Penulis: R. Siti Nurul Hasanah, S.Pd, M.M.

R. Siti Nurul Hasanah, S.Pd, M.M.
Oleh R. Siti
Nurul Hasanah, S.Pd, M.M.
(Staf
Pengajar SMKN 1 Cikalongkulon)
Ceuk pikir,
lain kudu ganti pamajikanna, tapi meunang kasab heula nu bener. Enya kuring ge
da teu nganggur-nganggur teuing, aya keneh nu sok nitah ngagambar, ngdisen jang
nu boga merek kaos. Jaba pan bunta-bantu di sakola, najan sakola leutik nu
ngandelkeun ti barudak nu mayar espepe mun hayang meunang gajih tiap bulanna
teh. Tapi puguh keur jaman kieu, jaman seuseut. Tong boro pangkat kuring nu
buburuh, mun nyieun gambar lima puluh siki teh teu kabeh kapake ayeuna mah.
Paling satengahna, bari mayarna rada telat.
Tapi asa
nyelek kana hate, mun inget omongan nu jadi indungna barudak, pajarkeun kuring
geus nyerah pikeun ngusahakeun jang nyubadanan pangabutuh kulawarga sapopoe. Malah
nyebut tamelar lamun pareng saminggu telat teu ngiriman. Komo bari teu bisa
balik mah. Pan ngomongna ge, "Wios papah moal mulih mah, asal transferna
weh..." Cenah.
Lamun tea
mah dina enyana kuring deuk ganti pamajikan, moal ka saha deui, enggeus weh milih
si Nana, nu sababaraha bulan katukang ngahaja datang ka Bandung, kajurung ku
rasa sonona. Jaba pan ayeuna mah keur lalagasan, da gening rumahtanggana teu
lila ukur dua taun.
Rerencepan
indit ka Jogja, milih teh poe biasa, da lamun Jumaah atawa Sabtu, pan biasana
jadwal balik. Meneran dunungan anyar, nu sok mere gawean ngagambar, boga otlet
distro di Jogja, ngajak ngaroris tokona, atuh asa mobok manggih gorowong.
Sajajalan bati kumejot hayang ngapungkeun poto, tempat-tempat nu sajajalan
kaliwatan. Tapi nahan-nahan weh. Bisi arapaleun kuring indit ka Jogja, bisi
jadi patanyaan.
Leumpang
mapay-mapay jalan, meureun pedah keur usum korona, jadi teu pati rame teuing.
Ngabejaan
eta ge si Nana lebah-lebahna di mana biasa nagogkeun angkringanna.
Ngan basa keur leumpang, ti kajauhan katingali aya neonsen, bet asa apal
gambarna. Nelek-nelek bacaanna, tembong tulisan "Sego Lego". Enya pan
kuring baheula kungsi diperedih ku si Nana pikeun pangdisenkeun logo jang
daganganna. Leumpang ngagancangan. Geus deukeut, katingali si Nana keur anteng
kana hapena bari diuk. Leumpang lalaunan ngadeukeutan manehna ti tukangeun,
bari mere isarah ka pagawena sangkan ulah geruh ku cara ngantelkeun curuk kana
biwir, barang geus deukeut, semu ngaharewos ditompokeun kana ceulina.
"Wilujeng
wengi, manis," Ceuk kuring, nu diharewosan ngorejat, bari tuluy nangtung
bakating ku reuwas korsi palastik nu keur didiukanna nepika tiguling ngagoler.
Bari tuluy pok ngomong,
"A! Lu
udah nyampe sini...naha teu ngawartosan, pami terang kitu mah..." Teu kebat,
kadon tuluy ngalaan kaca matana, tembong aya nu herang-herang dina biwir
panonna.
"Beneran
gue gak nyangka A lu...bakal sumping ka Jogja A," Ceuk manehna bari
nyusutan cipanonna.
"Asa
teu percanten, ieu sanes ngimpi pan?" Ceuk manehna deui. Kuring nyolongkrong,
nyawel pipina. Rada nyiwit lalaunan bari tuluy ngomong,
"Karaos,
ieu sanes ngimpen nya?" Kuring ngagonjak. Manehna imut, imut nu siga
biasana matak deungdeuleueun. Tuluyna mah jadi uplek ngobrol, ngaguar rasa
kasono duaan.
Panto losmen
aya nu ngetrok, saha deui lamun lain si Nana, da jangjian deuk ngajak ulin poe
ieu. Manehna asup, gek diuk dina sisi ranjang. Manehna nitenan eusi kamar.
Tuluy pokna,
"Kenapa
sih A lu mestisewa losmen?...mening kulem di rorompok," Cenah, kuring
mairan ku imut, bari mukakeun panto losmen nu ditutupkeun ku si Nana tadi basa
asup.
"A
bener lu sekarang ati-ati banget ya...tos robih teu rokenrol teuing,"
Cenah, ditingtungan ku seuri. Kuring mairan ku nyerengeh bari ukur ngangkat taktak.
"Eh
muhun kuring gaduh hutang keneh nya ka anjeun, tilas disen kapungkur, tah
ayeuna mah tong nolak nya," Ceuk Nana bari ngarawu leungeun kuring, tuluy
nyimpen amplop coklat dina dampal leungeun kuring. Kuring bati colohok, bari
ngilikan amplop.
"Buka
weh, pami kirang keneh mah, nyarios nya " Cenahna deui, bari nitah ngitung
eusina. Pas dibuka diitung gening aya kana lima jutana. Kuring melong ka
manehma, nu dipelong api-api ningalian hape. Panon kuring bet karasa panas,
datang tina rasa atoh.
"Kirang
teu?" Si Nana nanya, kuring gogodeg. Puguh leuwih ti cukup, biasana mun
aya nu pangnyieunkeun logo paling ge lima ratus rebu atawa paling gede ge
sajuta satengah. Jaba pan kahadean manehna ka kuring ge can bisa kabales. Ti
jaman bobogohan keneh, sakitu bageurna. Ngiriman duit mah tong dicaritakeun,
komo pulsa mah tiap bulan tara elat. Can mangmeulikeun pakean atawa sapatu anu
merekan.
"Sateu
acan ameng, teu sawios pami nyimpang ka bank heula, bade transfer?" Ceuk
kuring, manehna unggeuk, tapi ngadadak aya nu robah tina paromanna.
"Ayah
dan suami yang baik," Ceuk si Nana semu nu ngagerenyem tapi kuring bisa
ngadenge keneh. Kuring ukur seuri bari dina jero hate mah ngadadak asa aya nu
nyelek.
Bet asa
endah, ulin paduduaan make motor. Komo basa tepi ka tempat tujuan mah. Diuk
sisi basisir Parang Teritis.
"A anjeun geus apal kumaha eusi hate kuring, asana mah, anjeun can
kungsi bener-bener ilang tina pipikiran," Ceuk si Nana, kuring ukur
neuteup. Kadenge deui manehna ngomong,
"Mun Aa
apal, kuring sok teteleponan sareng si Teteh," Pokna deui, ngadenge kitu
kuring ngagebeg. Mencrong manehma nu kadon tungkul.
"Ngobrolkeun
naon pami nuju teteleponan sareng pun bojo?" Tanya kuring.
"Nya
silaturahmi weh A, bari duka nya bet asa hoyong apal ka istri nu tiasa ngiwat
hate anjeun," Ceuk si Nana. Kuring ukur mesem.
"
Na anjeun apal, diantara istri nu kungsi jadi
kabogoh kuring, ukur anjeun nu paling dipikatimuruna?" Ceuk kuring,
manehna melong tuluy unggeuk.
"Terang,
si Teteh kantos nyarios, tapi kuring ge teu apal naha bet nekad sok hoyong
ngobrol sareng tuang garwa," Tembal si Nana bari tuluy tungkul.
Sajongjongan duaan ukur ngajejempe, ukur sora angin nu ngahiliwir nebak
dangdaunan jeung guruhna ombak , nu nganteurkwun budahna ka siai basisir.
Langit geus
mimiti robah warnana, nyemu beureum. Kasedek ku panon poe nu bakal miang
ninggalkeun beurang.
Geus dua poe
teu meunang beja ti si Nana, WAna ge teu aktip. Pesen ti kuring ge teu dibales.
Disampeurkeun ka tempat dagangna ukur aya pagawena nu ngabejakeun si Nana moal
bisa datang. Ari disampeurkeun ka imahna asa teu merean hate.
Kahudangkeun
ku sora hape, ret kana jam geus satengah genep, Subuh kabeurangan, gura-giru
solat. Geus beres solat, tuluy kana hape gening aya pesen ti si Nana, nu unina,
"It's
so ironical! Kuring baruntak rumah tangga alatan nu jadi salaki kabengbat ku
awewe sejen, tapi kuring sorangan bet ngabageakeun anjeun datang deui kana
kahirupan kuring," Sajongjonan kuring bati ngahuleng sanggeus maca eta
pesen. Bet ngadadak asa simpe, sora jarum jam ge ngadadak harus awor jeung sora
keketeg jantung kuring. Teu lila sora hape sisasa deui, gening ti pamajikan,
"Pah
mending uih," Kuring kerung, asa teu ngarti kana maksud pesen ti
pamajikan. Kuringbukur mairan ku tanda pananya, katingali dina layar hape
pamajikan keur ngetik.
"Pami
tos ka Bandung deui, langsung ka bumi nya." Ceuk pamajikan dina WA. Kuring
ngetik jang males pesenna, "Maksadna kumaha Mah?"
"Ke weh
carios panjang lebarna mah, pami papah tos di bumi," Ceuk pamajikan deui, kuring
beuki hemeng. Tapi katingali pamajikan ngetik deui,
"Si
Nana sawewengi teteleponan sareng mamah," Gebeg teh, asa reuwas maca pesen
ti pamajikan nu pamungkas. Tuluy jadi ngalamun, bet asa dosa.
Rusras ka
mangsa mimiti panggih jeung pamajikan, awewe nu basajan, najan lila di kota
cicing di ninina. Awewe rapekan, istri binangkit. Deukeut kana bag-bagan agama.
Pinter nyieun asakan. Sabenerna mah komplit, tapi jadi robah basa diomongkeun
ku nu jadi lanceuk beuteungna, dipajarkeun boga hutang tapi teu inget mayar.
Bari jeung pamajikan mah teu rumasa boga hutang ka manehna,
ari lain ka nu boga warung mah. Eta ge alatan kuring telat ngiriman.
Lamunan
kagareuwahkeun ku sora telepon nu disada deui. Gening ti pamajikan, jaba
telepon video deuih. Panasaran diangkat, singhoreng budak duanana,
"Papah
nuju damel nya?" Ceneh ceuk nu bungsu telenden bari dudah dadah, ari
lanceukna mah ukur imut,
"Muhun
papah nuju damel," Tembal kuring bari dina hate mah ngajerit kudu ngalaman
ngabohong ka nu jadi budak.
"Saul si
Mamah dede mah bade mesel sapedah si plojen, walna bilu," Pokna deui.
"Meserna di mana?" Tanya kuring, tamba weh,
"Meselna,
eh di mana Ka?" Tembal budak nu siga menta tulung ka nu jadi lanceukna,
bari tuluyna deui,
"Pan ke
meselna saleng Papah, si Kaka ge hoyong mesel sapatu kets bodas tea, nya
Ka?" Ceuk budak deui. Bari kuring mah salila ngobrol panon geus karasa
manasan. Nahan piceurikeun.
"Papah
uih nya, pan minggon kamali teu uih," Ceuk budak deui. Kuring unggeuk
ngaenyakeun,
"Muhun
papah pasti uih, antosan weh nya," Tembal kuring. Budak katingali atoh.
Tuluy ngadadahan kuring. Barang hape pareum, teu kaampeuh ku piceurikeun.
Kuring jol nyegruk neueulkeun beungeut kana kasur. Asana mah geus lila kuring
teu kungsi deui ceurik nginghak bari sumegruk, minuhan rohangan kamar losmen nu
ngadadak asa beuki karasa simpena.
Sumber: Iton lalakilangit
CPBS