kanu peuting kamari.
Lengkah urang asa bener padahal pagaliwota jeung tatanjakan,
pupudunan, pepengkolan jeung tikungan anu
niruk kana pikiran nu baluweng
Nalika raga keur tafakur.
Nun gusti bentang nu baranang mugia ulah jadi kamelang.
Duh nu agung mugia gunung ulah jadi nu kaduhung
Kasimpe ulah mepende peuting nu anteng